hatur nuhun kang agus, asa pohara kasumangetan deui kuring ayeuna teh, nyaeta eta tea bener saur akang, aya rasa kacanduan tina masalah kisunda ieu, nya nu pertama na pedah seueur oge para inohong anu tina mangrupi2 spesialisasina sewang sewangan ngaguar kana kasundaan ieu, sareng salajengna memang enya sunda teh geuningan loba pisan misteri na, nu matak tambah pogot ngabandungana pikeun kuring mah. sok sanajan kitu aya rasa reugreug kana hate kuring jadi urang sunda. aya rasa bangga nu hese pikeun kuring nerangkeun alesanana, ngan ukur gumuruh dina hate. aya rasa "BODOH" nu kacida, lantaran lain oge disebut de'et kana kasundaan teh tapi karak antel/napel dina hate, ngan nyaeta pohara rasana (lah hese nerjemah keuna dina tulisan). yakin tina mandang kisunda , pada jalma pada boga pamadegan sorangan2 geuning. mung kuring rada kuciwa upama sajarah nu nyata, nu pernah kajadian , nu pernah dipilampah ku karuhun urang(sunda), jadi dipagujudkeun, atawa mun ceuk tukang lukismah jiga lukisan surrealisme(kitu sanes nyeratna, kang eminx). jiga nyata tapi hayalan. memang bae eta ge nu boga pamadegan atawa boga pamangih beda jeung nu ilaharna(nu umum) atawa memang spesialis na di widang eta. mung ceuk kuring nu blegug ieu, aya hade na mun speak by data. lantaran pan sararea terang di forum ieu sanes ngan wungkul jalmi nu muhit hiji disiplin elmu. kapan sararea ge niatna silih asah silih asih tea lin?, lain silih sungkruk silih gusur,silih gubruskeun. kuring ge seja silaturahmi di dieu barijeung nyeta mulungan elmu, najan blegug oge hayang we atuh ngiluan pinter , ngan embung etage ari dibobodo mah, keur mah kuring goblog, hantem meunang informasi anu bohong jadina EDAN leleuweungan atuh. walah jadi ngesang ngetik sakieu ge, barijeung tiporos wae curuk na ge heu heu... iraha atuh kang acara halal bihalal kisunda teh sareng tempatna dimana? insya Allah kuring ge hoyong ngiringan, muga-muga waktosna sapuk sareng jadwal kuring nuju aya di indonesia. cag heula ah
-- http://six4sep.co.cc
