Kang Dud sering2 ka daerah wetan geura ke langkung karaos pisan sunda na.
 
JP
implik2: Rossa lebet [EMAIL PROTECTED]



----- Original Message ----
From: ua duq <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]>; 
baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Thursday, August 21, 2008 4:29:37
Subject: [kisunda] Di Internét, Kuring Nyiar Sunda nu Biasa


"teu kudu ngaluluhur. cukup jiga batur. cukup sarua rarenjul"  
Mumbulna kasadaran sorangan, kuring téh sunda, can lila. Paling lila karak lima 
taunan. Kituna téh, sanggeus inténs wawawuhan jeung dunya goib, remen 
iinternétan. 

Naon cenah hubungan ngarasa sunda jeung internét? 

Keur sakuringeun mah, rasa nganuhunkeun ka angkatan bersenjata Amérika Serikat 
(saterusna ukur ditulis Amérika) kacida gedéna. Kadé hal ieu ulah 
dihubung-hubungkeun jeung diserangna (cenah) "umat Islam" Iraq ku tangtara 
Amérika. Kuring mah ukur nganuhunkeun ka maranéhna, sabab geus ngembangkeun 
hiji sistem jaringan, nu jadi embrio nu ayeuna mah disebut internét téa. 

Kuring mah sadar ti bubudak geus boga panyakit kacangcayaan kana jirim diri, 
ogé cangcaya ka jirim batur. Rumasa, dina hal wawawuhan kuring teu pati bisa. 
Loba mikiran kasieun. Sok sieun nu jadi lawan ngomong, kadupak haténa. Lamun 
nyangangang, sieun teu bisa ngayonan. Jadi mun dina riungan di alam nyata, 
kuring sok leuwih milih nyidem sora. Nepi ka kiwari kituna téh. Nepi ka 
tungtungna wawawuhan jeung internét. Kuring bisa nyumputkeun jirim nepi ka wani 
pikeun mudalkeun pikiran tampa sieun irung bocor atawa mata geuneuk. Da dimana 
batur nyarita aya nu karérab haténa lain jirim kuring nu eumeur, paling-paling 
monitor jeung beurit manéna nu jadi bangkarak. Nuhun US Army!! teu poho ogé ka 
sakabéh nu terus ngembangkeun ieu dunya raramatan, nuhun... 

Can ngajawab nya? 

Keur leutik nepi ka kira-kira sataun beres ngarawu élmu di hiji(-hijina) 
paguron luhur nagri di Bogor kuring can enya-enya ngarasa Sunda. Jih naha jalma 
nu dingaranan Dudi Herlianto ku bapana ieu téh kacida jauhna jeung nu ngaranna 
Sunda kitu? Henteu! baraya. Saumur hirup manehna mah, pagilinggisik teu sirikna 
unggal waktu jeung nu ngaranna sunda. 

Manéhna ti mimiti ngambeu bau dunya can pernah ngangkat suku duanana ti lemah 
Sunda leuwih ti saminggu. Ti mimiti lahir 28 taun katukang, nepi ka tamat SMA 
kuring tara incah ti kabupatén nu cenah asal kecapna tina Insun Medal, Insun 
Madangan, Sumedang. Terus ngiluan UMPTN (nu babalagaan) nyokot IPC--poho deui 
panjangna mah. Dua pilihan mimiti, aya di tatar Sunda. Teknik Pertambangan di 
Bandung, jeung Statistika di Bogor. Nu katiluna mah Ékonomi Pembangunan di 
Purwokerto. Najan enya gé kiwari jadi bagéan administratip tatar Jawa (Tengah). 
Cenah, baheulana mah cenah kaasup karajaan Galuh nu notabénéna Sunda kénéh. Ieu 
mah babagi kabungah wé, puji sukur ka hyang agung kuring lolos UMPTN najan 
pilihan kadua. Nyahona téh, sanggeus ngaran asup kana koran, keur nu munggaran. 
Mangka koranna gé, cenah, koran kabanggaan warga Jawa Barat (baca: tatar Sunda) 
deuih. 

Salian ti éta, kuring, ti gubrag ka alam dunya, nepi ka capétang basa Indonésia 
di sabudeureun tara towong nu maraké basa Sunda. Jeung, nepi ka kiwari angger 
lamun keur ngambek sok ngagorowok, "JADOL SIAH!!". Tah, teu kumaha kurang 
deukeut ka ki Sunda nya baraya? 

Ngan.... rasa sunda kuring harita lain mucunghul tina panggeuro getih goib. 
Ukur rasa tuturut munding, rasa hasil ngabanding-banding jeung batur 
sakuriling. Pan cenah mun manéh dijurukeun di Sumedang jeung mun ngomong teu 
bisa ngabédakeun p, f, jeung v bisa dipastikeun manéhna téh maké mérék bangsa 
(urang/sélér-- kuring teu pati resep maké kecap sékésélér!) dina tarangna: 
Sunda! Kuring rumasa kitu, jadi tara nyangangang lamun aya nu ngageroan: 
"Kabayan, mau ke mana?". Malah mah ngajawab panggerona gé bari nyengir embé 
begér sagala. 

Lima taun ka tukang mah, kuring narima sacara "enya lah!" kana rasa sunda éta. 
Nepi ka kuring asup ka mailing list (disinget milis, sarupaning komunitas di 
internét) nu ngahususkeun manéh maké panganteur basa Sunda. Mimiti asup ka 
[EMAIL PROTECTED] ups.com. Terus [EMAIL PROTECTED] .com. Can ngarasa sugema, 
kuring terus néangan milis susundaan. Nya nepi ka kiwari, kuring milu teu 
kurang ti lima milis. boh nu cara urangsunda jeung kisunda, modél baraya_sunda@ 
yahoogroups. com jeung karangtumaritis@ yahoogroups. com. Bos milis nu maké 
ngaran nu aya di tatar Sunda, modél kota-sumedang@ yahoogroups. com, jeung 
[EMAIL PROTECTED] com. 

Tah hasil mimilisan éta, rasa susundaan kuring mimiti mumbul dina haté. 
Pertanyaan pertanyaan modél: "Naha enya ieu téh Sunda?"/ "Jiga kumaha ari Sunda 
téh?" / "Keur naon maké aya jalma nu kokomoan merjuangkeun eksisténsi nu 
ngaranna sunda?" jeung réa-réa deui pertanyaan lianna. Singetna mah, ti milis 
pisan rasa néangan sunda mimiti mumbul. 

Ti milis ogé kuring bisa ningali rupa-rupa sunda. Aya sunda nu asa pangaingna. 
Aya nu pokona sunda. Aya nu euweuh bangsa nu leuwih alus iwal sunda. Jeung aya 
nu séjén-séjénna. Pokona kelir sunda téh reuteum pisan! Ti hideung nepi ka 
bodas, nyampak! 

Tah ti hasil ningalian milis ieu pisan, kuring beuki sadar,Sunda teh geuning 
biasa. Papak jeung bangsa séjénna nu aya di ieu dunya. Pan kabéh bangsa gé 
pasti ngarasa agul ku kaleuwihanna. Jeung jigana kabéh bangsa gé bakal 
sabisa-bisa nyumputkeun kagorénganna. Kumaha wé Hitler nu agul ku kaaryaanna, 
bari tara ngocal-ngocal kakuranganna. .. 

Jadi nuhun ka milis-milis kasundaan, kuring geus bisa manggih nu salila ieu 
disiaran. Kuring geus manggihan "Sunda nu Biasa!". Geus manggihan sunda nu bisa 
diagul-agulkeun ka anak incu jaga... 

Saréwukali deui nuhun.....

-- 
d-: dudi herlianto :-b
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
 


      Get your new Email address!
Grab the Email name you&#39;ve always wanted before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke