Sim kuring mah sapuk, alesanana aspek Nutup dina ayat kahiji jeung diBrehkeun dina ayat kadua tos katangkep dina tarjamah ieu. Catetan kangge MH, tah aspek Nutupan ieu nu penting sabab beda karasana lamun sadar aya fenomena alam poek teh lain ngaguluyur asal jeung jadi poek tapi ieu teh aya sabab, ditutup. Aya subjek nu ngawasa nutup aya objek nu ditutupan.
salam, tirta ~ experientia docet sapientiam ~ ----- Original Message ---- From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Tuesday, September 2, 2008 17:50:10 Subject: [kisunda] TQBS - Al Lail (Peuting) Diringkes ku abdi sadaya pamendak, ayat 1 sareng 2 dirobih janten: 1. Demi peuting nalika poék (nutupan cahaya beurang). 2. jeung beurang nalika caang padang narawangan, Kaol ieu ogé luyu sareng tarjamah dina www.quranexplorer. com boh nu basa Indonésia boh nu basa Inggris: 1. Demi malam apabila menutupi [cahaya siang] 2. dan siang apabila terang benderang, 1. By the Night as it conceals (the light) 2. By the Day as it appears in glory; Kumaha tah, akang-akang? Salam, Asep --- On Tue, 9/2/08, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: From: mh <[EMAIL PROTECTED] com> Subject: Re: Ayat 1 & 2 Re: [kisunda] Peutin To: [EMAIL PROTECTED] .com Date: Tuesday, September 2, 2008, 6:33 PM Asa genaheun kieu asana: 1. Demi poek mongklengna peuting, 2. Jeung caangna beurang. salam, mh 2008/9/3 Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>: > Asupan ti sim kuring ayat 1 & 2 > > Konstruksi 1: Ti Kang Asep > > > > 1. > > وَٱلَّيۡلِ إِذَا يَغۡشَىٰ > > Perhatikeun peuting nalika reup poék > > 2. > > وَٱلنَّہَارِ إِذَا تَجَلَّىٰ > > Jeung beurang nalika caang. > > > > Umumna tarjamahan ngeunaan cahaya, katutupan, kabuka (caang) > > > > Numutkeun Yassarnal Qur'an dua ayat ieu negeskeun pentingna merhatikeun > proses jeung kaayaan peuting jeung beurang. Jadi terjemahanana: > > > > Konstruksi 2: > > Ayat 1: Demi peuting nu mopoek sarangenge > > Ayat 2 : Jeung beurang mun geus kaciri > > > > Lamun Ibnu Katsir mah maksudna ayat kahiji teh peuting nu nutupan sakabeh > makhluk Allah SWT. Nu kadua kaayaan cararaang. > > > > Konstruksi 3: > > Ayat 1: Demi peuting nu nutupan > > Ayat 2 : Jeung beurang nu cararaang > > > > Usulan/Konstruksi 4: > > Ayat 1: Demi peuting nu nutupan/mopoek > > Ayat 2 : Jeung beurang nu cararaang > > > > > > Salam > > tirta > > > ~ experientia docet sapientiam ~ > > ----- Original Message ---- > From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> > To: [EMAIL PROTECTED] .com > Sent: Monday, September 1, 2008 20:25:42 > Subject: [kisunda] Peuting > > Kanggo nu nuju saum, tamba ngagayot gado, ieu aya tarjamah surah Al Lail > (Peuting) nyumber kana www.quranexplorer. com sareng Al-Amin Al-Quran > Tarjamah Sunda: > > Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda > 1. > وَٱلَّيۡلِ إِذَا يَغۡشَىٰ > Perhatikeun peuting nalika reup poék > 2. > وَٱلنَّہَارِ إِذَا تَجَلَّىٰ > Jeung beurang nalika caang. > 3. > وَمَا خَلَقَ ٱلذَّكَرَ وَٱلۡأُنثَىٰٓ > Jeung diciptakeunana lalaki jeung awéwé.. > 4. > إِنَّ سَعۡيَكُمۡ لَشَتَّىٰ > Saéstuna jalan (usaha) maranéh téh rupa-rupa. > 5. > فَأَمَّا مَنۡ أَعۡطَىٰ وَٱتَّقَىٰ > Sing saha anu béréhan jeung takwa. > 6. > وَصَدَّقَ بِٱلۡحُسۡنَىٰ > Jeung anu ngaenyakeun kana ayana pahala panghadéna (sawarga), > 7. > فَسَنُيَسِّرُهُ ۥ لِلۡيُسۡرَىٰ > Nya ku Kami baris digampangkeun kana (jalan) anu gampang. > 8. > وَأَمَّا مَنۢ بَخِلَ وَٱسۡتَغۡنَىٰ > Tapi sing saha anu korét turta ngarasa aya dina kacukupan, > 9. > وَكَذَّبَ بِٱلۡحُسۡنَىٰ > Jeung ingkar kana ayana pahala pangdéna (sawarga), > 10. > فَسَنُيَسِّرُهُ ۥ لِلۡعُسۡرَىٰ > Nya ku Kami baris digampangkeun kana jalan hésé-béléké. > 11. > وَمَا يُغۡنِى عَنۡهُ مَالُهُ ۥۤ إِذَا تَرَدَّىٰٓ > Jeung harta-bandana moal bisa nulungan upama manéhna binasa. > 12. > إِنَّ عَلَيۡنَا لَلۡهُدَىٰ > Saenyana kawajiban Kami méré pituduh. > 13. > وَإِنَّ لَنَا لَلۡأَخِرَةَ وَٱلۡأُولَىٰ > Jeung saenyana boga Kami ahérat jeung dunya. > 14. > فَأَنذَرۡتُكُمۡ نَارً۬ا تَلَظَّىٰ > Ku kituna, Kami ngawawadian maranéh ku seuneu nu ngéntab-ngéntab. > 15. > لَا يَصۡلَٮٰهَآ إِلَّا ٱلۡأَشۡقَى > Moal dipanggang didinya kajaba jalma nu pangcilakana. > 16. > ٱلَّذِى كَذَّبَ وَتَوَلَّىٰ > Anu ingkar (tina kabeneran) turta ngabalieur (tina iman). > 17. > وَسَيُجَنَّبُہَا ٱلۡأَتۡقَى > Jeung bakal dijauhkeun éta naraka téh ti jalma anu pangtakwana. > 18. > ٱلَّذِى يُؤۡتِى مَالَهُ ۥ يَتَزَكَّىٰ > Anu ngadarmakeun harta-bandana lantaran hayang nyucikeunana. > 19. > وَمَا لِأَحَدٍ عِندَهُ ۥ مِن نِّعۡمَةٍ۬ تُجۡزَىٰٓ > Padahal euwueh saurang ogé anu méré nikmat ka manéhna nu kudu dibales > budina. > 20. > إِلَّا ٱبۡتِغَآءَ وَجۡهِ رَبِّهِ ٱلۡأَعۡلَىٰ > Tapi karana miharep karido Pangéranna Nu Maha Luhung. > 21. > وَلَسَوۡفَ يَرۡضَىٰ > Mangke éngké manéhna éstu bakal pinanggih jeung kapuasan. > > Wilujeng saum dinten kadua. > > Asep > > > ____________ _________ _________ __ > New Email names for you! > Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail. > Hurry before someone else does! New Email addresses available on Yahoo! Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail. Hurry before someone else does! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
