hatur nuhun, kang Waluya tah ieu nu diharepkeun ku simkuring teh, nambahan 
elmu pangarti pikeun ati-ati dina tekad, pamikiran goreng ka batur, tur 
kaluluhur Urang Sunda.
nuhun, disuhun di dung-dung deui ieu oge...tos kenging Tafisran perkawis 
RADEN/SAYYID, teras PEODAL.

mangga anu sanesna....bilih bade nambihan

baktos
AW
----- Original Message ----- 
From: "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>; "Urangsunda" 
<[EMAIL PROTECTED]>; <[email protected]>
Sent: Tuesday, July 08, 2008 11:25 AM
Subject: [kisunda] PEODAL-->


>> From: MRachmat Rawyani
>> Sigana upama obrolan teu aya anu 'ngabeberes' bakal teu puguh "ngaleorna"
>> jeung "kontra produktif".
>> Ningali tina judulna wae "PEODAL" geus boga pipikiran goreng.
>
> Enya leres Kang Yani, na ngewa-ngewa teuing kana feodal teh, terus
> dipakaitkeun jeung gelar raden sagala. Sistem feodal teh sabenerna mah 
> hiji
> sistem nu mucunghul tina tumuwuhna peradaban manusa. Awal-awalna manusa 
> teh
> ukur kolompok-kolompok leutik, cara hirupna EGALITER pisan. Sesa peradaban
> ieu bisa ditempo di suku-suku nu terasing di Indonesia. Maranehna hirupna
> ampir teu aya tingkatan sosial. Oge tiasa ditempo dina sajarah Islam.
> Masyarakat Arab pra Islam, acan wanoh jeung nu disebut nagara, nu kawasa 
> nya
> kolompok-kolompok suku nomaden nu teu dikawasa ku sasaha. Mayarakat Arab 
> pra
> Islam, masyarakat egaliter pisan.
>
> Kolompok-kolompok manusa akhirna aya nu ngahijikeun, jadi weh Nagara. Nu
> ngahijikeun, nu akhirna jadi pangawasa, mimiti ngabentuk TINGKATAN SOSIAL.
> Kulawargana, jalma-jalma nu boga jasa ka manehna akhirna baroga tingkatan
> sosial anu leuwih luhur. Tah mimiti mucunghul sistem Feodalismeu.
>
> Dina sistem feodalismeu mimiti mucunghul naon disebut ETIKA (norma jeung
> niley-niley).  Ti mimiti etika perang jeung duel tepika etika cara
> barangdahar jeung make papakean.  Para menak (bangsawan) di Perancis, 
> cenah
> nu mimiti nyieun "tata cara" dahar. Dahar, nu sabenerna cukup ku leungeun
> dikorowotan, dijieun jadi "upacara". Make piring, sendok, garpu,  tempat
> nginumna, gelas rupa-rupa ukuranana. Oge dina tatacara papakean. Di 
> Inggris
> waktu diparentah Ratu Victoria (buyutna Ratu Elizabeth) papakean awewe 
> kudu
> sopan, bakating kudu sopan, lain awewe wae, nu kudu dibungkus buni, tapi 
> oge
> sagala suku, kaasup suku meja jeung suku ranjang.
>
> Tah "tetek-bengek" tina feodalismeu teh, tepi ka ayeuna oge sabenerna ku
> urang sok dilakukeun atawa diturutan. Jadi lamun urang teu obyektif nempo
> feodalismeu, ngan ngajejeleh wungkul eta sarua jeung ngajejeleh kalakuan
> urang sorangan!
>
> Teu percanten? Ieu salah sahiji buktina, ayeuna nu kawin pan rata-rata 
> make
> upacara adat nu baheula mah ukur dilaksanakeun lamun menak kawin. Pan
> hartina urang nurutan tata cara feodal lain?
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
>
> ------------------------------------
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
> 


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke