Etah Kang Yana, naha teu acan kulem kitu tos tabuh sakieu, mandau hiber mah sok 
menta getih bae sareng maharna rada awis ratusan jut, upami leres bade mah 
mangga kadieu, engke ditepangkeun sareng mandau hiber, tapi nyakitu pamelina 
hiii... hi... cocok kanggo kondisi chaos.

wassalam, 
dudi_ss
  ----- Original Message ----- 
  From: SASTRANEGARA THARYANA 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, August 08, 2008 11:56 AM
  Subject: Re: [kisunda] Wilujeng ka Ambu anu bade makalangan di bumi Mulawarman



  Ambu abdi ngiringan ka Kutai, palay diajar ngalungkeun MANDOU hiber , palay 
pependak sareng Eyang Bonisura ti jampang Kulon Guruna Raja2 jawa  jeung Sunda 
elmuna BALASAREWU cing turunkeun cara ilmuna ka turuanan sunda di USA.

  Rampes
  Kang Yana

   


  ----- Original Message ----
  From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
  To: [email protected]
  Sent: Thursday, August 7, 2008 11:39:00 PM
  Subject: Re: [kisunda] Wilujeng ka Ambu anu bade makalangan di bumi Mulawarman



  Keun urang sanggap di Samarindana, tapi ari ka Muara Kaman mah rada tebih 
keneh, langkung girang tibatan Tenggarong minangka puser dayeuh Kabupaten Kutai 
Kertanegara, ari anu disebat Kutai teh ayeuna mah tos aya Kab. Kutai Timur, 
Kutai Barat, Kutai Kertanegara anu tengah, leres kapungkur mah mung aya hiji 
kabupaten nyaeta Kabupaten Kutai. Mangga wilujeng pelesiran Ambu!

  wassalam,
  dudi_ss


    ----- Original Message ----- 
    From: oman abdurahman 
    To: kisunda 
    Sent: Friday, August 08, 2008 9:57 AM
    Subject: [kisunda] Wilujeng ka Ambu anu bade makalangan di bumi Mulawarman


    Aya wartos Ambu bade nganjang ka bumi Mulawarman, dina raraga
    panalungtikan anu kalintang ageung ajenna, boh keur kisunda dugi ka
    sa-Nusantara, malah keur dunya apelmuan oge Insya Alloh. Muhun, dina
    raraga panalungtikan arkologi, Ambu bade safari ilmiah ka Kalimantan
    Timur, pasna mah ka Muara Kaman, Kab. Kutai, Kaltim. Seueur anu uninga
    yen eta patempatan teh mangrupa situs patilasan karajaan Kutai
    Kartanagara atawa nami buhunna mah Bakulapura. Ari raja Kutai anu
    mimiti ngamashurkeun Kutai taya lian ti Mulawarman tea, raja anu bibit
    buitna ti katurunan Salakanagara lebet kana periode Tarumanagara,
    Bogor, Tatar Sunda.

    Hayu urang daru'akeun, pamugi ieu perjalanan kanggo kapentingan ilmiah
    Ambu teh janten hiji perjalanan anu sukses tur manfaat keur balarea.
    Ka Ambu pamugi dipaparin kakiatan dugi ka rengse tur lancar ngayakeun
    panalungtikan arkeologi situs Muara Kaman.

    baktosna,
    manAR





   

Kirim email ke