iih kang peryog pisan, kanggo miara nilai-nilai sunda anu disimpen dina kecap 
basa.
perkawis kang Firman Raharja, etamah sakantenan simkuring nganuhunkeun parantos 
ngiringan mairan kana ieu bahasan di milis urangsunda.

Sakantenan bade tumaros, 
Dupi hartosna : "Rakryan - Rakarayan = Rakai" > tina ra - ka- raya - an ; upami 
dina naskah2 Sunda buhun rakryan teh disebat "Rakean"
hartosna naon?

sakitu heula kang,
hatur nuhun.
pun AW

  ----- Original Message ----- 
  From: richadiana kartakusuma 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, July 07, 2008 9:02 AM
  Subject: Re: [kisunda] GELAR BANGSAWAN =FEODAL > HATURAN INGKANG WIRA anu 
BUDIMAN



  Punten ieu teu ngartos, bet aya Kang Firman Rahardja?
  nya upami peryogi perkawis info..nu kararieu...mangga nyarios 
wae...satungtung abdi gaduh mah...mangga.

  Tabe pun
  Ambu Wirumananggay





  ----- Original Message ----
  From: Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]>
  To: [email protected]
  Cc: [EMAIL PROTECTED]
  Sent: Monday, July 7, 2008 8:32:01 AM
  Subject: Re: [kisunda] GELAR BANGSAWAN =FEODAL > HATURAN INGKANG WRA anu 
BUDIMAN




  Katampi...sun. .., disuhun di dung-dung eta seratan Ambu, kang Firman 
Raharja, katampi pisan.
  Serata dina milis ieu, sapalihna kusimkuring di simpen dina Blog : 
http://sukapura. wordpress. com
  janten upami aya tambihan/pendapat katerangan ngenaan sebatan Raden, urang di 
kempelkeun, kantenan upami aya referensinamah langkusng sae.
  mangga kanu sanesna,...
  Hatur nuhun, rampes...
  baktos,
  AW

    ----- Original Message ----- 
    From: richadiana kartakusuma 
    To: [EMAIL PROTECTED] .com 
    Sent: Sunday, July 06, 2008 9:13 PM
    Subject: Re: [kisunda] GELAR BANGSAWAN =FEODAL > HATURAN INGKANG WRA anu 
BUDIMAN


    Ieu mah mung kaleresan nu ku abdi katampi...tapi duka kaango henteu na mah 
teu langkung, nyanggakeun wae kana pangersa
     
    sayaktosna mah Wetan sareng Kulon dina nganggo elar ka-Menak-an teu benten, 
mung saukur ku beda nyebat wae. Upamina di prasasti2 nu ti Wetan sadayana 
bangsawan utamina Mataram Kuno (nu diluluguan ku karuhun Sanjaya "Senna" ti 
Galuh= Ciamis) sok dipayunan ku gelarv "Rakryan - Rakarayan = Rakai" > tina ra 
- ka- raya - an ; upami dina naskah2 Sunda buhun rakryan teh disebat "Rakean"

    Salah sawios buktos (conto): 
    1) Sanjaya dina prasasti ti Mataram disebat Rakai Mataram Sang Ratu         
                        Sanjaya; Sanjaya dina Sunda Buhun disebat Rakean Jambri 
= Ra hiyang Sanjaya 

    2) Ciung Wanara alias Manarah = Rakean Manarah (di Sunda buhun) = Rakai 
Manara     dina prasasti ti wetan...dst.
    3) Gelar "Rahadyan" mah ka-ayeunakeun > sami keneh hartosna mung nyaeta     
            seueur dianggo ku Urang Wetan> teras ka kulonkeun saatos Abad ka 
-17 Masehi         tea (Sultan Agung). Tapi di salah sawios we2ngkon Sunda 
(hilap deui mung                 disebatkeun teh ku Kang Yunan Buana ) > rehna 
di we2ngkon anjeuna "menak2"      teh disebatna "Tohaan" . Gelar ieu teh di 
Sunda mah dilarapkeun kangge raja             diantawisna Tohaan di Sunda 
(Tarusbawa)
    4) aya oge anu disebat "daleum - dalem"  sami sareng di wetan hartosna 
kulakadang      istana keneh mung istilahna "jero"

    Mung nguningkeun wae....hapunten bilih lpat

    Tabe pun ti abdi nu bodo
    Ambu Wirumananggay
     

    ----- Original Message ----
    From: Wirabudiman <wirabudiman- [EMAIL PROTECTED] ac.id>
    To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
    Cc: [EMAIL PROTECTED] .com
    Sent: Sunday, July 6, 2008 4:29:51 PM
    Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] re: Raden-Juragan Pangaruh PEODAL




          -------Original Message----- --
          //---------- --------- --------- ---
          From: firman raharja
          Date: 7/6/2008 2:02:37 AM
          To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
          Subject: Re: [Urang Sunda] re: Raden-Juragan Pangaruh PEODAL



          Punten mairan bari nyalenggor sakedik

          Asana mah raden (=rahadian) the geus dipake Ku menak it wetan it 
baheula keneh
          Dina carita (sajarah) ngeunaan Dewa Niskala, disebutkeun yen manehna 
the
          Nulungan "Raden Baribin" anu kabur ka galuh pedah karajaanna 
(majapahit?) di buburak
          Jadi can aya hubungan jeung panjajah

          Saterusna nurutkeun kuring mah raden (di sunda) 
          Mangrupakeun pangaruh /budaya it wetan
          Anu mahabu di sunda sanggeus sunda kapangaruhan Ku mataram
          Nyaeta sumedang saeunggeus jaman suriadiwangsa (Rangga Gempol)

          Panginten
          ------------ --------- --------- ---//
          Sae-sae, nambihan sajarahna rada ka palih luhur....nuhun. .nuhun kana 
panambihna. 

               
               
               
         







   

Kirim email ke