Ambu abdi ngiringan ka Kutai, palay diajar ngalungkeun MANDOU hiber , palay pependak sareng Eyang Bonisura ti jampang Kulon Guruna Raja2 jawa jeung Sunda elmuna BALASAREWU cing turunkeun cara ilmuna ka turuanan sunda di USA. Rampes Kang Yana
----- Original Message ---- From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, August 7, 2008 11:39:00 PM Subject: Re: [kisunda] Wilujeng ka Ambu anu bade makalangan di bumi Mulawarman Keun urang sanggap di Samarindana, tapi ari ka Muara Kaman mah rada tebih keneh, langkung girang tibatan Tenggarong minangka puser dayeuh Kabupaten Kutai Kertanegara, ari anu disebat Kutai teh ayeuna mah tos aya Kab. Kutai Timur, Kutai Barat, Kutai Kertanegara anu tengah, leres kapungkur mah mung aya hiji kabupaten nyaeta Kabupaten Kutai. Mangga wilujeng pelesiran Ambu! wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: oman abdurahman To: kisunda Sent: Friday, August 08, 2008 9:57 AM Subject: [kisunda] Wilujeng ka Ambu anu bade makalangan di bumi Mulawarman Aya wartos Ambu bade nganjang ka bumi Mulawarman, dina raraga panalungtikan anu kalintang ageung ajenna, boh keur kisunda dugi ka sa-Nusantara, malah keur dunya apelmuan oge Insya Alloh. Muhun, dina raraga panalungtikan arkologi, Ambu bade safari ilmiah ka Kalimantan Timur, pasna mah ka Muara Kaman, Kab. Kutai, Kaltim. Seueur anu uninga yen eta patempatan teh mangrupa situs patilasan karajaan Kutai Kartanagara atawa nami buhunna mah Bakulapura. Ari raja Kutai anu mimiti ngamashurkeun Kutai taya lian ti Mulawarman tea, raja anu bibit buitna ti katurunan Salakanagara lebet kana periode Tarumanagara, Bogor, Tatar Sunda. Hayu urang daru'akeun, pamugi ieu perjalanan kanggo kapentingan ilmiah Ambu teh janten hiji perjalanan anu sukses tur manfaat keur balarea. Ka Ambu pamugi dipaparin kakiatan dugi ka rengse tur lancar ngayakeun panalungtikan arkeologi situs Muara Kaman. baktosna, manAR
