aeh kg Eminx,...MPA merah putih abadi teh, dina hartos ulah bubar nagara urg, 
kudu langgeng...jadi kudu dipertahankeun pasipatan kabinekaanna anu jadi sipat 
unik nusantara. tah disalenggorkeun kana MPAna Mapag Pajajaran Anyar teh, 
Pajajaran Nusantara, berJAJARRRR pulau-puuulau, sambung menyambung menjadi 
satu,..itulah Indonesia!....he33x! punten uin, nu sok ngartos sorangan...oca 
tea...

--- On Wed, 8/6/08, ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] beureum bodas di urang ti ngawitan iraha ?
To: [email protected], kian [EMAIL PROTECTED]
Date: Wednesday, August 6, 2008, 9:00 PM






 


Gan Ema,


Sae pisan pedaran teh, sakedik ngiring mairan wirehna bandera Sura Suci
atanapi Beureum Bodas ngawitan dikelebetkeun taun Hiji Saka, nyaeta
waktos Raden Daniswara sareng Junggul Muda ngawasa deui di Medang
Kamulyan.




At 11:46 AM 8/7/2008, Ema Sujalma wrote:


Saban bangsa pasti ngabogaan
bendéra minangka lambang sarta identitas nagarana....Kitu ogé jeung
bangsa Indonésia anu ngabogaan Bendéra Beureum bodas....Tah, di handap
ieu kuring boga bukti lamun bendéra Beureum Bodas éta geus aya saprak
tiheula. Baheulana mah, bendéra Beureum bodas éta kungsi dikibarkan dina
warsih 1292 ku soldadu Jayakatwang sabot ngalawan kakawasaan Kartanegara
ti Singosari (1222-1292). Hal ieu doteorehkeun dina tulisan Jawa Kuna anu
maké warsih 1216 Caka (1294 Masehi), nyaritakeun ngeunaan perang antara
Jayakatwang ngalawan Raden Wijaya.

Mpu Prapanca ogé nyaritakeun dina bukuna (Nagara Kertagama) yén bendéra
Beureum Bodas mindeng digunakan dina upacara poé kebesaran raja dina
waktu pamaréntahan Hayam wuruk bertahta (1350-1389). Cenah si Mpu ieu,
gambar-gambar anu dilukiskan dina karéta-karéta raja anu ngahadiran poé
kebesaran éta loba macemna, contona karéta raja Puteri Lasem dipapaésan
jeung gambar banténg bodas. Terus, karéta raja Putri Daha dipapaésan
jeung gambar buah maja anu boga warna bodas. Tah, ti ditu pan urang
terang lamun kelir beureum sarta bodas mangrupa kelir anu
dimuliakan.

Kelir beureum bodas dipikawanoh ogé jeung sebutan kelir Gula Kalapa.
Beureum Bodas disebut Gula kalapa, henteu hartosna "Beureum"
lambang "gula" sarta "Bodas" lambang kelir nyiur anu
geus dikupas. Cenah yah di Keraton Solo aya pusaka mangrupi bendéra
Beureum Bodas titilar Kyai Tarub (putera Raden Wijaya) anu saterusna
nurunkeun raja-raja di Jawa. Dina kitab Babad taneuh Jawa anu ngaranna
Babad Mentawis disebutkeun yén sabot Sultan Agung berperang kalawan
nagari Pati, soldaduna bernaung di handapeun bendéra Beureum bodas
"Gula-kelapa".

Aya nu terang mun Bendéra Beureum bodas ogé aya dina wewengkon séjén ???
Yeuh, buktina: dina hiji kitab tambo alam Minangkabau anu dicutat dina
warsih 1840 ti kitab anu leuwih kolot aya gambar bendéra alam
Minangkabau, boga warna Merah-putih-hitam. Bendéra ieu mangrupa pusaka
titilar jaman karajaan Melayu-minangkabau dina abad ke-14, sabot Raja
Adityawarman maréntah. Sedengkeun hartina, nyaéta:Lamun beureum éta
hartina kelir hulubalang, bodas éta kelir ageman sarta kelir hideung éta
téh kelir adat Minangkabau. Di wewengkon séjén ogé réa lho anu
ngagunakeun kelir merah-putih minangka kelir bendérana, contona di
Palembang, Acéh, Maluku, sanajan mindeng dicampur jeung kelir séjén.
Umumna kelir Beureum Bodas mangrupa lambang keberanian, kewiraan,
sedengkeun kelir bodas mangrupa lambang kasucian. Kitu heula sajarah
bendéra kelir beureum bodas ieu....Muga aya mangpaatna..


saur kang Ocha beureum bodas abadi... kumaha tah anu dimaksad.. ?

baktos,   


 
 

__________________________________________________

ILEN KARDANI

Drilling Services Manager

Schlumberger
Drilling & Measurements

16 Floor, Rohas Perkasa

No.8 Jalan Perak

50450 Kuala Lumpur – Malaysia

Tel:  60 (3) 2166 7788

DID: 60 (3) 2169 4180

Fax: 60 (3) 21667100

Mobile: 60 (12) 2516485



mailto:[EMAIL PROTECTED]






 



      

Kirim email ke