Kang Eddy anu dipihormat ku sim abdi

Punten aos dina KIBS jilid hiji, karangan abdi "Ajaran Sunda dalam Tatanan 
Tradisi Megalitik" kaleresan contona situs KAWALI, mangga cobi diaos kumaha 
ngahiyang teh anu janten pokok dina Sunda Wiwitan

Dina METRO TV sabaraha dinten kapengker nampilkeun NEPAL di Peg. Himalaya, 
salah sawios pendeta na tapa kirang langkung 6 sasih...teu emam, teu 
leu-eut...teras bae manekung...paling2 obah suku...da pegel panginten...
saatos 6 sasih les LEUNGIT iang tanpa karana... tapi di dinya aya mangsa2 MAUNG 
sok ujug2 ngajegir...ngan teu ngaganggu

ngahiyang teh = ngahijikeu diri sareng alam (jagat-semesta) ku nyaimbangkeun 
raraga sarng waraga.

AMBU




----- Original Message ----
From: Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Sunday, August 3, 2008 5:56:00 PM
Subject: [kisunda] (unknown)


Masalah ageman…. Sri Baduga ‘moksa’ di sawah dalem ti Ambu Wirumananggay

Alhamdulillah…’obrolan’ di kisunda nyaketan ka sasih ramadhan teh aya siga-siga 
bade ngageser kana masalah ageman. Mugi-mugi wae kaparengkeun deui tiasa 
ngabahas ageman dina sasih ramadhan. 

Ngan kumargi ayeuna masih hawa bulan rewah,….. ayeuna mah waktosna 
ngarewahkeun… ….sugan teu kabur sadaya pang-acian memeh nabeuh bedug…sugan 
engke kaala ‘qadar’na  dina nyaketan …..lebaran

Kaleresan Ambu diantawisna tos ngadugikeun bahan padungdenganana:

I.      Sri Baduga ‘moksa’ di sawah dalem (Ambu Wirumananggay)– 

Islam, Hindu atanapi Sunda? 

Sim abdi kantos kutrat-kotret ngeunaan salah sahiji versi tilem/ngahyang 
–definisi sareng dadaran introduksi sanesna – taun2 kapengker  ka kisunda - 
ayeuna lengkepna aya nu nyimpen eta kotretan teh (duka ku saha)   di 
www.buppala. org. –di kisunda ge aya keneh.

Moksa mah rada-rada gaduh kesan hindu/budha, kumaha numutkeun Ambu miwah 
kawargian nu sanesna??

Memang tos ngalegenda yen Sri Baduga/siliwangi pupusna saurna tilem/ngahyang. 
Dina buku sajarah Jawa Barat (Drs. Joseph iskandar) –HIJI-HIJIna Buku sejarah 
nu teras aya di toko buku gramedia - oge ngadugikeun yen Sri Baduga 
tilem/ngahyang.

Tapi interpretasi tilem/ngahyang na teh kieu:

Manggihkeun hyang itulah yang menjadi istilah ngahyang……hanya pengertian 
tersebut telah bergeser menjadi negatif, sehingga pengertiannya menjadi tilem 
(menghilang dengan wujudnya)….
Untuk mempercepat proses wujud kasar tubuh dan wujud halus sukma kembali kepada 
dzat asal,…..agar hilang tanpa bekas,…melalui proses kremasi (pembakaran 
jenazah). (Sejarah Jawa barat; Yoseph Iskandar, hal 237)

TAH didieu bahan kanggo ramadhan na……

1.
Buku nu mengklaim sejarah ge….gening seueur versi tina interpretasi penulisna. 
Dina eta buku data na dumasar kana prasasti nu ditafsirkeun ku versi Saleh 
Danasasmita - ditambih ku tafsiran tina buku Wangsakerta. 

Kumaha numutkeun kawargian oge Ambu?

2.

Argumenna aya tapi ceuk sim abdi bijil tina ‘kakirangan’ informasi (punten  
Abah Yoseph sim abdi nyugak ameh kareresa ‘padungdengan’ – mugi2 Abah Yosep 
masih keresa ‘noongan’ kisunda)

Upami saurna  agama sunda teh ‘penyempurnaan’ ti budha/hindu (Hyang leuwih 
‘luhur’ ti dewa),  Naha cara maotna bet ‘kuno’ kedah dibeuleum heula –naha buku 
sajarah bet mung sakadar tina cariosan Pa Saleh danasasmita? tina deduksi 
mungkul?

Naha ‘sejarawan’ wantun nyimpulkeun nu bisa ngaleungitkeun awak dina maot  
negatif? Logika induksi ti mana ?

Kumaha upami ayeuna aya nu tiasa nuduhkeun cara nyampurnakeun 
awak/ngaleungitkeun awak –empirik-?  keresa sejarawan ngiring ‘workshop’ 
na-ameh langkung rempeg ‘alat pengambil data’na -masalah sundana sunda saena 
interdisipliner- ?????

Kumaha pamendak Ambu miwah kawargian kisunda sadayana ngeunaan moksa/tilem/ 
ngahyang…???

3.

Ambu miwah kawargian sanesna….

Nyoko kana bahasan nu didugikeun ku Ambu….
Naha tilem/ngahyang (‘moksa’?) bet disebat sanes  islami ?

Kumaha upami ayeuna aya nu tiasa nuduhkeun yen 
ku metoda Islam Muhammad ge tiasa tilem/ngahyang? 
Oge ku metoda sunda ge tiasa tilem/ngahyang?

Empirik sabab tiasa dipidamel ku seuweu siwi sunda ayeuna, kumaha??? 
Kareresa ngararobih paradigma nyalira ????? 

Naha versi kuburan kosong  di sunda bade dipasihkeun wae kana framework 
analisis ‘kristen-barat’ Jakob Sumarjo-genetis non sunda nu saurna nyaah ka 
sunda ???

Bahan nu sanesna….

II.     Masalah TAJALI ku cara/metoda  Arab jeung ku cara Sunda

Baktosna
Eddy Nugraha

    


      

Kirim email ke