Kedah dikawitan ku urang sunda nu karuhuna tos teruji tiasa independen, mandiri nyanghareupan gencetan ti Sriwijaya - Majapahit. Sesepuh nu tos kauji integritas pulitikna: Djuanda Kartawidjaja & Mochtar Kusumahatmadja. Generasi ayeuna duka tapi harepan aya di R. Martin Martalegawa, pami teu lepat mah Dubes RI di Inggris atanapi Dubes RI di PBB? Pami Menlu nu ayeuna mah duka tah peunteuna sabaraha, tapi beurat pisan tugasna pas amerika keur baong2na. cag JP ~ experientia docet sapientiam ~
----- Original Message ---- From: Dedi Turmudi <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, July 17, 2008 19:57:24 Subject: Re: [kisunda] Kiblat Politik Sampurasun.. Ngiringan Kang Maman+ baraya Sunda Lamun tiasa mah urang ngawangun kiblat politik tong nurutan batur wae atuh. Komo bari jeung nurutan teu bener mah ruh politikna; saperti money korupsi deel el... Ceuk kuring mah ngiblat politik ka Amerika teh geus teu jaman... Amerika sorangan masih keneh "RASIS" alias pilih pilih. Sok ayeuna lamun dibandingkeun jeung kaayaan diurang, sisi kamajuan pulitik alus keneh di urang. Ngan tina sisi akibat kaputusan politik masih keneh goreng di urang. Lamun Amerika maju .... wajar da geus kahot pisan...Ari indonesia mah masih keneh balita dina demokrasi na oge, jadi wajar lamun bubudakeun keneh.... Di Indonesia mah .Ti taun 1945 geus aya Presiden Awewe, ayaa...ibu Mega Presiden minoritas aya ..BJ Habibie Presiden Dibunuh perlahan, aya. Sukarno ....( alm) Ceuk Sakaol ...Pasti dibantu Ku CIA Presiden Teu sampurna Socana, aya .. Gusdur (Al Mukarrom0 Presiden Anu diagungkeun jeung Pang Lilana... aya... Suharto..( Alm) Presiden dipilih Langsung, aya ...Yudhoyono dan Yusuf Kalla Presiden di-impeachment ( dipecat ), aya ...Gusdur ...(al-Mukarrom) Presiden tina partai leutik, aya .. Yudhoyono... DI AMERIKA ti TAHUN 1776 can aya ... Presiden Awewe, kaburu eleh ku Obama Presiden minoritas cana Aya......... .kakara arek Aya Obama, bari jeung diisukeun Muslim. Presiden Dibunuh perlahan, Teuing atuh can apal tapai ditembak mah John F Keneddy ( nu nembak benernamah can kapanggih, aya ogenan anu disangka nembak. Sakularwagana dipaehan.... . Presiden Teu sampurna Socana, Can Aya atuh........ ..... Presiden Anu diagungkeun jeung aya ....ngan paling lila 8 Tahun. Presiden dipilih Langsung, can Aya ..aya ogenan dipilih dina konvensi samemeh dipilih kunu sejen... Presiden di-pecat aya Andrew Johnson.... Presiden tina partai leutik, eueweuh atuh di AS mah kudu Majoritas terus .... Tah jadi kasimpulanana, ceuk kuring anu bodo, Indonesia bakal jadi Negeri Muslim terbesar anu jadi Kiblat Demokrasi ....lamun teu kaburu diintervensi ku Amerika.. Cag heula, .... Nuhun kasadayana.. .. Dedi Turmudi ----- Original Message ---- From: Maman <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Thursday, July 17, 2008 8:57:51 PM Subject: [kisunda] Kiblat Politik Bah Kusno alm, kiblat politikna kantos nyerempet-nyerempet ka nagara Blok Komunis dina zaman harita. Sababna bakat ku BELA jeung NYAAH ka nu namina rakyat nu matak muncul AMPERA sareng MARHAEN, teu resep pisan jeung ijid siganamah ka nu namina Kapitalisme sareng Kolonialisme. Kitu oge Bung Hatta alm, nyaah jeung deudeuh pisan ka rakyat alit teh, mung benten pamadegan dina SEMANGAT sareng milih metode kanggo ngabela sareng majukeun rakyat alit. Bah Kusno mah nganggo cara revolusioner sareng ber-api-api, ari Bung Hatta mah nganggo metode ekonomi; sistem koperasi. Emut pan saparantosna kajantenan bom hirosima, nyaeta runtagna nagara-nagara anu make sistem fasis, sepertos nagara german, itali jeung jepang eleh perang, teras we dunia teh pan kabagi ku dua kutub politik nyaeta blok komunis sareng blok kapitalis. Saparantosna Mang Ato alm, manggung ceunahmah nagara urang teh teu ngiblat ka mana-mana, nyaeta Non Blok tea (nu saeunyana ide ieu teh hasil pamikiran Bah Kusno?, sanes Mang Ato, duka tah) Anu jelasnamah eunya ari sareatnamah nagara urang teh pendiri non blok, ngan ari dinu prak-prakan nanamah leuwih condong ka nagara kapitalis, nyaeta nagara anu mentingkeun MODAL pikeun ngawangun nagara. Nya kantos sukses ku cara jeung jalan nganggo sistem kapitalis teh, mung hanjakal konsetntrasi ekonomi seueur ngulibek ka akew atanai babah cileuhan, buktina wae harita BCA bank anu pang ageungna sa Asia Tenggara mangrupikeun Kongkalikong kaluarga Cendana sareng Babah (saha nya hilap deui namina). Tah upami ayeuna, kiblat politik urang naha masih bisa nempo kajero keneh? Apan aya katerangan dina ayatna, yen moal bisa hiji umat ngarobah nasibna lamun umatna sorangan anu bisa ngarobah nasibna. Baktos. mz --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > Bah Kusno loba kailhaman ku Tatar Sunda. Pa Djuanda > sasatna hasil > didikan Otista. Sigana hade pisan lamun dikawinkeun > antara Bah Kusno > anu nasionalis pisan jeung Otista anu boga konsep > (bari dina hiji > waktu geus dipraktekkeun kalawan sukse) nasionalime > anu ngakar. > > manAR > > On Thu, Jul 17, 2008 at 12:25 PM, Ema Sujalma > <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > > Kedahna mah nuturkeun Bah Kusno sareng Mang > Djuanda bae nu "nempo ka jero" > > ngiblatkeun nagarana sorangan. Hebat ITB, Bandung, > Tatar Sunda nu bisa > > "encourage" aranjeuna. > > > > tambihan sakedik "nempo ka jero" bari teu ngiceup. > > > > > > > > On Thu, Jul 17, 2008 at 9:05 AM, Tirta widjaja > <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > >> > >> Kiblat politik ayeuna mah jelas atuh ka Amrik da > loba nu ti Ohio. Kang > >> Eep ge mun anggeus S3na jadi anggota mafia Ohio. > Tapi kahareup bisa rame mun > >> PKS loba di eksekutif kiblatna bisa ka Timur > Tengah pan seueur alumni > >> tidinya. > >> > >> Kedahna mah nuturkeun Bah Kusno sareng Mang > Djuanda bae nu "nempo ka jero" > >> ngiblatkeun nagarana sorangan. Hebat ITB, > Bandung, Tatar Sunda nu bisa > >> "encourage" aranjeuna. > >> > >> salam > >> Jalak Pakwan > >> > >> > >> ~ experientia docet sapientiam ~ > >> > >> ----- Original Message ---- > >> From: Maman <[EMAIL PROTECTED] com> > >> To: [EMAIL PROTECTED] .com > >> Sent: Wednesday, July 16, 2008 17:20:28 > >> Subject: Re: [kisunda] Nagara Urang ka payun bade > kumaha Agan, Euceu > >> Akang, Teteh? > >> > >> Hayu urang emutan para wargi sadayana; > >> > >> Kahiji KIBLAT POLITIK. Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
