ceuk kuring mah, masalah "urang" leuwih doyong ka masalah aakuan jeung pangakuan. ngaku: lain wae ngaku ku sungut oge ku rengkak paripolah. sampurna eta aakuan lamun meunang pangaku batur. urang sunda ceuk kuring mah: ukur kudu ngaku sunda urusan meunang pangaku batur mah ukur panyampurna (penyempurna-heuheu bisi patukeur jeung nu sejen)!
On Tue, Jul 22, 2008 at 11:29 AM, richadiana kartakusuma < [EMAIL PROTECTED]> wrote: > punten, masalah kieu teh sering pisan abdi ngalaman > tong tebih2 teuing urang ka wewengkon ITB keneh bae, > Prof Dr. Jahdi Zaim (sobatna Prof Dr. Kusmayanto) teh aslina urang > Kertosono, istrina urang sunda...sadidinten boh diskusi boh ngorol teh > Nyunda langkung ti Nyunda sopan langkung2 ti Urang Sunda.... tah kumaha? > > Hiji deui sobat keneh anjeuna watana Dr.Aswan (ITB keneh) anjeuna teh > Padang & Semarang, istrina oge kitu aya jawa & padang, linggih ti awit di > Sunda. Pon kitu Nyundana teh NYUNDA pisan...teu euleum2 dugi ka abdi isin ku > paripolahna nu sopan...santun. kumaha tah? > > pami aranjeuna tos ngangken NGEUKEUWEUK SUNDA, hirup hurip di > SUNDA...piraku teu diangken? nu penting mah...ceuk kuring sakuliwengan > luwes2 bae atuh...teu kdah disaha2...malah mandar janten nambihan dulur > kecuali pami manehna tumetep ngakuken diri "alim Sunda" > > Hiji deui conto > Prof Dr. Edmud Edwards McKinnon, asli ti Scotland dedeg pangadeg na teh > kumaha wae Highlanders..... nikah ka urang Batak, calik di Bogor dugi ka > ayeuna janten padumukanana nu dipicinta.... basa Indonesiana lancar oge > Sundana....He said that Sunda is my second home country...tah kumaha > > Jembar pangampura ka sadayana, Ki Sunda teh teh geuning seu-eur anu > ngangken...kitu bae...gamparan > > margi ari masalah originalitas mah dina kultur teh di sakulibeng dunya ge > tos sapuk ku sadayana ahli, rehna kaaslian dina unggal2 budaya teh paling2 > mung kantun 15 % lah....janten teu kdah janten masalah atanapi > dimasalahkeun...karunya...anggur sih atoh reh Sunda se-seur nu ngangken > se-eur nu kapincut ku urang.... > > Tabe pun > Ambu Wirumananggay > > > > > > ----- Original Message ---- > From: wagimannotorajo <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Tuesday, July 22, 2008 7:59:41 AM > Subject: [kisunda] CIRI-CIRI atawa DEFINISI "URANG SUNDA" > > Kuayana alesan-alesan anu sapertos di handap ieu : > > 1. Tanah SUNDA teh ari baheula mah Jawa Barat, tah penginten ayeuna > mah anu disebut TATAR SUNDA teh Jawa Barat jeung PROVINSI BANTEN. > > 2. Aya anu indungna Sunda, Bapana Non Sunda; eta budak lahir di tatar > Sunda. > > 3. Aya anu Bapana Sunda, Indungna Non Sunda; eta budak lahir di tatar > Sunda. > > 4. Aya anu Bapana Sunda, Indungna Non Sunda; eta budak lahirna lain > di tatar Sunda. > > 5. Aya anu Bapana Non Sunda, Indungna Sunda; eta budak lahirna lain > di tatar Sunda. > > 6. Aya anu Indung jeung Bapana urang Sunda, tapi budakna lahir, gede, > sakola jeung digawe lain di tatar Sunda > > 5. Aya anu Indung jeung Bapana Non Sunda; tapi eta budak lahir di > tatar Sunda, gede, sakola jeung digawe di tatar Sunda (contona Rektor > ITB ayeuna Bapak Prof Dr Ir Djoko Santoso MSc lahir di Bandung > tanggal 9 September 1953 ) > > Kumaha definisi atawa ciri-ciri anu bakal diaku urang Sunda (ku > KiSunda?) > > Wassalam, > Wagiman Notorajo (urang Sunda) > > -- d-: dudi herlianto :-b ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
