leres., kg Engkus, mani payus beureum bodas tiasa disilokakeun kana getih lan 
getah, rupina sami sareng beureum bodas bandera jepang???...
uin wawarta wirehna gambar cungkup karang kamulyan parantos rengse, mugi tiasa 
ka anggo, kanggo bahaseun , kriteriana sapertos nu ku uin parantos dipedar 
mangkukna.
rampes!
.....oca tea...


--- On Wed, 8/13/08, engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] beureum bodas di urang ti ngawitan iraha ?
To: [email protected]
Date: Wednesday, August 13, 2008, 3:29 AM









Sampurasun, ngiring mairan sun.....
 
Pamahaman simkuring bandera teh perlambang tangtungan, ti ngawitan tangtungan 
diri, tangtungan organisasi, tangtungan partey sareng tangtungan bangsa jeung 
nagara. 
Dina raraga ngalambangkeun tangtungan nagara/bangsa urang, luyu jeung karakter 
bangsa urang nu mibanda palsapah kawilang adiluhung, tangtu teu sagawayah, 
sabab nagdegkeun nagara tangtu boga itungan sangkan jaya jeung langgeng 
sapanjang jaman.
 
Hasil tina nyukcruk diri nyuay badan angelo paisan tunggal, kasaksi moal aya nu 
bisa ngabantah yen geuning gumelarna urang-urang sadaya ka dunya nu sanggeus 
ngumpul jadi bangsa teh, estuning ku cukang lantaran jeung jasana indung jeung 
bapa. Indung bapa teh juru salamet urang di dunya. Mun urang hayang salamet di 
dunya ceuk papagon kolot, "teu meunang munjung ka gunung, teu meunang muja ka 
sagara - tapi munjung kudu ka indung, muja kudu ka bapa". Palsapah sunda pikeun 
ngajenan ka nu jadi indung-bapak kacida luhurna. Tah ku alatan eta 
lambang/panji nagara (bandera) nyoko kana eta pamahaman. 
 
Dina palsapah Sunda, berureum teh simbul indung (getih beureum ti indung) 
sedengkeun bodas teh simbol bapa (getih/geutah ti bapa) nu jadi asal urang, nu 
jadi juru salamet sakabeh jalma, matak dina acara salametan sok kudu aya bubur 
beureum-bubur bodas.
 
Harti indung dina kasundaan oge aya nu disebut "Indung nu ngandung jeung bapak 
nu ngayuga", nyaeta kolot urang langsung, jeung aya oge nu disebut "Indung nu 
teu ngandung jeung bapa nu teu ngayuga" atawa disebut Indung Agung-Bapa Kawasa, 
nu ditujukeun ka bumi jeung langit nu oge jadi sumber kajayaan jeung 
kalanggengan hirup bangsa nu nanggeuy jeung mayungan urang kabeh. Matak pantes 
lambang/simbol bandera bangsa urang beureum bodas teh. 
 
Nempatkeun posisi indung jeung bapak di tempat nu luhur tur nyimbulkeun 
mayungan/ngayoman hirup urang diterapkeun dina adat nyieun imah, geuning 
dina tihang susuhunan sok dibeulitan bandera beureum bodas.
 
Tah sakantenan mangwalerkeun pananyaan gan Ema Sujalma nu ditujukeun ka kang 
Oca soal beureum bodas jeung kaabadian/kalanggengan, nu hartina salila aya 
indung-bapa nu sehat, jeung salila aya bumi-langit nu karawat, tangtu kahirupan 
di dunya bakal langgeng/abadi. 
 
Kitu tan sun, pamahaman simkuring, namung duka pami aya pamendak nu sejen mah..
 
Cag.
Engkus,
 
 
--- On Fri, 8/8/08, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] beureum bodas di urang ti ngawitan iraha ?
To: [email protected]
Date: Friday, August 8, 2008, 7:58 AM






cik dilalitan sakedik tulisan teh meni tingjarolad kitu, jabi beureum deuih 
atuh meni kawas nu keur ngamuk ..... hiiihhhh nguntup rasa balareya....

AMBU 



----- Original Message ----
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Friday, August 8, 2008 5:53:33 AM
Subject: Re: [kisunda] beureum bodas di urang ti ngawitan iraha ?







aeh kg Eminx,...MPA merah putih abadi teh, dina hartos ulah bubar nagara urg, 
kudu langgeng...jadi kudu dipertahankeun pasipatan kabinekaanna anu jadi sipat 
unik nusantara. tah disalenggorkeun kana MPAna Mapag Pajajaran Anyar teh, 
Pajajaran Nusantara, berJAJARRRR pulau-puuulau, sambung menyambung menjadi 
satu,..itulah Indonesia!.. ..he33x! punten uin, nu sok ngartos sorangan...oca 
tea...

--- On Wed, 8/6/08, ilen kardani <[EMAIL PROTECTED] oilfield. Slb.Com> wrote:

From: ilen kardani <[EMAIL PROTECTED] oilfield. Slb.Com>
Subject: Re: [kisunda] beureum bodas di urang ti ngawitan iraha ?
To: [EMAIL PROTECTED] .com, kian [EMAIL PROTECTED] ps.com
Date: Wednesday, August 6, 2008, 9:00 PM


Gan Ema,

Sae pisan pedaran teh, sakedik ngiring mairan wirehna bandera Sura Suci atanapi 
Beureum Bodas ngawitan dikelebetkeun taun Hiji Saka, nyaeta waktos Raden 
Daniswara sareng Junggul Muda ngawasa deui di Medang Kamulyan.


At 11:46 AM 8/7/2008, Ema Sujalma wrote:


Saban bangsa pasti ngabogaan bendéra minangka lambang sarta identitas 
nagarana.... Kitu ogé jeung bangsa Indonésia anu ngabogaan Bendéra Beureum 
bodas....Tah, di handap ieu kuring boga bukti lamun bendéra Beureum Bodas éta 
geus aya saprak tiheula. Baheulana mah, bendéra Beureum bodas éta kungsi 
dikibarkan dina warsih 1292 ku soldadu Jayakatwang sabot ngalawan kakawasaan 
Kartanegara ti Singosari (1222-1292). Hal ieu doteorehkeun dina tulisan Jawa 
Kuna anu maké warsih 1216 Caka (1294 Masehi), nyaritakeun ngeunaan perang 
antara Jayakatwang ngalawan Raden Wijaya.
Mpu Prapanca ogé nyaritakeun dina bukuna (Nagara Kertagama) yén bendéra Beureum 
Bodas mindeng digunakan dina upacara poé kebesaran raja dina waktu pamaréntahan 
Hayam wuruk bertahta (1350-1389). Cenah si Mpu ieu, gambar-gambar anu 
dilukiskan dina karéta-karéta raja anu ngahadiran poé kebesaran éta loba 
macemna, contona karéta raja
 Puteri Lasem dipapaésan jeung gambar banténg bodas. Terus, karéta raja Putri 
Daha dipapaésan jeung gambar buah maja anu boga warna bodas. Tah, ti ditu pan 
urang terang lamun kelir beureum sarta bodas mangrupa kelir anu dimuliakan.
Kelir beureum bodas dipikawanoh ogé jeung sebutan kelir Gula Kalapa. Beureum 
Bodas disebut Gula kalapa, henteu hartosna "Beureum" lambang "gula" sarta 
"Bodas" lambang kelir nyiur anu geus dikupas. Cenah yah di Keraton Solo aya 
pusaka mangrupi bendéra Beureum Bodas titilar Kyai Tarub (putera Raden Wijaya) 
anu saterusna nurunkeun raja-raja di Jawa. Dina kitab Babad taneuh Jawa anu 
ngaranna Babad Mentawis disebutkeun yén sabot Sultan Agung berperang kalawan 
nagari Pati, soldaduna bernaung di handapeun bendéra Beureum bodas 
"Gula-kelapa" .
Aya nu terang mun Bendéra Beureum bodas ogé aya dina wewengkon séjén ??? Yeuh, 
buktina: dina hiji kitab tambo alam Minangkabau anu dicutat dina warsih 1840 ti 
kitab anu leuwih
 kolot aya gambar bendéra alam Minangkabau, boga warna Merah-putih- hitam.. 
Bendéra ieu mangrupa pusaka titilar jaman karajaan Melayu-minangkabau dina abad 
ke-14, sabot Raja Adityawarman maréntah. Sedengkeun hartina, nyaéta:Lamun 
beureum éta hartina kelir hulubalang, bodas éta kelir ageman sarta kelir 
hideung éta téh kelir adat Minangkabau. Di wewengkon séjén ogé réa lho anu 
ngagunakeun kelir merah-putih minangka kelir bendérana, contona di Palembang, 
Acéh, Maluku, sanajan mindeng dicampur jeung kelir séjén. Umumna kelir Beureum 
Bodas mangrupa lambang keberanian, kewiraan, sedengkeun kelir bodas mangrupa 
lambang kasucian. Kitu heula sajarah bendéra kelir beureum bodas ieu....Muga 
aya mangpaatna..

saur kang Ocha beureum bodas abadi... kumaha tah anu dimaksad.. ?
baktos,   


____________ _________ _________ _________ _________ __
ILEN KARDANI
Drilling Services Manager
Schlumberger Drilling & Measurements
16 Floor, Rohas Perkasa
No.8 Jalan Perak
50450 Kuala Lumpur – Malaysia
Tel:  60 (3) 2166 7788
DID: 60 (3) 2169 4180
Fax: 60 (3) 21667100
Mobile: 60 (12) 2516485
mailto:ilen@ kuala-lumpur. oilfield. slb.com







      




      

Kirim email ke