Sampurasun..
Ngiringan Kang Maman+ baraya Sunda

Lamun tiasa mah urang ngawangun kiblat politik tong nurutan batur wae atuh. 
Komo bari jeung nurutan teu bener mah ruh politikna; saperti money korupsi deel 
el...
Ceuk kuring mah ngiblat politik ka Amerika teh geus teu jaman...
Amerika sorangan masih keneh "RASIS" alias pilih pilih.
Sok ayeuna lamun dibandingkeun jeung kaayaan diurang, sisi kamajuan pulitik 
alus keneh di urang. Ngan tina sisi   akibat  kaputusan politik masih keneh 
goreng di urang. Lamun Amerika maju .... wajar  da geus kahot pisan...Ari 
indonesia mah  masih keneh  balita  dina demokrasi na oge, jadi wajar lamun 
bubudakeun keneh....
Di Indonesia mah .Ti taun 1945 geus aya                                         
                    

Presiden Awewe, ayaa...ibu Mega     
Presiden minoritas aya ..BJ Habibie
Presiden Dibunuh perlahan, aya. Sukarno ....( alm) Ceuk Sakaol ...Pasti dibantu 
Ku CIA
Presiden Teu sampurna Socana, aya .. Gusdur (Al Mukarrom0
Presiden Anu diagungkeun jeung Pang Lilana... aya... Suharto..( Alm)
Presiden dipilih Langsung, aya ...Yudhoyono dan Yusuf Kalla
Presiden  di-impeachment ( dipecat ), aya ...Gusdur ...(al-Mukarrom)
Presiden tina partai leutik, aya .. Yudhoyono...


DI AMERIKA ti TAHUN 1776 can aya ...

Presiden Awewe,  kaburu eleh ku Obama     
Presiden minoritas cana Aya..........kakara arek Aya Obama, bari jeung 
diisukeun Muslim.
Presiden Dibunuh perlahan, Teuing atuh  can apal  tapai ditembak mah John F 
Keneddy ( nu nembak benernamah can kapanggih, aya ogenan anu disangka nembak. 
Sakularwagana dipaehan.....
Presiden Teu sampurna Socana, Can  Aya atuh.............
Presiden Anu diagungkeun jeung aya  ....ngan paling lila   8 Tahun. 
Presiden dipilih Langsung, can Aya ..aya ogenan dipilih dina konvensi samemeh 
dipilih kunu sejen...
Presiden  di-pecat  aya Andrew Johnson....
Presiden tina partai leutik, eueweuh  atuh di AS mah kudu Majoritas terus ....

Tah jadi kasimpulanana, ceuk kuring anu bodo, Indonesia  bakal jadi Negeri 
Muslim terbesar anu jadi Kiblat Demokrasi  ....lamun teu kaburu diintervensi ku 
Amerika..

Cag heula, ....
Nuhun kasadayana....


   Dedi Turmudi
   


----- Original Message ----
From: Maman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, July 17, 2008 8:57:51 PM
Subject: [kisunda] Kiblat Politik


Bah Kusno alm, kiblat politikna kantos
nyerempet-nyerempet ka nagara Blok Komunis dina zaman
harita. Sababna bakat ku BELA jeung NYAAH ka nu namina
rakyat nu matak muncul AMPERA sareng MARHAEN, teu
resep pisan jeung ijid siganamah ka nu namina
Kapitalisme sareng Kolonialisme. Kitu oge Bung Hatta
alm, nyaah jeung deudeuh pisan ka rakyat alit teh,
mung benten pamadegan dina SEMANGAT sareng milih
metode kanggo ngabela sareng majukeun rakyat alit. Bah
Kusno mah nganggo cara revolusioner sareng
ber-api-api, ari Bung Hatta mah nganggo metode
ekonomi; sistem koperasi.

Emut pan saparantosna kajantenan bom hirosima, nyaeta
runtagna nagara-nagara anu make sistem fasis, sepertos
nagara german, itali jeung jepang eleh perang, teras
we dunia teh pan kabagi ku dua kutub politik nyaeta
blok komunis sareng blok kapitalis.
Saparantosna Mang Ato alm, manggung ceunahmah nagara
urang teh teu ngiblat ka mana-mana, nyaeta Non Blok
tea (nu saeunyana ide ieu teh hasil pamikiran Bah
Kusno?, sanes Mang Ato, duka tah)
Anu jelasnamah eunya ari sareatnamah nagara urang teh
pendiri non blok, ngan ari dinu prak-prakan nanamah
leuwih condong ka nagara kapitalis, nyaeta nagara anu
mentingkeun MODAL pikeun ngawangun nagara.

Nya kantos sukses ku cara jeung jalan nganggo sistem
kapitalis teh, mung hanjakal konsetntrasi ekonomi
seueur ngulibek ka akew atanai babah cileuhan, buktina
wae harita BCA bank anu pang ageungna sa Asia Tenggara
mangrupikeun Kongkalikong kaluarga Cendana sareng
Babah  (saha nya hilap deui namina).

Tah upami ayeuna, kiblat politik urang naha masih bisa
nempo kajero keneh?

Apan aya katerangan dina ayatna, yen moal bisa hiji
umat ngarobah nasibna lamun umatna sorangan anu bisa
ngarobah nasibna.

Baktos.
mz

--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

> Bah Kusno loba kailhaman ku Tatar Sunda. Pa Djuanda
> sasatna hasil
> didikan Otista. Sigana hade pisan lamun dikawinkeun
> antara Bah Kusno
> anu nasionalis pisan jeung Otista anu boga konsep
> (bari dina hiji
> waktu geus dipraktekkeun kalawan sukse) nasionalime
> anu ngakar.
> 
> manAR
> 
> On Thu, Jul 17, 2008 at 12:25 PM, Ema Sujalma
> <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> > Kedahna mah nuturkeun Bah Kusno sareng Mang
> Djuanda bae nu "nempo ka jero"
> > ngiblatkeun nagarana sorangan. Hebat ITB, Bandung,
> Tatar Sunda nu bisa
> > "encourage" aranjeuna.
> >
> > tambihan sakedik "nempo ka jero" bari teu ngiceup.
> >
> >
> >
> > On Thu, Jul 17, 2008 at 9:05 AM, Tirta widjaja
> <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> >>
> >> Kiblat politik ayeuna mah jelas atuh ka Amrik da
> loba nu  ti Ohio. Kang
> >> Eep ge mun anggeus S3na jadi anggota mafia Ohio.
> Tapi kahareup bisa rame mun
> >> PKS loba di eksekutif kiblatna bisa ka Timur
> Tengah pan seueur alumni
> >> tidinya.
> >>
> >> Kedahna mah nuturkeun Bah Kusno sareng Mang
> Djuanda bae nu "nempo ka jero"
> >> ngiblatkeun nagarana sorangan. Hebat ITB,
> Bandung, Tatar Sunda nu bisa
> >> "encourage" aranjeuna.
> >>
> >> salam
> >> Jalak Pakwan
> >>
> >>
> >> ~ experientia docet sapientiam ~
> >>
> >> ----- Original Message ----
> >> From: Maman <[EMAIL PROTECTED] com>
> >> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> >> Sent: Wednesday, July 16, 2008 17:20:28
> >> Subject: Re: [kisunda] Nagara Urang ka payun bade
> kumaha Agan, Euceu
> >> Akang, Teteh?
> >>
> >> Hayu urang emutan para wargi sadayana;
> >>
> >> Kahiji KIBLAT POLITIK.

    


      

Kirim email ke