hapunten ambu, muhun kahilapkeun...
ageung tawakufna...hapunteeen
hihihi...tuman tulas-tulis jeung para akang-akang....heheheh
nuhun parantos di emutan

  ----- Original Message ----- 
  From: richadiana kartakusuma 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, July 07, 2008 5:24 PM
  Subject: Re: [kisunda] GELAR BANGSAWAN =FEODAL > HATURAN INGKANG WIRA anu 
BUDIMAN



  abdi AWEWE (FEMALE), gamparan!
  bet "akang deui...akang deui" GUSTIIIIIIIIIIIII anu AGUNG
  Ambu teh apan "awewe" juag

  Tabe pun
  Ambu  Wirumananggay 



  ----- Original Message ----
  From: Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]>
  To: [email protected]
  Sent: Monday, July 7, 2008 9:17:14 AM
  Subject: Re: [kisunda] GELAR BANGSAWAN =FEODAL > HATURAN INGKANG WIRA anu 
BUDIMAN



  iih kang peryog pisan, kanggo miara nilai-nilai sunda anu disimpen dina kecap 
basa.
  perkawis kang Firman Raharja, etamah sakantenan simkuring nganuhunkeun 
parantos ngiringan mairan kana ieu bahasan di milis urangsunda.

  Sakantenan bade tumaros, 
  Dupi hartosna : "Rakryan - Rakarayan = Rakai" > tina ra - ka- raya - an ; 
upami dina naskah2 Sunda buhun rakryan teh disebat "Rakean"
  hartosna naon?

  sakitu heula kang,
  hatur nuhun.
  pun AW

    ----- Original Message ----- 
    From: richadiana kartakusuma 
    To: [EMAIL PROTECTED] .com 
    Sent: Monday, July 07, 2008 9:02 AM
    Subject: Re: [kisunda] GELAR BANGSAWAN =FEODAL > HATURAN INGKANG WIRA anu 
BUDIMAN



    Punten ieu teu ngartos, bet aya Kang Firman Rahardja?
    nya upami peryogi perkawis info..nu kararieu...mangga nyarios 
wae...satungtung abdi gaduh mah...mangga.

    Tabe pun
    Ambu Wirumananggay





    ----- Original Message ----
    From: Wirabudiman <wirabudiman- [EMAIL PROTECTED] ac.id>
    To: [EMAIL PROTECTED] .com
    Cc: [EMAIL PROTECTED] ups.com
    Sent: Monday, July 7, 2008 8:32:01 AM
    Subject: Re: [kisunda] GELAR BANGSAWAN =FEODAL > HATURAN INGKANG WRA anu 
BUDIMAN




    Katampi...sun. .., disuhun di dung-dung eta seratan Ambu, kang Firman 
Raharja, katampi pisan.
    Serata dina milis ieu, sapalihna kusimkuring di simpen dina Blog : 
http://sukapura. wordpress. com
    janten upami aya tambihan/pendapat katerangan ngenaan sebatan Raden, urang 
di kempelkeun, kantenan upami aya referensinamah langkusng sae.
    mangga kanu sanesna,...
    Hatur nuhun, rampes...
    baktos,
    AW

      ----- Original Message ----- 
      From: richadiana kartakusuma 
      To: [EMAIL PROTECTED] .com 
      Sent: Sunday, July 06, 2008 9:13 PM
      Subject: Re: [kisunda] GELAR BANGSAWAN =FEODAL > HATURAN INGKANG WRA anu 
BUDIMAN


      Ieu mah mung kaleresan nu ku abdi katampi...tapi duka kaango henteu na 
mah teu langkung, nyanggakeun wae kana pangersa
       
      sayaktosna mah Wetan sareng Kulon dina nganggo elar ka-Menak-an teu 
benten, mung saukur ku beda nyebat wae. Upamina di prasasti2 nu ti Wetan 
sadayana bangsawan utamina Mataram Kuno (nu diluluguan ku karuhun Sanjaya 
"Senna" ti Galuh= Ciamis) sok dipayunan ku gelarv "Rakryan - Rakarayan = Rakai" 
> tina ra - ka- raya - an ; upami dina naskah2 Sunda buhun rakryan teh disebat 
"Rakean"

      Salah sawios buktos (conto): 
      1) Sanjaya dina prasasti ti Mataram disebat Rakai Mataram Sang Ratu       
                          Sanjaya; Sanjaya dina Sunda Buhun disebat Rakean 
Jambri = Ra hiyang Sanjaya 

      2) Ciung Wanara alias Manarah = Rakean Manarah (di Sunda buhun) = Rakai 
Manara     dina prasasti ti wetan...dst.
      3) Gelar "Rahadyan" mah ka-ayeunakeun > sami keneh hartosna mung nyaeta   
              seueur dianggo ku Urang Wetan> teras ka kulonkeun saatos Abad ka 
-17 Masehi         tea (Sultan Agung). Tapi di salah sawios we2ngkon Sunda 
(hilap deui mung                 disebatkeun teh ku Kang Yunan Buana ) > rehna 
di we2ngkon anjeuna "menak2"      teh disebatna "Tohaan" . Gelar ieu teh di 
Sunda mah dilarapkeun kangge raja             diantawisna Tohaan di Sunda 
(Tarusbawa)
      4) aya oge anu disebat "daleum - dalem"  sami sareng di wetan hartosna 
kulakadang      istana keneh mung istilahna "jero"

      Mung nguningkeun wae....hapunten bilih lpat

      Tabe pun ti abdi nu bodo
      Ambu Wirumananggay
       

      ----- Original Message ----
      From: Wirabudiman <wirabudiman- [EMAIL PROTECTED] ac.id>
      To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
      Cc: [EMAIL PROTECTED] .com
      Sent: Sunday, July 6, 2008 4:29:51 PM
      Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] re: Raden-Juragan Pangaruh PEODAL




            -------Original Message----- --
            //---------- --------- --------- ---
            From: firman raharja
            Date: 7/6/2008 2:02:37 AM
            To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
            Subject: Re: [Urang Sunda] re: Raden-Juragan Pangaruh PEODAL



            Punten mairan bari nyalenggor sakedik

            Asana mah raden (=rahadian) the geus dipake Ku menak it wetan it 
baheula keneh
            Dina carita (sajarah) ngeunaan Dewa Niskala, disebutkeun yen 
manehna the
            Nulungan "Raden Baribin" anu kabur ka galuh pedah karajaanna 
(majapahit?) di buburak
            Jadi can aya hubungan jeung panjajah

            Saterusna nurutkeun kuring mah raden (di sunda) 
            Mangrupakeun pangaruh /budaya it wetan
            Anu mahabu di sunda sanggeus sunda kapangaruhan Ku mataram
            Nyaeta sumedang saeunggeus jaman suriadiwangsa (Rangga Gempol)

            Panginten
            ------------ --------- --------- ---//
            Sae-sae, nambihan sajarahna rada ka palih luhur....nuhun. .nuhun 
kana panambihna. 

                 
                 
                 
           










   

Kirim email ke