horeng? hiji jajaka kabungbulengan ku hiji mojang... tapi nyi mojang teu puruneun. Jajaka: "Akang leres-leres micinta Nyai,... estu sajatining cinta. Seriuuus, sanes cinta uulinan.. Da upami cinta akang ditampik,... tangtos akang tereh ngemasing pati... margi akang bade maehan maneh!" Tapi nyi mojang keuuukeuh teu daek. Bener bae,...si jajaka teh maot.... tilu puluh taun ti harita... lantaran salesma! (cuplikan bebasti sura seuri sunda, HD Bastaman, 2004)
--- On Fri, 8/8/08, agus rohaendi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: agus rohaendi <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] landong baud To: [email protected] Date: Friday, August 8, 2008, 5:32 AM dibaudan, disekrupan, di seurian OBROLAN SAPI JEUNG HAYAM Hayam : “Heeh Sapi ! Dasar ngarana manusa nya meuni loba teuing mentingkeun diri sorangan! Sapi : “Na kunaon kitu bet bisa ngomong kitu maneh teh ? Hayam : “Coba weh perhatikeun, naon coba nu geus dipigawe maranehanana ka kuring ! Sapi : “ Har ! Naha kunaon kitu ? Hayam : “Kuring teh terus we ngendog, da hayang boga turunan tea ! Tapi naon coba nu geus dipigawe ku manusia, unggal poe endog teh didaharan ku maranehanana, kumaha rek boga turunan atuh urang teh ! Teu disesakeun hiji-hiji acan endong teh ! Sapi : ”Alaah ! eta parsoalan leutik atuh ! Hayam : ” Maksudna ?” Sapi : ”Yeuh dengekeun Kuring ! lamun difikir nasib kuring leuwih goreng. rarasaan mah hayang bunuh diri jigana !. Coba we Bayangkeun, unggal poe manusia nginum susu kuring tapi ueweuh hiji-hiji acan geuning nu nyalukan Ema ka kuring ! Hayam : ?? SOSONOAN Sore sore....aya pasangan anu keur istirahat bari gogoleran, sarengsena sosonoan di jero kamar ! Teu kungsi lila, kadenge aya sora mobil ngerem, tuluy aya sora panto mobil di buka, tuluy di gebrukkeun.. ....... Si awewe ngorejat semu nu reuwas...tuturubun ti tempat tidur bari pokna : " "Gancang dibaju...... ....eta sigana salaki urang balik ti kantor " Si lalaki ngilu reuwas, manehna tuluy nempo ka jandela, balik deui ningali ka jero kamar, pokna bari siga nu bingung :" Apanan...... lain aing salaki maneh teh..?" "wilujeng makalangan kanggo nden ambu diana,...."
