solusi jeung paradigma anyar :

ajeg nerapkeun paham kanagaraan.

--> balikeun kadaulatan kana leungeun rahayat
pemilu lain ukuran demokrasi , jaman orba oge pemilu aya tapi otoriter
indikator demokrasi oge lain ngan saukur ku ayana presiden, DPR, MA jeung
lembaga nagara
sanesna, sabab di nagara komunis oge anu kitu mah aya

--> pemilu
kudu dijamin minangka sarana transfer kakawasaan luhur nu jadi dipiboga ku
rahayat
dina ngatur nagara jeung pihak nu dipercaya. nyoblos dina kampanya (kontrak
sosial)
sareng program pamarentah sejenna mangrupa kasatuan nu sagemblengna.
Hartosna
nu dijanjikeun dina pemilu kedah jenaten program pamarentah.

--> Hak-hak dasar dijamin ku nagara
hak-hak dasar WN diatur ku UUDasar lain pamasihan ti pamarentah, namung
bawaning lahir manusa
. Ku sabab eta kalengkepan demokrasi kayaning partai. presiden, dpr MA
birokrasi sareng sadaya
lembaga nagara teu kenging nga distorsi malahan kudu ngajaga hak-hak eta

gerakan rahayat :
tijurahrohna nagara kamungkinan nana tiasa dinormalkeun deui ku ayana
pamingpin anu boga solusi
jeung paradigma anyar sarta ninggalkeun cara-cara nu heubeul anu nyababkeun
tijurahrohna nagara.
mun aya perubahan tong dugi ka ngajantenkeun "pertumpahan darah" sabab anu
neraskeun kakawasaan
oge ti lingkungan maranehna keneh. (motong generasi tidak lagi
berdarah-darah)

rahayat kudu aktif naroskeun ka calon presiden solusi naon anu engke
disiapkeun mun kapilih.
mobilisasi saloba-lobana rahayat ngarumuskeun kontrak sosial nu saluyu jeung
lingkungan masing-masing
kontrak sosial  ieu diangge sarat capres lamun hayang didukung ku
masing=masing lingkungan
- ku sabab eta partai jeung calon presiden "dipaksa" nampilkeun capes anu
bener-bener gaduh solusi
nu engkena keur tagiheun rahayat lamun presiden jalir jangji
- gerakan rahayat oge keur "maksa" partei-partei nempatkeun etika keur
elemen dasar utama dina politik
sanes mung sakadar masalah sah atanapi teu sah sacara hukum maranehna
partai-partai anu geus nyata
gagal jeung teu boga konsep anyar anu ngautamakeun kapentingan rahayat jadi
kedah ngagaduhan
prinsip "boga kaera"


teori abah oman hampir sami sareng pidatona mbah kusno nu kasaksen ku ibu
inggit waktos
aranjeuna can resmi nikah (roman Ramadhan KH 1981 kuantar ke Gerbang) yen
kulantaran
kuatna desakan magma ti jero gunung kelud, gunung kelud teh bitu
dina palebah kaayan choooos...omat ulah deui aya pertumpahan getih.... sabab

urang-urang keneh, maranehna-maranehna kenah nu kawasa teh...
tim-tim jeung ina geus sapuk moal ningali ka tukang , kumaha di imah
sorangan ?

kitu oge ieu gerakan rahayat uih deui kana sabaraha badag eta tekenan
perubahan

da biasana nu tos ngaraos "merenah" kanyataan nana mah tara paduli kana
nasib nu leutik

wasalamualaikum salam,



On Thu, Jul 17, 2008 at 1:20 PM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Sok sanajan hate beuratm tapi kuring sapuk kana pikiran Mj. Dina teori
> sosiologi (jeung ekonomi, antropologi, jsb) memang cenah aya hiji
> teori anu jadi kayakinan sabagean gede ilmuwan anu pakait, anu asalna
> tina elmu eksakta, khususna kimia (thermodinamika. Aranna: dissipative
> structure. Anu mimiti manggihan ieu teori teh ilmuwan urang Belgia,
> aranna Ilya Prigogine, anu kenging hadiah nobel kimia tahuan 1977.
>
> Ceuk eta teori, atawa dicutat bagean anu aya hubunganana jeung
> struktur sosial, hiji struktur (sosial) anu leuwih tohaga kudu
> ngaliwatan heula kondisi chostic atawa kacau balau tea. Dina gambaran
> Mj: kudu dipotong heula sagenerasi mah. Pedaran leuwih jero ngeunaan
> ieu teori tiasa nujul ka, diantarana, Wikipedia:
> http://en.wikipedia.org/wiki/Dissipative_system jeung
>
> http://en.wikipedia.org/wiki/Self-organization#Self-organization_in_human_society
>
> Teu rek kitu kumaha, lamun kaayaan kahirupan bangsa Indonesia
> diibaratkeun jam dinding anu aya babandulan; jeung kaadilan atawa
> kasantosaanana diibaratkeun bandulna eta jam, mangka si bandul teh
> geus sasar atawa geus ngayun ka beulah kenca salila 32 taun lilana.
> Pikeun balik kana kasatimbanganana wae diperlukeun waktu - anu
> normalna - 32 taun. Tacan waktu keur ngagayuh kana
> kasantosaan/kaadilan - minimalna - sakumaha nagara2 makmur tur
> tengtrem di dunya ayeuna - perlu waktu saeutikna 32 taun deui.
>
> Anu jadi patarosan dina hal ieu sauetikna aya dua hal:
> 1) kira-kira laku individual jeung masyarakat anu kumaha anu bisa jadi
> akselerasi gerak bandul sangkan henteu nepi ka merlukeun 60-70 taun
> pikeun nincak atawa aya dina track kasantosaan?
> 2) lamun akselerasi tetep teu bisa ditawar (teu aya jalan keur
> akselerasi, kudu natural wae sakumaha bandul jam, naon anu matak
> nyehatkeun anu bisa dilakukeun ku manusa-manusa/urang/generasi anu aya
> dina alam gerak bandul ka jihat kasatimbangan (masyrakat dina mapag
> mangsa- diulah-ulah oge - chaostik)?
>
> mangga ka sadayana, diantos "pencerahanana".
>
> baktos,
> manAR
>
>
> On Wed, Jul 16, 2008 at 12:49 PM, mj wrote:
> > hese sigana mah nyirianana. jamanna nuju usum kiruh. cenah growing
> > pain tea. kudu heula ngalaman kapeurih dina hartos sagala rusak, da
> > masih aya dina usumna, turun suharto -sistem dictatorship- teu
> > langsung beres, malah beuki ripuh. sabab tatatanan atawa sistem nu tos
> > mapan mangtaun-taun, perlu waktu dirobahna ku sistem nu can aya atawa
> > can dibentuk sanaos ari merekna mah tos aya, demokrasi tea. ayeuna
> > masa ngarobah, jadi masih pasolengkrah. eforia tea. mun baheula maling
> > atawa koruptor teh eksekutif wungkul, ayeuna mah oge legislatif.
> >
> > basa HMS turun, teu kabayang saha pi presideneun. alatan tos bisa
> > 30taunan. ayeuna perlu nu kuat siga kitu oge, tapi nu langkung jujur.
> >
> > pamarentah kapayun kudu kuat, tegas tapi jujur & bersih. presidenna
> > model Ali Sadikin mun aya mah.
> >
> > rada satuju ka pamanggih batur, bari jeung lieur kumaha carana, eta
> > teh, cenah kudu dipotong sagenerasi.
> >
> > mun bade oge, milih calon nu geus beunghar ti awal. sabab aya rumus,
> > be a rich then a politician.
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke