Waduh, nyaan SUADMA na teh, pohara pisan.
At 07:56 PM 8/19/2008, Nong Gerak wrote:
Ageman Sri Baduga Maharaja_3
* Kacaritakeun Baduga mulang bari mawa
kamelang,geuning manahna saparat ngalalana
kalah mawa kamelang,geuning nu tadina tandang
malik jadi manggul kahariwang,Baduga beak
dengkak mulak-malik uteuk jang ngalaeungitkeun nu jadi baluang.
* Dimimitian ku tekad awaking hayang ngudag
nu sajati,Baduga mulang ka lembur mawa hiji
bukti,yen diri manusa sakumaha wae disebutna
sakti,euweuh nu bisa nandingan ajaran ieu nu
bakal mawa mukti. Bari ngaliwatan poe-poe nu
jadi sesa,Baduga ngamimitian muka hate jang
papatah Nu Maha Kawasa,beuki jero asa beuki
euweuh tangan pangawasa,hate melang bisi teu
kaburu mayaran dosa. Dibarengan ku niat anu
kuat,Baduga muntang menta diajar nepi ka
parat,ngarah bisa bisa tengtrem nyanghareupan
sakarat,ngarah kaburu keneh bebekelan
nyanghareup akherat. Ku kersana Nu Maha
Kawasa,sobat dalitna tungtungna balaka bari teu
maksa,ngaenyakeun eta ageman jang nyalametkeun
bangsa manusa,ngarah di akherat engke teu
meunang siksa. Ki Santang leukeun nuturkeun ti
taun ka taun nu geus kaliwat,hayang milu
menerkeun kahirupan Baduga nu jadi sobat,nepi
ka tinekanan baturna tobat,sujud syukur ka
Allah dipaparin waktos teu nepi ka telat. Robah
jaman,robah mangsa,robah cara nempo
dunya,emutan Baduga teu ngan ukur ngudag-ngudag
dunya,geus ngamimitian nyawang alam saenggeus
alam dunya,bari diomat-omatan sobatna ulah ninggalkeun kawajiban dudunya.
* Baduga tungtungna nyekel pageuh ageman
ka-Islam-an. Nu bakal mawa robah sajarah
kahareupna rahayat Pasundan,silih genti jeung
Santang nyi¢arkeun ieu ageman,babarengan
naratas jalan jang ngadegkeun kabeneran. Mimiti
eta Baduga ngarobah ngarana,di julukan Sunan
Rohmat ayana,dimakamkeun haying jiga
rahayatna,ngan ukur menta do¢a ti anak-anakna.
Gelar anyar jang ngukir kayakinan anyar,
* Tah ayeuna geus diterangkeun Baduga teh
Siliwangi nu disebut Sunan Rohmat tea.
__________________________________________________
ILEN KARDANI
Drilling Services Manager
Schlumberger Drilling & Measurements
16 Floor, Rohas Perkasa
No.8 Jalan Perak
50450 Kuala Lumpur Malaysia
Tel: 60 (3) 2166 7788
DID: 60 (3) 2169 4180
Fax: 60 (3) 21667100
Mobile: 60 (12) 2516485
mailto:[EMAIL PROTECTED]