Keun urang sanggap di Samarindana, tapi ari ka Muara Kaman mah rada tebih 
keneh, langkung girang tibatan Tenggarong minangka puser dayeuh Kabupaten Kutai 
Kertanegara, ari anu disebat Kutai teh ayeuna mah tos aya Kab. Kutai Timur, 
Kutai Barat, Kutai Kertanegara anu tengah, leres kapungkur mah mung aya hiji 
kabupaten nyaeta Kabupaten Kutai. Mangga wilujeng pelesiran Ambu!

wassalam,
dudi_ss


  ----- Original Message ----- 
  From: oman abdurahman 
  To: kisunda 
  Sent: Friday, August 08, 2008 9:57 AM
  Subject: [kisunda] Wilujeng ka Ambu anu bade makalangan di bumi Mulawarman


  Aya wartos Ambu bade nganjang ka bumi Mulawarman, dina raraga
  panalungtikan anu kalintang ageung ajenna, boh keur kisunda dugi ka
  sa-Nusantara, malah keur dunya apelmuan oge Insya Alloh. Muhun, dina
  raraga panalungtikan arkologi, Ambu bade safari ilmiah ka Kalimantan
  Timur, pasna mah ka Muara Kaman, Kab. Kutai, Kaltim. Seueur anu uninga
  yen eta patempatan teh mangrupa situs patilasan karajaan Kutai
  Kartanagara atawa nami buhunna mah Bakulapura. Ari raja Kutai anu
  mimiti ngamashurkeun Kutai taya lian ti Mulawarman tea, raja anu bibit
  buitna ti katurunan Salakanagara lebet kana periode Tarumanagara,
  Bogor, Tatar Sunda.

  Hayu urang daru'akeun, pamugi ieu perjalanan kanggo kapentingan ilmiah
  Ambu teh janten hiji perjalanan anu sukses tur manfaat keur balarea.
  Ka Ambu pamugi dipaparin kakiatan dugi ka rengse tur lancar ngayakeun
  panalungtikan arkeologi situs Muara Kaman.

  baktosna,
  manAR


   

Kirim email ke