okeh, mangga dilajeng.

salam,
mh

2008/9/3 Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]>:
> Sim kuring mah sapuk, alesanana aspek Nutup dina ayat kahiji jeung
> diBrehkeun dina ayat kadua tos katangkep dina tarjamah ieu. Catetan kangge
> MH, tah aspek Nutupan ieu nu penting sabab beda karasana lamun sadar aya
> fenomena alam poek teh lain ngaguluyur asal jeung jadi poek tapi ieu teh aya
> sabab, ditutup. Aya subjek nu ngawasa nutup aya objek nu ditutupan.
>
> salam,
> tirta
>
> ~ experientia docet sapientiam ~
>
> ----- Original Message ----
> From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Tuesday, September 2, 2008 17:50:10
> Subject: [kisunda] TQBS - Al Lail (Peuting)
>
> Diringkes ku abdi sadaya pamendak, ayat 1 sareng 2 dirobih janten:
>
> 1. Demi peuting nalika poék (nutupan cahaya beurang).
> 2. jeung beurang nalika caang padang narawangan,
>
> Kaol ieu ogé luyu sareng tarjamah dina www.quranexplorer. com boh nu basa
> Indonésia boh nu basa Inggris:
>
> 1. Demi malam apabila menutupi [cahaya siang]
> 2. dan siang apabila terang benderang,
>
> 1. By the Night as it conceals (the light)
> 2. By the Day as it appears in glory;
> Kumaha tah, akang-akang?
>
> Salam,
> Asep
>
>
> --- On Tue, 9/2/08, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>
> From: mh <[EMAIL PROTECTED] com>
> Subject: Re: Ayat 1 & 2 Re: [kisunda] Peutin
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Date: Tuesday, September 2, 2008, 6:33 PM
>
> Asa genaheun kieu asana:
> 1. Demi poek mongklengna peuting,
> 2. Jeung caangna beurang.
>
> salam,
> mh
>
> 2008/9/3 Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>:
>> Asupan ti sim kuring ayat 1 & 2
>>
>> Konstruksi 1: Ti Kang Asep
>>
>>
>>
>> 1.
>>
>> وَٱلَّيۡلِ إِذَا يَغۡشَىٰ
>>
>> Perhatikeun peuting nalika reup poék
>>
>> 2.
>>
>> وَٱلنَّہَارِ إِذَا تَجَلَّىٰ
>>
>> Jeung beurang nalika caang.
>>
>>
>>
>> Umumna tarjamahan ngeunaan cahaya, katutupan, kabuka (caang)
>>
>>
>>
>> Numutkeun Yassarnal Qur'an dua ayat ieu negeskeun pentingna merhatikeun
>> proses jeung kaayaan peuting jeung beurang. Jadi terjemahanana:
>>
>>
>>
>> Konstruksi 2:
>>
>> Ayat 1: Demi peuting nu mopoek sarangenge
>>
>> Ayat 2 : Jeung beurang mun geus kaciri
>>
>>
>>
>> Lamun Ibnu Katsir mah maksudna ayat kahiji teh peuting nu nutupan sakabeh
>> makhluk Allah SWT. Nu kadua kaayaan cararaang.
>>
>>
>>
>> Konstruksi 3:
>>
>> Ayat 1: Demi peuting nu nutupan
>>
>> Ayat 2 : Jeung beurang nu cararaang
>>
>>
>>
>> Usulan/Konstruksi 4:
>>
>> Ayat 1: Demi peuting nu nutupan/mopoek
>>
>> Ayat 2 : Jeung beurang nu cararaang
>>
>>
>>
>>
>>
>> Salam
>>
>> tirta
>>
>>
>> ~ experientia docet sapientiam ~
>>
>> ----- Original Message ----
>> From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>
>> To: [EMAIL PROTECTED] .com
>> Sent: Monday, September 1, 2008 20:25:42
>> Subject: [kisunda] Peuting
>>
>> Kanggo nu nuju saum, tamba ngagayot gado, ieu aya tarjamah surah Al Lail
>> (Peuting) nyumber kana www.quranexplorer. com sareng Al-Amin Al-Quran
>> Tarjamah Sunda:
>>
>> Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda
>> 1.
>> وَٱلَّيۡلِ إِذَا يَغۡشَىٰ
>> Perhatikeun peuting nalika reup poék
>> 2.
>> وَٱلنَّہَارِ إِذَا تَجَلَّىٰ
>> Jeung beurang nalika caang.
>> 3.
>> وَمَا خَلَقَ ٱلذَّكَرَ وَٱلۡأُنثَىٰٓ
>> Jeung diciptakeunana lalaki jeung awéwé..
>> 4.
>> إِنَّ سَعۡيَكُمۡ لَشَتَّىٰ
>> Saéstuna jalan (usaha) maranéh téh rupa-rupa.
>> 5.
>> فَأَمَّا مَنۡ أَعۡطَىٰ وَٱتَّقَىٰ
>> Sing saha anu béréhan jeung takwa.
>> 6.
>> وَصَدَّقَ بِٱلۡحُسۡنَىٰ
>> Jeung anu ngaenyakeun kana ayana pahala panghadéna (sawarga),
>> 7.
>> فَسَنُيَسِّرُهُ ۥ لِلۡيُسۡرَىٰ
>> Nya ku Kami baris digampangkeun kana (jalan) anu gampang.
>> 8.
>> وَأَمَّا مَنۢ بَخِلَ وَٱسۡتَغۡنَىٰ
>> Tapi sing saha anu korét turta ngarasa aya dina kacukupan,
>> 9.
>> وَكَذَّبَ بِٱلۡحُسۡنَىٰ
>> Jeung ingkar kana ayana pahala pangdéna (sawarga),
>> 10.
>> فَسَنُيَسِّرُهُ ۥ لِلۡعُسۡرَىٰ
>> Nya ku Kami baris digampangkeun kana jalan hésé-béléké.
>> 11.
>> وَمَا يُغۡنِى عَنۡهُ مَالُهُ ۥۤ إِذَا تَرَدَّىٰٓ
>> Jeung harta-bandana moal bisa nulungan upama manéhna binasa.
>> 12.
>> إِنَّ عَلَيۡنَا لَلۡهُدَىٰ
>> Saenyana kawajiban Kami méré pituduh.
>> 13.
>> وَإِنَّ لَنَا لَلۡأَخِرَةَ وَٱلۡأُولَىٰ
>> Jeung saenyana boga Kami ahérat jeung dunya.
>> 14.
>> فَأَنذَرۡتُكُمۡ نَارً۬ا تَلَظَّىٰ
>> Ku kituna, Kami ngawawadian maranéh ku seuneu nu ngéntab-ngéntab.
>> 15.
>> لَا يَصۡلَٮٰهَآ إِلَّا ٱلۡأَشۡقَى
>> Moal dipanggang didinya kajaba jalma nu pangcilakana.
>> 16.
>> ٱلَّذِى كَذَّبَ وَتَوَلَّىٰ
>> Anu ingkar (tina kabeneran) turta ngabalieur (tina iman).
>> 17.
>> وَسَيُجَنَّبُہَا ٱلۡأَتۡقَى
>> Jeung bakal dijauhkeun éta naraka téh ti jalma anu pangtakwana.
>> 18.
>> ٱلَّذِى يُؤۡتِى مَالَهُ ۥ يَتَزَكَّىٰ
>> Anu ngadarmakeun harta-bandana lantaran hayang nyucikeunana.
>> 19.
>> وَمَا لِأَحَدٍ عِندَهُ ۥ مِن نِّعۡمَةٍ۬ تُجۡزَىٰٓ
>> Padahal euwueh saurang ogé anu méré nikmat ka manéhna nu kudu dibales
>> budina.
>> 20.
>> إِلَّا ٱبۡتِغَآءَ وَجۡهِ رَبِّهِ ٱلۡأَعۡلَىٰ
>> Tapi karana miharep karido Pangéranna Nu Maha Luhung.
>> 21.
>> وَلَسَوۡفَ يَرۡضَىٰ
>> Mangke éngké manéhna éstu bakal pinanggih jeung kapuasan.
>>
>> Wilujeng saum dinten kadua.
>>
>> Asep
>>
>>
>> ____________ _________ _________ __
>> New Email names for you!
>> Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
>> Hurry before someone else does!
>
>
> ________________________________
> New Email addresses available on Yahoo!
> Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
> Hurry before someone else does! 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke