titik
ZERO = NOL dari kemartabatan manusia (diri) sebagai manusia (self)
dengan keutuhannya "sunya sunyata adhi suddha paramartha"
Tabe pun
Ambu Wirumananggay
----- Original Message ----
From: ednugraha <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Monday, August 4, 2008 1:06:17 PM
Subject: [kisunda] Re: Tilem (unknown)
hatur nuhun Ambu, insya allah bade di aos...kaleresan abdi gaduh sesa
KIBS. upami aya waktos ambu ge dihaturanan ngaos kotretan sim abdi
ngeunaan tilem/ngahyang mung 'kelas' nu abdi mah sakadar kutrat-kotret
wae.
nuhun oge wartos metrona..janten langkung ngayakinkeun yen
ngahyang/tilem sanes monopoli sunda/islam di nepal ge aya. kantun nu
araya di realm sejarah masihan tempat nu sae kana teknik/metoda tilem
nu aya di sunda -nu masagi- bade ku cara sunda atanapi cara Arab/islam.
Tilem teh teu kedah dilabelan negatif.ngahyang sanes islami atanapi
teu islami tapi memang hiji ulikan empirik turun manurun dina
nyampurnakeun maneh.
baktosna,
eddy nugraha
--- In [EMAIL PROTECTED] .com, richadiana kartakusuma
<richadianakartakus [EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Eddy anu dipihormat ku sim abdi
>
> Punten aos dina KIBS jilid hiji, karangan abdi "Ajaran Sunda dalam
Tatanan Tradisi Megalitik" kaleresan contona situs KAWALI, mangga cobi
diaos kumaha ngahiyang teh anu janten pokok dina Sunda Wiwitan
>
> Dina METRO TV sabaraha dinten kapengker nampilkeun NEPAL di Peg.
Himalaya, salah sawios pendeta na tapa kirang langkung 6 sasih...teu
emam, teu leu-eut...teras bae manekung...paling2 obah suku...da pegel
panginten...
> saatos 6 sasih les LEUNGIT iang tanpa karana... tapi di dinya aya
mangsa2 MAUNG sok ujug2 ngajegir...ngan teu ngaganggu
>
> ngahiyang teh = ngahijikeu diri sareng alam (jagat-semesta) ku
nyaimbangkeun raraga sarng waraga.
>
> AMBU
>
>
>
>
> ----- Original Message ----
> From: Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED] ..>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Sunday, August 3, 2008 5:56:00 PM
> Subject: [kisunda] (unknown)
>
>
> Masalah ageman…. Sri Baduga `moksa' di sawah dalem ti Ambu Wirumananggay
>
> Alhamdulillah… 'obrolan' di kisunda nyaketan ka sasih ramadhan teh
aya siga-siga bade ngageser kana masalah ageman. Mugi-mugi wae
kaparengkeun deui tiasa ngabahas ageman dina sasih ramadhan.
>
> Ngan kumargi ayeuna masih hawa bulan rewah,….. ayeuna mah waktosna
ngarewahkeun… ….sugan teu kabur sadaya pang-acian memeh nabeuh
bedug…sugan engke kaala `qadar'na dina nyaketan …..lebaran
>
> Kaleresan Ambu diantawisna tos ngadugikeun bahan padungdenganana:
>
> I. Sri Baduga `moksa' di sawah dalem (Ambu Wirumananggay)–
>
> Islam, Hindu atanapi Sunda?
>
> Sim abdi kantos kutrat-kotret ngeunaan salah sahiji versi
tilem/ngahyang –definisi sareng dadaran introduksi sanesna – taun2
kapengker ka kisunda - ayeuna lengkepna aya nu nyimpen eta kotretan
teh (duka ku saha) di www.buppala. org. –di kisunda ge aya keneh.
>
> Moksa mah rada-rada gaduh kesan hindu/budha, kumaha numutkeun Ambu
miwah kawargian nu sanesna??
>
> Memang tos ngalegenda yen Sri Baduga/siliwangi pupusna saurna
tilem/ngahyang. Dina buku sajarah Jawa Barat (Drs. Joseph iskandar)
–HIJI-HIJIna Buku sejarah nu teras aya di toko buku gramedia - oge
ngadugikeun yen Sri Baduga tilem/ngahyang.
>
> Tapi interpretasi tilem/ngahyang na teh kieu:
>
> Manggihkeun hyang itulah yang menjadi istilah ngahyang……hanya
pengertian tersebut telah bergeser menjadi negatif, sehingga
pengertiannya menjadi tilem (menghilang dengan wujudnya)….
> Untuk mempercepat proses wujud kasar tubuh dan wujud halus sukma
kembali kepada dzat asal,…..agar hilang tanpa bekas,…melalui proses
kremasi (pembakaran jenazah). (Sejarah Jawa barat; Yoseph Iskandar,
hal 237)
>
> TAH didieu bahan kanggo ramadhan na……
>
> 1.
> Buku nu mengklaim sejarah ge….gening seueur versi tina interpretasi
penulisna. Dina eta buku data na dumasar kana prasasti nu ditafsirkeun
ku versi Saleh Danasasmita - ditambih ku tafsiran tina buku Wangsakerta.
>
> Kumaha numutkeun kawargian oge Ambu?
>
> 2.
>
> Argumenna aya tapi ceuk sim abdi bijil tina `kakirangan' informasi
(punten Abah Yoseph sim abdi nyugak ameh kareresa `padungdengan' –
mugi2 Abah Yosep masih keresa `noongan' kisunda)
>
> Upami saurna agama sunda teh `penyempurnaan' ti budha/hindu (Hyang
leuwih `luhur' ti dewa), Naha cara maotna bet `kuno' kedah dibeuleum
heula –naha buku sajarah bet mung sakadar tina cariosan Pa Saleh
danasasmita? tina deduksi mungkul?
>
> Naha `sejarawan' wantun nyimpulkeun nu bisa ngaleungitkeun awak dina
maot negatif? Logika induksi ti mana ?
>
> Kumaha upami ayeuna aya nu tiasa nuduhkeun cara nyampurnakeun
awak/ngaleungitkeun awak –empirik-? keresa sejarawan ngiring
`workshop' na-ameh langkung rempeg `alat pengambil data'na -masalah
sundana sunda saena interdisipliner- ?????
>
> Kumaha pamendak Ambu miwah kawargian kisunda sadayana ngeunaan
moksa/tilem/ ngahyang…???
>
> 3.
>
> Ambu miwah kawargian sanesna….
>
> Nyoko kana bahasan nu didugikeun ku Ambu….
> Naha tilem/ngahyang (`moksa'?) bet disebat sanes islami ?
>
> Kumaha upami ayeuna aya nu tiasa nuduhkeun yen
> ku metoda Islam Muhammad ge tiasa tilem/ngahyang?
> Oge ku metoda sunda ge tiasa tilem/ngahyang?
>
> Empirik sabab tiasa dipidamel ku seuweu siwi sunda ayeuna, kumaha???
> Kareresa ngararobih paradigma nyalira ?????
>
> Naha versi kuburan kosong di sunda bade dipasihkeun wae kana
framework analisis `kristen-barat' Jakob Sumarjo-genetis non sunda nu
saurna nyaah ka sunda ???
>
> Bahan nu sanesna….
>
> II. Masalah TAJALI ku cara/metoda Arab jeung ku cara Sunda
>
> Baktosna
> Eddy Nugraha
>
--
Ema Sujalma