tah kasauran kang MH anu cocog sareng pamendak simkuring teh,
aya di lembur batur teu aya batur atanapi hese milarian rerencangan
kangge diajak gunem dina basa Sunda,
antukna ieu milist weh anu janten "pelampiasan" he he he

kang MH saur pun biang mah kutu aya basa lemesna
nyaeta *PUNTANG*

upami lisa mah *endog kutu* lemesna teh, he he
aya nu sanesna teu nya ?

baktos,



On Fri, Aug 22, 2008 at 9:26 AM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   On Fri, Aug 22, 2008 at 9:20 AM, Tirta widjaja <[EMAIL 
> PROTECTED]<TirtaCW%40yahoo.com>>
> wrote:
> > Kang Dud sering2 ka daerah wetan geura ke langkung karaos pisan sunda na.
> >
>
> enya, meungpeung bujang dia teh kang dud euy, heug liar ari pakanci
> teh, nyaba ka lembur batur saminggu dua minggu mah, tong ngahekok bae
> di lembur, ngarah leuwih lega tetempoan geura. karasa ku uing sorangan
> euy, resep susundaan teh lantaran kapaksa ngumbara. di pangumbaraan
> karek katempo jeung karasa yen uing teh geus ditakdirkeun jadi urang
> sunda, najan adug lajer urang mamalayuan, iinggrisan oge, angger we
> eta takdir teh teu bisa dikumbah, puguh warisan ti karuhun. najan
> cas-cis-cus inggrisna moal ieuh diaku urang inggris, da puguh awak
> kate kulit belewuk, lain potongan eropa. tapi ieu teh, lain hartina
> diajar basa jeung budaya deungeun teu penting.
>
> salam,
> mh
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke