nampi sagemblengna, hatur sembah nuhun On Wed, Aug 13, 2008 at 5:29 PM, engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]>wrote:
> Sampurasun, ngiring mairan sun..... > > Pamahaman simkuring bandera teh perlambang tangtungan, ti ngawitan > tangtungan diri, tangtungan organisasi, tangtungan partey sareng tangtungan > bangsa jeung nagara. > Dina raraga ngalambangkeun tangtungan nagara/bangsa urang, luyu jeung > karakter bangsa urang nu mibanda palsapah kawilang adiluhung, tangtu teu > sagawayah, sabab nagdegkeun nagara tangtu boga itungan sangkan jaya jeung > langgeng sapanjang jaman. > > Hasil tina nyukcruk diri nyuay badan angelo paisan tunggal, kasaksi moal > aya nu bisa ngabantah yen geuning gumelarna urang-urang sadaya ka dunya nu > sanggeus ngumpul jadi bangsa teh, estuning ku cukang lantaran jeung jasana > indung jeung bapa. Indung bapa teh juru salamet urang di dunya. Mun urang > hayang salamet di dunya ceuk papagon kolot, "teu meunang munjung ka gunung, > teu meunang muja ka sagara - tapi munjung kudu ka indung, muja kudu ka > bapa". Palsapah sunda pikeun ngajenan ka nu jadi indung-bapak kacida > luhurna. Tah ku alatan eta lambang/panji nagara (bandera) nyoko kana eta > pamahaman. > > Dina palsapah Sunda, berureum teh simbul indung (getih beureum ti indung) > sedengkeun bodas teh simbol bapa (getih/geutah ti bapa) nu jadi asal urang, > nu jadi juru salamet sakabeh jalma, matak dina acara salametan sok kudu aya > bubur beureum-bubur bodas. > > Harti indung dina kasundaan oge aya nu disebut "Indung nu ngandung jeung > bapak nu ngayuga", nyaeta kolot urang langsung, jeung aya oge nu disebut > "Indung nu teu ngandung jeung bapa nu teu ngayuga" atawa disebut Indung > Agung-Bapa Kawasa, nu ditujukeun ka bumi jeung langit nu oge jadi sumber > kajayaan jeung kalanggengan hirup bangsa nu nanggeuy jeung mayungan urang > kabeh. Matak pantes lambang/simbol bandera bangsa urang beureum bodas teh. > > Nempatkeun posisi indung jeung bapak di tempat nu luhur tur nyimbulkeun > mayungan/ngayoman hirup urang diterapkeun dina adat nyieun imah, geuning > dina tihang susuhunan sok dibeulitan bandera beureum bodas. > > Tah sakantenan mangwalerkeun pananyaan gan Ema Sujalma nu ditujukeun ka > kang Oca soal beureum bodas jeung kaabadian/kalanggengan, nu hartina salila > aya indung-bapa nu sehat, jeung salila aya bumi-langit nu karawat, tangtu > kahirupan di dunya bakal langgeng/abadi. > > Kitu tan sun, pamahaman simkuring, namung duka pami aya pamendak nu sejen > mah.. > > Cag. > Engkus, > > > --- On *Fri, 8/8/08, richadiana kartakusuma < > [EMAIL PROTECTED]>* wrote: > > From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> > Subject: Re: [kisunda] beureum bodas di urang ti ngawitan iraha ? > To: [email protected] > Date: Friday, August 8, 2008, 7:58 AM > > > cik dilalitan sakedik tulisan teh meni tingjarolad kitu, jabi beureum > deuih atuh meni kawas nu keur ngamuk ..... hiiihhhh nguntup rasa > balareya.... > > AMBU > > ----- Original Message ---- > From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com> > To: [EMAIL PROTECTED] .com > Sent: Friday, August 8, 2008 5:53:33 AM > Subject: Re: [kisunda] beureum bodas di urang ti ngawitan iraha ? > > aeh kg Eminx,...MPA merah putih abadi teh, dina hartos ulah bubar > nagara urg, kudu langgeng...jadi kudu dipertahankeun pasipatan kabinekaanna > anu jadi sipat unik nusantara. tah disalenggorkeun kana MPAna Mapag > Pajajaran Anyar teh, Pajajaran Nusantara, berJAJARRRR pulau-puuulau, sambung > menyambung menjadi satu,..itulah Indonesia!.. ..he33x! punten uin, nu sok > ngartos sorangan...oca tea... > > --- On *Wed, 8/6/08, ilen kardani <[EMAIL PROTECTED] oilfield. Slb.Com>*wrote: > > From: ilen kardani <[EMAIL PROTECTED] oilfield. Slb.Com> > Subject: Re: [kisunda] beureum bodas di urang ti ngawitan iraha ? > To: [EMAIL PROTECTED] .com, kian [EMAIL PROTECTED] ps.com > Date: Wednesday, August 6, 2008, 9:00 PM > > Gan Ema, > > Sae pisan pedaran teh, sakedik ngiring mairan wirehna bandera Sura Suci > atanapi Beureum Bodas ngawitan dikelebetkeun taun Hiji Saka, nyaeta waktos > Raden Daniswara sareng Junggul Muda ngawasa deui di Medang Kamulyan. > > > At 11:46 AM 8/7/2008, Ema Sujalma wrote: > > Saban bangsa pasti ngabogaan bendéra minangka lambang sarta identitas > nagarana.... Kitu ogé jeung bangsa Indonésia anu ngabogaan Bendéra Beureum > bodas....Tah, di handap ieu kuring boga bukti lamun bendéra Beureum Bodas > éta geus aya saprak tiheula. Baheulana mah, bendéra Beureum bodas éta kungsi > dikibarkan dina warsih 1292 ku soldadu Jayakatwang sabot ngalawan kakawasaan > Kartanegara ti Singosari (1222-1292). Hal ieu doteorehkeun dina tulisan Jawa > Kuna anu maké warsih 1216 Caka (1294 Masehi), nyaritakeun ngeunaan perang > antara Jayakatwang ngalawan Raden Wijaya. > Mpu Prapanca ogé nyaritakeun dina bukuna (Nagara Kertagama) yén bendéra > Beureum Bodas mindeng digunakan dina upacara poé kebesaran raja dina waktu > pamaréntahan Hayam wuruk bertahta (1350-1389). Cenah si Mpu ieu, > gambar-gambar anu dilukiskan dina karéta-karéta raja anu ngahadiran poé > kebesaran éta loba macemna, contona karéta raja Puteri Lasem dipapaésan > jeung gambar banténg bodas. Terus, karéta raja Putri Daha dipapaésan jeung > gambar buah maja anu boga warna bodas. Tah, ti ditu pan urang terang lamun > kelir beureum sarta bodas mangrupa kelir anu dimuliakan. > Kelir beureum bodas dipikawanoh ogé jeung sebutan kelir Gula Kalapa. > Beureum Bodas disebut Gula kalapa, henteu hartosna "Beureum" lambang "gula" > sarta "Bodas" lambang kelir nyiur anu geus dikupas. Cenah yah di Keraton > Solo aya pusaka mangrupi bendéra Beureum Bodas titilar Kyai Tarub (putera > Raden Wijaya) anu saterusna nurunkeun raja-raja di Jawa. Dina kitab Babad > taneuh Jawa anu ngaranna Babad Mentawis disebutkeun yén sabot Sultan Agung > berperang kalawan nagari Pati, soldaduna bernaung di handapeun bendéra > Beureum bodas "Gula-kelapa" . > Aya nu terang mun Bendéra Beureum bodas ogé aya dina wewengkon séjén ??? > Yeuh, buktina: dina hiji kitab tambo alam Minangkabau anu dicutat dina > warsih 1840 ti kitab anu leuwih kolot aya gambar bendéra alam Minangkabau, > boga warna Merah-putih- hitam. Bendéra ieu mangrupa pusaka titilar jaman > karajaan Melayu-minangkabau dina abad ke-14, sabot Raja Adityawarman > maréntah. Sedengkeun hartina, nyaéta:Lamun beureum éta hartina kelir > hulubalang, bodas éta kelir ageman sarta kelir hideung éta téh kelir adat > Minangkabau. Di wewengkon séjén ogé réa lho anu ngagunakeun kelir > merah-putih minangka kelir bendérana, contona di Palembang, Acéh, Maluku, > sanajan mindeng dicampur jeung kelir séjén. Umumna kelir Beureum Bodas > mangrupa lambang keberanian, kewiraan, sedengkeun kelir bodas mangrupa > lambang kasucian. Kitu heula sajarah bendéra kelir beureum bodas ieu....Muga > aya mangpaatna.. > > saur kang Ocha beureum bodas abadi... kumaha tah anu dimaksad.. ? > baktos, > > *____________ _________ _________ _________ _________ __ > **ILEN KARDANI > Drilling Services Manager > *Schlumberger Drilling & Measurements > 16 Floor, Rohas Perkasa > No.8 Jalan Perak > 50450 Kuala Lumpur – Malaysia > *Tel: 60 (3) 2166 7788 > DID: 60 (3) 2169 4180 > Fax: 60 (3) 21667100 > Mobile: 60 (12) 2516485 > *mailto:ilen@ kuala-lumpur. oilfield. slb.com > > > <[EMAIL PROTECTED]> > > > > > > -- Ema Sujalma
