hese sigana mah nyirianana. jamanna nuju usum kiruh. cenah growing
pain tea. kudu heula ngalaman kapeurih dina hartos sagala rusak, da
masih aya dina usumna, turun suharto -sistem dictatorship- teu
langsung beres, malah beuki ripuh. sabab tatatanan atawa sistem nu tos
mapan mangtaun-taun, perlu waktu dirobahna ku sistem nu can aya atawa
can dibentuk sanaos ari merekna mah tos aya, demokrasi tea. ayeuna
masa ngarobah, jadi masih pasolengkrah. eforia tea. mun baheula maling
atawa koruptor teh eksekutif wungkul, ayeuna mah oge legislatif.
basa HMS turun, teu kabayang saha pi presideneun. alatan tos bisa
30taunan. ayeuna perlu nu kuat siga kitu oge, tapi nu langkung jujur.
pamarentah kapayun kudu kuat, tegas tapi jujur & bersih. presidenna
model Ali Sadikin mun aya mah.
rada satuju ka pamanggih batur, bari jeung lieur kumaha carana, eta
teh, cenah kudu dipotong sagenerasi.
mun bade oge, milih calon nu geus beunghar ti awal. sabab aya rumus,
be a rich then a politician.
baktos
mj
On 7/15/08, Wagiman Notorajo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Para nonoman sareng sesepuh Sunda, kumaha upami urang ngawitan
> ngadiskusikeun Nasib Nagara Urang pikeun kahareup dina raraga nyanghareupan
> "pemilu 2009", ulah der salah pilih deui jiga ayeuna jalma-jalma anu dipilih
> kuurang dina tahun 2004 teh geuning lolobana mah koruptor anu boga prinsip
> ngajalankeun 3TA (tahTA, harTA, jeung waniTA). Ampir sakabehna maranehna
> moralna teh bokbrok, boh urang Legislatif (DPR/DPRD), boh Eksekutif
> (Menteri, Gubernur, Bupati/Walikota, Camat, Lurah/Kades, jst), bog Yudikatif
> (Kejaksaan Agung, Mahkamah Agung, jst).
> Alusna mah aya daftar Parpol anu ayeuna wakil-wakilna dariuk di DPR/DPRD
> terus dicirian mana anu korup (sabaraha urang), jadi urang para pamilih
> gampil nyirianana Parpol mana anu ulah dipilih.
> Sanes kitu baraya sadaya?
> Wagiman
>
>
>
>
--
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/