punten, masalah kieu teh sering pisan abdi ngalaman tong tebih2 teuing urang ka wewengkon ITB keneh bae, Prof Dr. Jahdi Zaim (sobatna Prof Dr. Kusmayanto) teh aslina urang Kertosono, istrina urang sunda...sadidinten boh diskusi boh ngorol teh Nyunda langkung ti Nyunda sopan langkung2 ti Urang Sunda.... tah kumaha?
Hiji deui sobat keneh anjeuna watana Dr.Aswan (ITB keneh) anjeuna teh Padang & Semarang, istrina oge kitu aya jawa & padang, linggih ti awit di Sunda. Pon kitu Nyundana teh NYUNDA pisan...teu euleum2 dugi ka abdi isin ku paripolahna nu sopan...santun. kumaha tah? pami aranjeuna tos ngangken NGEUKEUWEUK SUNDA, hirup hurip di SUNDA...piraku teu diangken? nu penting mah...ceuk kuring sakuliwengan luwes2 bae atuh...teu kdah disaha2...malah mandar janten nambihan dulur kecuali pami manehna tumetep ngakuken diri "alim Sunda" Hiji deui conto Prof Dr. Edmud Edwards McKinnon, asli ti Scotland dedeg pangadeg na teh kumaha wae Highlanders..... nikah ka urang Batak, calik di Bogor dugi ka ayeuna janten padumukanana nu dipicinta.... basa Indonesiana lancar oge Sundana....He said that Sunda is my second home country...tah kumaha Jembar pangampura ka sadayana, Ki Sunda teh teh geuning seu-eur anu ngangken...kitu bae...gamparan margi ari masalah originalitas mah dina kultur teh di sakulibeng dunya ge tos sapuk ku sadayana ahli, rehna kaaslian dina unggal2 budaya teh paling2 mung kantun 15 % lah....janten teu kdah janten masalah atanapi dimasalahkeun...karunya...anggur sih atoh reh Sunda se-seur nu ngangken se-eur nu kapincut ku urang.... Tabe pun Ambu Wirumananggay ----- Original Message ---- From: wagimannotorajo <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Tuesday, July 22, 2008 7:59:41 AM Subject: [kisunda] CIRI-CIRI atawa DEFINISI "URANG SUNDA" Kuayana alesan-alesan anu sapertos di handap ieu : 1. Tanah SUNDA teh ari baheula mah Jawa Barat, tah penginten ayeuna mah anu disebut TATAR SUNDA teh Jawa Barat jeung PROVINSI BANTEN. 2. Aya anu indungna Sunda, Bapana Non Sunda; eta budak lahir di tatar Sunda. 3. Aya anu Bapana Sunda, Indungna Non Sunda; eta budak lahir di tatar Sunda. 4. Aya anu Bapana Sunda, Indungna Non Sunda; eta budak lahirna lain di tatar Sunda. 5. Aya anu Bapana Non Sunda, Indungna Sunda; eta budak lahirna lain di tatar Sunda. 6. Aya anu Indung jeung Bapana urang Sunda, tapi budakna lahir, gede, sakola jeung digawe lain di tatar Sunda 5. Aya anu Indung jeung Bapana Non Sunda; tapi eta budak lahir di tatar Sunda, gede, sakola jeung digawe di tatar Sunda (contona Rektor ITB ayeuna Bapak Prof Dr Ir Djoko Santoso MSc lahir di Bandung tanggal 9 September 1953 ) Kumaha definisi atawa ciri-ciri anu bakal diaku urang Sunda (ku KiSunda?) Wassalam, Wagiman Notorajo (urang Sunda)
