hatur nuhun Ambu, insya allah bade di aos...kaleresan abdi gaduh sesa KIBS. upami aya waktos ambu ge dihaturanan ngaos kotretan sim abdi ngeunaan tilem/ngahyang mung 'kelas' nu abdi mah sakadar kutrat-kotret wae.
nuhun oge wartos metrona..janten langkung ngayakinkeun yen ngahyang/tilem sanes monopoli sunda/islam di nepal ge aya. kantun nu araya di realm sejarah masihan tempat nu sae kana teknik/metoda tilem nu aya di sunda -nu masagi- bade ku cara sunda atanapi cara Arab/islam. Tilem teh teu kedah dilabelan negatif.ngahyang sanes islami atanapi teu islami tapi memang hiji ulikan empirik turun manurun dina nyampurnakeun maneh. baktosna, eddy nugraha --- In [email protected], richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Eddy anu dipihormat ku sim abdi > > Punten aos dina KIBS jilid hiji, karangan abdi "Ajaran Sunda dalam Tatanan Tradisi Megalitik" kaleresan contona situs KAWALI, mangga cobi diaos kumaha ngahiyang teh anu janten pokok dina Sunda Wiwitan > > Dina METRO TV sabaraha dinten kapengker nampilkeun NEPAL di Peg. Himalaya, salah sawios pendeta na tapa kirang langkung 6 sasih...teu emam, teu leu-eut...teras bae manekung...paling2 obah suku...da pegel panginten... > saatos 6 sasih les LEUNGIT iang tanpa karana... tapi di dinya aya mangsa2 MAUNG sok ujug2 ngajegir...ngan teu ngaganggu > > ngahiyang teh = ngahijikeu diri sareng alam (jagat-semesta) ku nyaimbangkeun raraga sarng waraga. > > AMBU > > > > > ----- Original Message ---- > From: Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Sunday, August 3, 2008 5:56:00 PM > Subject: [kisunda] (unknown) > > > Masalah ageman . Sri Baduga `moksa' di sawah dalem ti Ambu Wirumananggay > > Alhamdulillah 'obrolan' di kisunda nyaketan ka sasih ramadhan teh aya siga-siga bade ngageser kana masalah ageman. Mugi-mugi wae kaparengkeun deui tiasa ngabahas ageman dina sasih ramadhan. > > Ngan kumargi ayeuna masih hawa bulan rewah, .. ayeuna mah waktosna ngarewahkeun .sugan teu kabur sadaya pang-acian memeh nabeuh bedug sugan engke kaala `qadar'na dina nyaketan ..lebaran > > Kaleresan Ambu diantawisna tos ngadugikeun bahan padungdenganana: > > I. Sri Baduga `moksa' di sawah dalem (Ambu Wirumananggay) > > Islam, Hindu atanapi Sunda? > > Sim abdi kantos kutrat-kotret ngeunaan salah sahiji versi tilem/ngahyang definisi sareng dadaran introduksi sanesna taun2 kapengker ka kisunda - ayeuna lengkepna aya nu nyimpen eta kotretan teh (duka ku saha) di www.buppala. org. di kisunda ge aya keneh. > > Moksa mah rada-rada gaduh kesan hindu/budha, kumaha numutkeun Ambu miwah kawargian nu sanesna?? > > Memang tos ngalegenda yen Sri Baduga/siliwangi pupusna saurna tilem/ngahyang. Dina buku sajarah Jawa Barat (Drs. Joseph iskandar) HIJI-HIJIna Buku sejarah nu teras aya di toko buku gramedia - oge ngadugikeun yen Sri Baduga tilem/ngahyang. > > Tapi interpretasi tilem/ngahyang na teh kieu: > > Manggihkeun hyang itulah yang menjadi istilah ngahyang hanya pengertian tersebut telah bergeser menjadi negatif, sehingga pengertiannya menjadi tilem (menghilang dengan wujudnya) . > Untuk mempercepat proses wujud kasar tubuh dan wujud halus sukma kembali kepada dzat asal, ..agar hilang tanpa bekas, melalui proses kremasi (pembakaran jenazah). (Sejarah Jawa barat; Yoseph Iskandar, hal 237) > > TAH didieu bahan kanggo ramadhan na > > 1. > Buku nu mengklaim sejarah ge .gening seueur versi tina interpretasi penulisna. Dina eta buku data na dumasar kana prasasti nu ditafsirkeun ku versi Saleh Danasasmita - ditambih ku tafsiran tina buku Wangsakerta. > > Kumaha numutkeun kawargian oge Ambu? > > 2. > > Argumenna aya tapi ceuk sim abdi bijil tina `kakirangan' informasi (punten Abah Yoseph sim abdi nyugak ameh kareresa `padungdengan' mugi2 Abah Yosep masih keresa `noongan' kisunda) > > Upami saurna agama sunda teh `penyempurnaan' ti budha/hindu (Hyang leuwih `luhur' ti dewa), Naha cara maotna bet `kuno' kedah dibeuleum heula naha buku sajarah bet mung sakadar tina cariosan Pa Saleh danasasmita? tina deduksi mungkul? > > Naha `sejarawan' wantun nyimpulkeun nu bisa ngaleungitkeun awak dina maot negatif? Logika induksi ti mana ? > > Kumaha upami ayeuna aya nu tiasa nuduhkeun cara nyampurnakeun awak/ngaleungitkeun awak empirik-? keresa sejarawan ngiring `workshop' na-ameh langkung rempeg `alat pengambil data'na -masalah sundana sunda saena interdisipliner- ????? > > Kumaha pamendak Ambu miwah kawargian kisunda sadayana ngeunaan moksa/tilem/ ngahyang ??? > > 3. > > Ambu miwah kawargian sanesna . > > Nyoko kana bahasan nu didugikeun ku Ambu . > Naha tilem/ngahyang (`moksa'?) bet disebat sanes islami ? > > Kumaha upami ayeuna aya nu tiasa nuduhkeun yen > ku metoda Islam Muhammad ge tiasa tilem/ngahyang? > Oge ku metoda sunda ge tiasa tilem/ngahyang? > > Empirik sabab tiasa dipidamel ku seuweu siwi sunda ayeuna, kumaha??? > Kareresa ngararobih paradigma nyalira ????? > > Naha versi kuburan kosong di sunda bade dipasihkeun wae kana framework analisis `kristen-barat' Jakob Sumarjo-genetis non sunda nu saurna nyaah ka sunda ??? > > Bahan nu sanesna . > > II. Masalah TAJALI ku cara/metoda Arab jeung ku cara Sunda > > Baktosna > Eddy Nugraha > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
