Cing tah punten ulah kapalang NONG-NONG nyarios boh medar boh ngabaladah...teh mun leres tujuan teh pakeun ngabewantarakeun KARUHUN URANG "AHUUUUUNNNNNG na SILIWANGI nu kasebat SRI BADUGA".... teh ulah kapalang deung ulah ngan ukur na ieu MILIS tapi oge GUBRAG keun mangrupa terbitan, buku, atanapi dina WIKIPEDIA mun enya mah SAJATI SRI BADUGA kitu...disartaan ku sumber2na anu cnah otentik tea, keun weh VERSI NONGGERAK....ngarah jadi POLEMIK anu saheh...terbuka...ulah ngan ukur NGALUNGKEUN bari nyumput...noongan balas cindul peureupeun... komo deui apan ari nu disebat SIXTH SENSE tea mah kedah TEUNEUNG tur LUDEUNG...tapa di urang reya...sanes susulumputan dina kirai bari noongan batur... (one way glass)...
Ongkoh deuih Ki NONGNONG...bet noongan sense data teh cnah ku batin...nepi ka nerangkeun nu aya na dina bungkus waruga... saha kumaha hiji2na ditoongan kalebet KURING oge (cnah teh saha nu make baju bodas.....bla bla bla) sakalian ulah kapalang.... Tabe Pun AMBU Wirumananggay ----- Original Message ---- From: ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected]; urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]> Sent: Wednesday, August 20, 2008 8:15:46 PM Subject: Re: [kisunda] (Serat :21)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Ageman Sri Baduga MAharaja_3 Waduh, nyaan SUADMA na teh, pohara pisan. At 07:56 PM 8/19/2008, Nong Gerak wrote: Ageman Sri Baduga Maharaja_3 * Kacaritakeun Baduga mulang bari mawa kamelang,geuning manahna saparat ngalalana kalah mawa kamelang,geuning nu tadina tandang malik jadi manggul kahariwang,Baduga beak dengkak mulak-malik uteuk jang ngalaeungitkeun nu jadi baluang. * Dimimitian ku tekad awaking hayang ngudag nu sajati,Baduga mulang ka lembur mawa hiji bukti,yen diri manusa sakumaha wae disebutna sakti,euweuh nu bisa nandingan ajaran ieu nu bakal mawa mukti. Bari ngaliwatan poe-poe nu jadi sesa,Baduga ngamimitian muka hate jang papatah Nu Maha Kawasa,beuki jero asa beuki euweuh tangan pangawasa,hate melang bisi teu kaburu mayaran dosa. Dibarengan ku niat anu kuat,Baduga muntang menta diajar nepi ka parat,ngarah bisa bisa tengtrem nyanghareupan sakarat,ngarah kaburu keneh bebekelan nyanghareup akherat. Ku kersana Nu Maha Kawasa,sobat dalitna tungtungna balaka bari teu maksa,ngaenyakeun eta ageman jang nyalametkeun bangsa manusa,ngarah di akherat engke teu meunang siksa. Ki Santang leukeun nuturkeun ti taun ka taun nu geus kaliwat,hayang milu menerkeun kahirupan Baduga nu jadi sobat,nepi ka tinekanan baturna tobat,sujud syukur ka Allah dipaparin waktos teu nepi ka telat. Robah jaman,robah mangsa,robah cara nempo dunya,emutan Baduga teu ngan ukur ngudag-ngudag dunya,geus ngamimitian nyawang alam saenggeus alam dunya,bari diomat-omatan sobatna ulah ninggalkeun kawajiban dudunya. * Baduga tungtungna nyekel pageuh ageman ka-Islam-an. Nu bakal mawa robah sajarah kahareupna rahayat Pasundan,silih genti jeung Santang nyi¢arkeun ieu ageman,babarengan naratas jalan jang ngadegkeun kabeneran. Mimiti eta Baduga ngarobah ngarana,di julukan Sunan Rohmat ayana,dimakamkeun haying jiga rahayatna,ngan ukur menta do¢a ti anak-anakna. Gelar anyar jang ngukir kayakinan anyar, * Tah ayeuna geus diterangkeun Baduga teh Siliwangi nu disebut Sunan Rohmat tea. ____________ _________ _________ _________ _________ __ ILEN KARDANI Drilling Services Manager Schlumberger Drilling & Measurements 16 Floor, Rohas Perkasa No.8 Jalan Perak 50450 Kuala Lumpur – Malaysia Tel: 60 (3) 2166 7788 DID: 60 (3) 2169 4180 Fax: 60 (3) 21667100 Mobile: 60 (12) 2516485 mailto:ilen@ kuala-lumpur. oilfield. slb.com
