Eta mah karakter atanapi tos aya perobihan karakter urang sunda ?
mangga para ahli sosial budaya, antropologi iye janten kajian ...

  _____  

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of
richadiana kartakusuma
Sent: July 22, 2008 11:30 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] CIRI-CIRI atawa DEFINISI "URANG SUNDA"




punten, masalah kieu teh sering pisan abdi ngalaman 
tong tebih2 teuing urang ka wewengkon ITB keneh bae, 
Prof Dr. Jahdi Zaim (sobatna Prof Dr. Kusmayanto) teh aslina urang
Kertosono, istrina urang sunda...sadidinten boh diskusi boh ngorol teh
Nyunda langkung ti Nyunda sopan langkung2 ti Urang Sunda.... tah kumaha?

Hiji deui sobat keneh anjeuna watana Dr.Aswan (ITB keneh) anjeuna teh Padang
& Semarang, istrina oge kitu aya jawa & padang, linggih ti awit di Sunda.
Pon kitu Nyundana teh NYUNDA pisan...teu euleum2 dugi ka abdi isin ku
paripolahna nu sopan...santun.  kumaha tah?

pami aranjeuna tos ngangken NGEUKEUWEUK SUNDA, hirup hurip di SUNDA...piraku
teu diangken? nu penting mah...ceuk kuring sakuliwengan luwes2 bae
atuh...teu kdah disaha2...malah mandar janten nambihan dulur
kecuali pami manehna tumetep ngakuken diri "alim Sunda"

Hiji deui conto
Prof Dr. Edmud Edwards McKinnon, asli ti Scotland dedeg pangadeg na teh
kumaha wae Highlanders..... nikah ka urang Batak, calik di Bogor dugi ka
ayeuna janten padumukanana nu dipicinta.... basa Indonesiana lancar oge
Sundana....He said that Sunda is my second home country...tah kumaha

Jembar pangampura ka sadayana, Ki Sunda teh teh geuning seu-eur anu
ngangken...kitu bae...gamparan

margi ari masalah originalitas mah dina kultur teh di sakulibeng dunya ge
tos sapuk ku sadayana ahli, rehna kaaslian dina unggal2 budaya teh paling2
mung kantun 15 % lah....janten teu kdah janten masalah atanapi
dimasalahkeun...karunya...anggur sih atoh reh Sunda se-seur nu ngangken
se-eur nu kapincut ku urang....
 
Tabe pun
Ambu Wirumananggay






----- Original Message ----
From: wagimannotorajo <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, July 22, 2008 7:59:41 AM
Subject: [kisunda] CIRI-CIRI atawa DEFINISI "URANG SUNDA"



Kuayana alesan-alesan anu sapertos di handap ieu :

1. Tanah SUNDA teh ari baheula mah Jawa Barat, tah penginten ayeuna 
mah anu disebut TATAR SUNDA teh Jawa Barat jeung PROVINSI BANTEN.

2. Aya anu indungna Sunda, Bapana Non Sunda; eta budak lahir di tatar 
Sunda.

3. Aya anu Bapana Sunda, Indungna Non Sunda; eta budak lahir di tatar 
Sunda.

4. Aya anu Bapana Sunda, Indungna Non Sunda; eta budak lahirna lain 
di tatar Sunda.

5. Aya anu Bapana Non Sunda, Indungna Sunda; eta budak lahirna lain 
di tatar Sunda.

6. Aya anu Indung jeung Bapana urang Sunda, tapi budakna lahir, gede, 
sakola jeung digawe lain di tatar Sunda 

5. Aya anu Indung jeung Bapana Non Sunda; tapi eta budak lahir di 
tatar Sunda, gede, sakola jeung digawe di tatar Sunda (contona Rektor 
ITB ayeuna Bapak Prof Dr Ir Djoko Santoso MSc lahir di Bandung 
tanggal 9 September 1953 )

Kumaha definisi atawa ciri-ciri anu bakal diaku urang Sunda (ku 
KiSunda?)

Wassalam,
Wagiman Notorajo (urang Sunda)




 

IMPORTANT NOTICE: 
The information in this email (and any attachments) is confidential. If you are 
not the intended recipient, you must not use or disseminate the information. If 
you have received this email in error, please immediately notify me by "Reply" 
command and permanently delete the original and any copies or printouts 
thereof.  Although this email and any attachments are believed to be free of 
any virus or other defect that might affect any computer system into which it 
is received and opened, it is the responsibility of the recipient to ensure 
that it is virus free and no responsibility is accepted by American 
International Group, Inc. or its subsidiaries or affiliates either jointly or 
severally, for any loss or damage arising in any way from its use.

Kirim email ke