Hayu urang emutan para wargi sadayana;

Kahiji KIBLAT POLITIK.

Dina Warta Kompas kamari dibahas  KAGAGALAN KPU 
pikeun NGURANGAN ANU NAMINA PARTAI POLITIK, hiji
seratan ti ahli politik. (Ceuk Kang EEP SUREEP dina
kompas)
http://www.kompas.com/read/xml/2008/07/15/00402478/negeri.34.partai.politik
Ceuk si kuring NKRI Kiblat Politikna masih teu puguh
tangtungana.
Naha arek NYOKO ka Amerika Serikat? Multi Partey tapi
naha geuning ngan aya dua partai.("padahal manehna
katelah disebut Nagara dedengkot demokrasi").
TEUING TAH.
Atanapi Nyoko ka Eropa/Walanda/Itali anu multi partey.
Asa loba partai, siganamah.
Atanapi bade nyoko ka nagara Cina, NGAN AYA HIJI
PARTAI. (otoriter)
Atanapi bade  ka nagara Arab ANU TEU AYA PARTAI
HIJI-HIJI ACAN 
Nagara anu  henteu sekuler cenah,  teu jiga nagara
urang anu sekuler ceuk sangkaan sababaraha jelema anu
fanatik agama eh fanatik Arab.  Sok geura emutan.

AEH AEH....Dina PEMILU kapayun cenah partey jadi
nambihan ?
Naha atuh bet jadi nambahan partey nya , lain
ngurangan, wah jadi suudzon yeuh,
moal meureun KPU teh nampi atanapi dina nyeleksi  aya
kapentingan "jangka imah"na? 
Apan KPU teh lembaga-2 anu dijalankeun ku
jelema-jelema. Teu lepas ti kapentingan.
Biasana kapentingan Jangka Panjang, Jangka Menengah
ELEH ku kapentingan JANGKA IMAH. Tujuan ideal eleh ku
kapentingan bujal.. Sigana KPK kudu oge neliti tah ka
KPU. (nu nggeus-nggeus ge pan pernah kajadian). Teu
tinu Kertas Suara jeung Tinta Pemilu, atuh tinu 
kelompok jelema anu boga duit jeung hayang manggung
dina poltik,  timana we pan, namina ge usaha  mencari
pendapatan  TI SISI TI GIGIR.
KPU siga anu teu boga visi jeung misi deui, pedah
sababaraha pamingpina nu ti heula loba anu
dijebloskeun ku KPK ka penjara pedah keuna ku pasal
korupsi. 
Soal efesien jeung efektip hanteu namah ayana loba
partei jeung saeutik partei mah, sigana keuna ku
babasaan Maia Estianti,  EMANGNYE GUE PIKIRIN. 
(Nu pentingmah saha wa anu mere komisi ka uing, ku
uing diloloskeun, pan ngarana oge komisi pemilihan
umum sanes ?). Nya heueuh nu kitu teh ngarana CALO
POLITIK.
Moal kitu di negara urang teh loba jelema anu mentalna
mental calo?. 

Nu Kadua : 
Bebenah atuh anu namina Struktur Organisasi jeung Tata
Laksana, Lembaga Nagara, Ti mimiti Mendagri, Gubernur,
Kabupaten, Kota, Camat, Lurah / Desa.  Jeung
Lembaga-lembaga  Tinggi Nagara, (asa loba
Lembaga/Badan anu teu berfungsi deui, ngan kari ngaran
jeung NAMPA GAJIH  pagaawena wungkul, ari pagaweannana
euweuh te kadeuleu deuleu acan jeung teu
kaangseu-angseu acan).
Cik atuh OTONOMI teh upami bade bade sing puguh, upami
moal erek sentralisasi deui? ( kade lain erek dicalana
deui nya)
Maksadna, sistem politik teh kudu sinkron jeung
struktur(nagara) na.
Jasana Mas Amin Rais, anu kiblat(elmu) politikna ti
Amerika Serikat  tah, anu ngagoalkeun ayana
PILKADAL-PILKADAL di daerah-daerah, tapi strukturna
poho teuing teu nyahoeun, teu dirubah heula. Ujug-ujug
jul-jol aya PILKADAL tapi strukturna masih keneh-keneh
kehed make struktur feodal(jaman Mang ATO). 
Kulantaran teu sinkron, nu matak jadi RIBUT DI DITU DI
DEIU, tos jadi kalumbrahan. Ngan untung di JABAR(Urang
Sunda) mah duka seueur GOLPUT, jadi loba jelema anu
teu paduli, duka jelemana seueur anu salabar sareng
saroleh. he.he. TEUING ATUH.

Nu katilu :
Opat Pilhan  Kiblat Politik,  kaleuwihan jeung
kakurangana

1 Kiblat Amrik, enya ideal pisan ngan syareat jeung
syaratna nagara urang kudu robah jadi nagara-nagara
bagian anu leuwih leutik, Jeung politik teh lolobana
jeung fokusna pikeun nguruskeun nagara batur/deungeun,
lain eukeur nagarana sorangan wungkul. Soal urusan
politik di nagarana sorangan mah geus diatur ku nagara
bagian sewang-sewangan.
Sistem jiga kieu teh cocok pisan LAMUN negara urang
teh lain nagara KEPULAUAN, tapi ari nagarana kepulauan
mah asa kacida jeung hese ngaturna(Ku loba-lobana
pulau, aya 17 rebu leuwih, jeung 6 rebu pulow can boga
ngaran ). Nagara Kapulauan ieu bisa di saruakeun jeung
NAGARA KALAUTAN atanapi MARITIM(sanes MAEROT), muhun
maksadna seueur psan Cai Lautna. ( TEUING OGE,  mana
nu bener sih ?).

2. Kiblat Eropa, tah sigana mah ayeuna anu keur
dijalankeun ku Pamingpin-pamingpin politik urang-urang
teh keur ngiblat ka nagara Eropa, siga nagara Walanda,
jeung Italia.  Pokoknama asal aya saeutikna dua jelema
 jeung boga duit loba jeung bisa mayar ka
ormas(organisasi panggangguran tak terlihat)  anu
butuh duit, bisa nyieun anu ngarana partai anyar,
teuing  naon we ngaranamah, misalna Partai Rindu Dara
(PERINDA),  atanapi Partai Gerakan Rindu Randa
(GERINDA) ah SAHEUAYNA we asal BOGA DUIT. « Soal
massa(pengikut) mah ntar juge bise kite cari, IYE kage
? » Ceuk urang Betokaw.
    
3. Kiblat Cina, tah saeunyana kamari sistem anu
dijalankeun ku Mang Ato marhum tea siga pisan anu
eukeur dijalankeun di RRC atanapi di nagara KUBA
ayeuna,  ngan aya hiji partai, jeung ngan hiji-hijina
anu berkuasa, nyaeta PKC (Partai Komunis Cina) atawa
PKK (Partai Komunis Kuba).  NGAN ari baheulamah di
nagara urang jaman Orba ditambihan IMPLIK IMPLIKNA
partai PENGGEMBIRA, nyaeta PDI jeung PPP. (tambah sepi
meureun,  pikeun katingali yen Negara urang  the masih
asup ka golongan nagara demokrasi tea). Soal anu
berkuasa jeung anu mingpin mah tetep suretep nyaeta
Partai Karya Indonesia (naha disingkat jadi GOLKAR
nya?  Ongkoh Partai tapi  Golongan meni paradox, siga
alergi pisan tah kanu ngarana partei teh) 
Inget pisan euy jaman  harita mah aya we penduduk anu
macem-macem, demo itu demo ieu, penjara!!! asupkeun ka
OT !! (organisasi tersiksa),  paling sial mun geus
dicap eP Ki  aI,  wah watir pisan.  Paeh henteu, hirup
kasiksa ku stigma eta, ti akina nepi ka incu dina
KATEPE dicap OT.  (sanes OOT).

 4. Kiblat Arab, tah dina sistem ieu mah teu aya tah
nu namina Partai Politik teh,  aya oge meureun ULAMA
jeung UMARO.  Umaro meureun nu ngarana RAJA tea, jeung
ULAMA nu namina MUFTI tea, MEUREUN ETA OGE DAN ACAN
PERNAH NGANJANG KA  NAGARA ARAB. (Cikan anu geus ka
Arab ngadongeng kadinya)
Sareng TEU AYA nu namina PEMISAHAN KEKUASAAN, ka tilu
bagian nyeta Eksekutif, Legislatif, jeung  Judikatif. 
Nu pentingmah warga asal KAJAMIN lahirna ti mimiti
BENSIN nepi ka TKW.  Pokonama sagalana kajamin,  teu
perlu sakola-sakola acan, lah da keur naon sakola oge
atuh ari sagalana dijamin mah. Mayar pajak?  PUNTEN.
Numatak pendudukna loba keneh nu Jahiliah  nepi ka
ayeuna pisan( muhun jahil teh bodo bin belegug  tea
sanes?).. Duka ti jaman iraha..  

No Kaopat:
Jadi kiblat anu bener bade ngiblat kamana atuh? Mangga
nyanggakeun ka sadayana, sapemendakna masing-masing.
Upami teu lepatmah, kantos diguar ku Agan Edi NuGraha.

Bakstos
mz


--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> hese sigana mah nyirianana. jamanna nuju usum kiruh.
>  cenah growing
> pain tea. kudu heula ngalaman kapeurih dina hartos
> sagala rusak, da
> masih aya dina usumna, turun suharto -sistem
> dictatorship- teu
> langsung beres, malah beuki ripuh. sabab tatatanan
> atawa sistem nu tos
> mapan mangtaun-taun,  perlu waktu dirobahna ku
> sistem nu can aya atawa
> can dibentuk sanaos ari merekna mah tos aya,
> demokrasi tea. ayeuna
> masa ngarobah, jadi masih pasolengkrah. eforia tea.
> mun baheula maling
> atawa koruptor teh eksekutif wungkul, ayeuna mah oge
> legislatif.
> 
> basa HMS turun, teu kabayang saha pi presideneun.
> alatan tos bisa
> 30taunan. ayeuna perlu nu kuat siga kitu oge, tapi
> nu langkung jujur.
> 
> pamarentah kapayun kudu kuat, tegas tapi jujur &
> bersih. presidenna
> model Ali Sadikin mun aya mah.
> 
> rada satuju ka pamanggih batur, bari jeung lieur
> kumaha carana, eta
> teh, cenah kudu dipotong sagenerasi.
> 
> mun bade oge, milih calon nu geus beunghar ti awal.
> sabab aya rumus,
> be a rich then a politician.
> 
> baktos
> mj
> 
> 
> 
> On 7/15/08, Wagiman Notorajo
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Para nonoman sareng sesepuh Sunda, kumaha upami
> urang ngawitan
> > ngadiskusikeun Nasib Nagara Urang pikeun kahareup
> dina raraga nyanghareupan
> > "pemilu 2009", ulah der salah pilih deui jiga
> ayeuna jalma-jalma anu dipilih
> > kuurang dina tahun 2004 teh geuning lolobana mah
> koruptor anu boga prinsip
> > ngajalankeun 3TA (tahTA, harTA, jeung waniTA).
> Ampir sakabehna maranehna
> > moralna teh bokbrok, boh urang Legislatif
> (DPR/DPRD), boh Eksekutif
> > (Menteri, Gubernur, Bupati/Walikota, Camat,
> Lurah/Kades, jst), bog Yudikatif
> > (Kejaksaan Agung, Mahkamah Agung, jst).
> > Alusna mah aya daftar Parpol anu ayeuna
> wakil-wakilna dariuk di DPR/DPRD
> > terus dicirian mana anu korup (sabaraha urang),
> jadi urang para pamilih
> > gampil nyirianana Parpol mana anu ulah dipilih.
> > Sanes kitu baraya sadaya?
> > Wagiman



      

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke