Sapuk Ambu,......He...he...he... ngabandungan pedaran-pedaran kang Nong Nong 
salila ieu asa ngadengekeun dongeng pikeun mepende budak supaya sare lain 
pedaran elmu. Ari dongeng mah teu perlu data nu nyata, teu ditungtut pikeun 
tanggung jawab kana eta carita - - -   ngaranna ge dongeng, jadi bisa sakadaek 
kumaha nu ngadongeng nurutkeun wangwangan sorangan oge bisa ngagugulung cenah 
jeung beja, beda ari nu ditungtut ku ambu jeung umumna Kisunda mah hayang 
mulungan elmu nu jelas aya sumber, aya data nu bisa dipertanggungjawabkeun 
jeung kaharti ku akal pikiran, he...he....he.....
- samarukna ari luluhur kisunda teh bodo kitu?
- samarukna ari Sri Baduga teh teu ngahargaan kana kanyaah kolotna kitu, make 
hayang ganti ngaran jadi ngaran deungeun?
- samarukna ari Gusti Nu Maha Suci teh pilih kasih kitu?
- samarukna elmu Gusti teh sarua jeung dongeng kitu?
- samarukna ari sumber bener teh ngan asal ti tanah Arab bae kitu? 
- samarukna.......samrukna.......samarukna.........., samarukna........jst. 
 
He...he...he...
Sok ah kang Nong.....teraskeun dongengna.... teu acan tunduh yeuh.
 
pun engkus tea nun.

--- On Sun, 8/24/08, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] (Serat :21)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Ageman Sri Baduga 
MAharaja_3
To: [email protected]
Date: Sunday, August 24, 2008, 8:51 AM








Cing tah punten 
ulah kapalang NONG-NONG nyarios boh medar boh ngabaladah.. .teh mun leres 
tujuan teh pakeun ngabewantarakeun KARUHUN URANG "AHUUUUUNNNNNG na SILIWANGI nu 
kasebat SRI BADUGA".... teh ulah kapalang deung ulah ngan ukur na ieu MILIS 
tapi oge GUBRAG keun mangrupa  terbitan, buku, atanapi dina WIKIPEDIA mun enya 
mah SAJATI SRI BADUGA kitu...disartaan ku sumber2na anu cnah otentik tea, keun 
weh VERSI NONGGERAK... .ngarah jadi POLEMIK anu saheh...terbuka. ..ulah ngan 
ukur NGALUNGKEUN bari nyumput...noongan balas cindul peureupeun.. . komo deui 
apan ari nu disebat SIXTH SENSE tea mah kedah TEUNEUNG tur LUDEUNG...tapa di 
urang reya...sanes susulumputan dina kirai bari noongan batur... (one way 
glass)...

Ongkoh deuih Ki NONGNONG...bet noongan sense data teh cnah ku batin...nepi ka 
nerangkeun nu aya na dina bungkus waruga... saha kumaha hiji2na ditoongan 
kalebet KURING oge (cnah teh saha nu make baju bodas.....bla bla bla) sakalian 
ulah kapalang.... 
 
Tabe Pun
AMBU Wirumananggay





----- Original Message ----
From: ilen kardani <[EMAIL PROTECTED] oilfield. Slb.Com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com; urangsunda <[EMAIL PROTECTED] ups.com>; 
baraya_sunda <baraya_sunda@ yahoogroups. com>; kisunda <[EMAIL PROTECTED] .com>
Sent: Wednesday, August 20, 2008 8:15:46 PM
Subject: Re: [kisunda] (Serat :21)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Ageman Sri Baduga 
MAharaja_3



Waduh, nyaan SUADMA na teh, pohara pisan.

At 07:56 PM 8/19/2008, Nong Gerak wrote:


Ageman Sri Baduga Maharaja_3

  

Kacaritakeun Baduga mulang bari mawa kamelang,geuning manahna saparat ngalalana 
kalah mawa kamelang,geuning nu tadina tandang malik jadi manggul 
kahariwang,Baduga beak dengkak mulak-malik uteuk jang ngalaeungitkeun nu jadi 
baluang. 
  

Dimimitian ku tekad awaking hayang ngudag nu sajati,Baduga mulang ka lembur 
mawa hiji bukti,yen diri manusa sakumaha wae disebutna sakti,euweuh nu bisa 
nandingan ajaran ieu nu bakal mawa mukti. Bari ngaliwatan poe-poe nu jadi 
sesa,Baduga ngamimitian muka hate jang papatah Nu Maha Kawasa,beuki jero asa 
beuki euweuh tangan pangawasa,hate melang bisi teu kaburu mayaran dosa. 
Dibarengan ku niat anu kuat,Baduga muntang menta diajar nepi ka parat,ngarah 
bisa bisa tengtrem nyanghareupan sakarat,ngarah kaburu keneh bebekelan 
nyanghareup akherat. Ku kersana Nu Maha Kawasa,sobat dalitna tungtungna balaka 
bari teu maksa,ngaenyakeun eta ageman jang nyalametkeun bangsa manusa,ngarah di 
akherat engke teu meunang siksa. Ki Santang leukeun nuturkeun ti taun ka taun 
nu geus kaliwat,hayang milu menerkeun kahirupan Baduga nu jadi sobat,nepi ka 
tinekanan baturna tobat,sujud syukur ka Allah dipaparin waktos teu nepi ka 
telat. Robah jaman,robah mangsa,robah cara nempo
 dunya,emutan Baduga teu ngan ukur ngudag-ngudag dunya,geus ngamimitian nyawang 
alam saenggeus alam dunya,bari diomat-omatan sobatna ulah ninggalkeun kawajiban 
dudunya. 
  

Baduga tungtungna nyekel pageuh ageman ka-Islam-an. Nu bakal mawa robah sajarah 
kahareupna rahayat Pasundan,silih genti jeung Santang nyi¢arkeun ieu 
ageman,babarengan naratas jalan jang ngadegkeun kabeneran. Mimiti eta Baduga 
ngarobah ngarana,di julukan Sunan Rohmat ayana,dimakamkeun haying jiga 
rahayatna,ngan ukur menta do¢a ti anak-anakna. Gelar anyar jang ngukir 
kayakinan anyar, 
  

Tah ayeuna geus diterangkeun  Baduga teh Siliwangi nu disebut Sunan Rohmat tea. 

____________ _________ _________ _________ _________ __
ILEN KARDANI
Drilling Services Manager
Schlumberger Drilling & Measurements
16 Floor, Rohas Perkasa
No.8 Jalan Perak
50450 Kuala Lumpur – Malaysia
Tel:  60 (3) 2166 7788
DID: 60 (3) 2169 4180
Fax: 60 (3) 21667100
Mobile: 60 (12) 2516485
mailto:ilen@ kuala-lumpur. oilfield. slb.com



 














      

Kirim email ke