> From: Dedi Turmudi
> Sok ayeuna lamun dibandingkeun jeung kaayaan diurang, sisi kamajuan
> pulitik alus keneh di urang. Ngan tina sisi akibat > kaputusan politik
> masih keneh goreng di urang.
Aya nu kudu dileungitkeun dina sifat bangsa urang teh, SIFAT DELEKA. Tadi
isuk2 dina radio Elshinta, kuring ngadenge wawar, cenah ati-ati lamun
ngaliwat make kendaraan (pangpangna motor) di jalan-jalan tertentu di
jakarta, sabab loba "ranjau" paku ti tukang tambal ban. Keur nu tumpak
motor, ieu bahaya pisan, sabab ban motor hareup bisa bitu ngadadak, motor
bisa ngajungkel. Lamun tarik bisa tatu parna atawa tepi ka hanteuna. Ieu
kalakuan anu ngabahayakeun batur, di Indonesia mah dianggap hal nu
biasa-biasa wae. Tong boro ku hukum postitif (dipidanakeun ka pangadilan)
sanksi sosial ti masyarakat wae teu aya .....
Jeung loba deui kalakuan nu nunjukkeun sifat deleka ka batur di masyarakat
urang gede pisan. Contona dahareun dicampur jeung formalin, Miras nu teu
kakontrol kadar alkoholna dijualan, lamun perlu digigireun sakola. Jalan
saarah, keur tukang beca mah teu "berlaku", noyod we ngalawan arus
lalulintas. Para supir mobil gede (treuk jeung beus), jadi "Para
Diktaktor" di jalan raya ...jrrd. Nu nunjukkeun sabenerna boh elite politik
atawa masyarakat biasa, boga "kecenderungan" nu sarua, deleka ka batur, asal
untung keur sorangan.
Tah sigana samemeh urang ngambek ka Amerika atawa ka "kulon", benahan heula
mental bangsa urangna. Hiji bangsa moal jadi bangsa gede lamun "budi
pekerti"na "acak-kadut" model kieu .....
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/