> From: MRachmat Rawyani
> Sigana upama obrolan teu aya anu 'ngabeberes' bakal teu puguh "ngaleorna" 
> jeung "kontra produktif".
> Ningali tina judulna wae "PEODAL" geus boga pipikiran goreng.

Enya leres Kang Yani, na ngewa-ngewa teuing kana feodal teh, terus 
dipakaitkeun jeung gelar raden sagala. Sistem feodal teh sabenerna mah hiji 
sistem nu mucunghul tina tumuwuhna peradaban manusa. Awal-awalna manusa teh 
ukur kolompok-kolompok leutik, cara hirupna EGALITER pisan. Sesa peradaban 
ieu bisa ditempo di suku-suku nu terasing di Indonesia. Maranehna hirupna 
ampir teu aya tingkatan sosial. Oge tiasa ditempo dina sajarah Islam. 
Masyarakat Arab pra Islam, acan wanoh jeung nu disebut nagara, nu kawasa nya 
kolompok-kolompok suku nomaden nu teu dikawasa ku sasaha. Mayarakat Arab pra 
Islam, masyarakat egaliter pisan.

Kolompok-kolompok manusa akhirna aya nu ngahijikeun, jadi weh Nagara. Nu 
ngahijikeun, nu akhirna jadi pangawasa, mimiti ngabentuk TINGKATAN SOSIAL. 
Kulawargana, jalma-jalma nu boga jasa ka manehna akhirna baroga tingkatan 
sosial anu leuwih luhur. Tah mimiti mucunghul sistem Feodalismeu.

Dina sistem feodalismeu mimiti mucunghul naon disebut ETIKA (norma jeung 
niley-niley).  Ti mimiti etika perang jeung duel tepika etika cara 
barangdahar jeung make papakean.  Para menak (bangsawan) di Perancis, cenah 
nu mimiti nyieun "tata cara" dahar. Dahar, nu sabenerna cukup ku leungeun 
dikorowotan, dijieun jadi "upacara". Make piring, sendok, garpu,  tempat 
nginumna, gelas rupa-rupa ukuranana. Oge dina tatacara papakean. Di Inggris 
waktu diparentah Ratu Victoria (buyutna Ratu Elizabeth) papakean awewe kudu 
sopan, bakating kudu sopan, lain awewe wae, nu kudu dibungkus buni, tapi oge 
sagala suku, kaasup suku meja jeung suku ranjang.

Tah "tetek-bengek" tina feodalismeu teh, tepi ka ayeuna oge sabenerna ku 
urang sok dilakukeun atawa diturutan. Jadi lamun urang teu obyektif nempo 
feodalismeu, ngan ngajejeleh wungkul eta sarua jeung ngajejeleh kalakuan 
urang sorangan!

Teu percanten? Ieu salah sahiji buktina, ayeuna nu kawin pan rata-rata make 
upacara adat nu baheula mah ukur dilaksanakeun lamun menak kawin. Pan 
hartina urang nurutan tata cara feodal lain?

Baktos,
WALUYA





------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke