iket...........
jaman baheula aya juragan kontrolir, juragan tuan..
jeneng administratur atawa kapala perkebunan....
imahna gede,...buruanna lega, pinuh ku kekembangan...
dina hijimangsa juragan teh ambek ka jongosna..
kusabab tangkal kembang piaraannana sawareh rusak ,
,beak didahar embe piaraanna oge..
ana gantawang teh nyarekan...
"hey kamu jongooos!
itu bagaimana kamu urus itu kambing sech?"
kebon bunga sampai rusak begiitu toch?
coba, gancang itu kambing di ikat di samping !"
si jongos ngahuleng....
"baik tuan.." cenah..
mani rikat newak embe.....
ari isuknaaaa....ditempo teh..
angger beee....kembang beak keneh didahar embe...
atuuuuh , gantawang deui nyarekan....
" kan kata tuan harus di iket dan di samping???"
kacipta si tuan bengong, nempo eta embe dibajuan...
.......oca tea...





--- On Fri, 8/8/08, agus rohaendi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: agus rohaendi <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] landong baud
To: [email protected]
Date: Friday, August 8, 2008, 5:32 AM









dibaudan, disekrupan, di seurian

 

OBROLAN SAPI JEUNG HAYAM  
Hayam : “Heeh Sapi ! Dasar ngarana manusa nya
meuni loba teuing mentingkeun diri sorangan!

Sapi : “Na kunaon kitu bet bisa
ngomong kitu maneh teh ?

Hayam : “Coba weh perhatikeun,
 naon coba nu geus dipigawe maranehanana ka kuring !

Sapi : “ Har ! Naha kunaon kitu
?

Hayam : “Kuring teh terus we
ngendog, da hayang boga turunan tea  ! Tapi naon coba nu geus dipigawe ku 
manusia,  unggal
poe endog teh didaharan ku maranehanana, kumaha rek boga turunan atuh urang
teh ! Teu disesakeun hiji-hiji acan endong teh !

Sapi : ”Alaah ! eta parsoalan
leutik atuh !

Hayam : ” Maksudna ?”

Sapi : ”Yeuh dengekeun Kuring !
lamun difikir nasib kuring leuwih goreng. rarasaan mah hayang bunuh 
diri jigana !. Coba we Bayangkeun, unggal poe manusia nginum susu kuring tapi
ueweuh hiji-hiji acan geuning nu nyalukan Ema ka kuring !

Hayam : ??  
    
SOSONOAN  
Sore sore....aya pasangan anu keur istirahat
bari gogoleran, sarengsena sosonoan di jero kamar !

Teu kungsi lila, kadenge aya sora mobil ngerem, tuluy aya sora panto mobil di
buka, tuluy di gebrukkeun.. .......

Si awewe ngorejat semu nu reuwas...tuturubun ti tempat tidur bari pokna :
" "Gancang dibaju...... ....eta sigana salaki urang balik ti
kantor "

Si lalaki ngilu reuwas, manehna tuluy nempo ka jandela, balik deui ningali ka
jero kamar, pokna bari siga nu bingung :" Apanan...... lain aing
salaki maneh teh..?"   



"wilujeng makalangan kanggo nden ambu diana,...."
 
         
        
        




      




      

Kirim email ke