Kacindekan tina hasil diskusi ieu nembe dilebetkeun kana wikipedia basa Sunda 
sapertos kieu:
 
 
Al Lail

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda 
(http://su.wikipedia.org/wiki/Al_Lail)

Luncat ka: pituduh, sungsi





Al Lail
الّيل



Informasi

Harti
Peuting

Golongan
Makkiyah

Surah ka
92

Juz
Juz 30

Statistik

Jumlah ruku'
1 ruku'

Jumlah ayat
21 ayat
Surat Al Lail (basa Arab:الّيل, al lail, "Peuting") nyaéta surat ka-92 dina al 
Qur'an. Surat ieu diwangun ku 21 ayat, kaasup golongan surat Makkiyah, 
diturunkeun sanggeus surat Al A'la. Surat ieu dingaranan Al Lail (peuting), 
dicokot tina kecap al lail anu aya dina ayat kahiji surat ieu.





Daptar eusi

1 Poko-poko eusi surat Al Lail 
2 Eusi jeung Tarjamah 
3 Hubungan surat Al Lail jeung surat Adh Dhuha 
4 Tumbu ka luar 

//



Poko-poko eusi surat Al Lail
Usaha manusa éta téh rupa-rupa, alatan éta balesanana nu ogé béda-béda; jelema 
anu resep sidekah, takwa sarta ngaenyakeun ayana pahala anu panghadéna 
(sawarga) bakal dimudahkeun ku Alloh pikeun ngalakonan kahadéan anu mawa kana 
kabagjaan di ahérat, tapi jelema anu digampangkeun ku Alloh pikeun ngalakonan 
kejahatan-kejahatan anu mawa kasangsaraan di ahérat, harta bandana moal baris 
méré mangpaat ka manéhna; jelema anu medit ngarasa dirina cukup sarta ingkar 
kana ayana pahala anu panghadéna (sawarga).
Surat Al Lail ngajelaskeun yén amal-amalan anu dipigawé kalawan ihlas 
samata-mata néangan karidoan Alloh éta pisan anu mawa kabagjaan di ahérat jaga.

Eusi jeung Tarjamah



Ayat ka
Tulisan Arab
Tarjamah basa Sunda

1.

وَٱلَّيۡلِ إِذَا يَغۡشَىٰ
Demi peuting nalika poék (nutupan cahaya beurang),


2.

وَٱلنَّہَارِ إِذَا تَجَلَّىٰ
jeung beurang nalika caang padang narawangan.


3.

وَمَا خَلَقَ ٱلذَّكَرَ وَٱلۡأُنثَىٰٓ
jeung diciptakeunana lalaki jeung awéwé..


4.

إِنَّ سَعۡيَكُمۡ لَشَتَّىٰ
Saéstuna jalan (usaha) maranéh téh rupa-rupa.


5.

فَأَمَّا مَنۡ أَعۡطَىٰ وَٱتَّقَىٰ
Sing saha anu béréhan jeung takwa.


6.

وَصَدَّقَ بِٱلۡحُسۡنَىٰ
jeung anu ngaenyakeun kana ayana pahala panghadéna (sawarga),


7.

فَسَنُيَسِّرُهُ ۥ لِلۡيُسۡرَىٰ
nya ku Kami baris digampangkeun kana (jalan) anu gampang.


8.

وَأَمَّا مَنۢ بَخِلَ وَٱسۡتَغۡنَىٰ
Tapi sing saha anu korét turta ngarasa aya dina kacukupan,


9.

وَكَذَّبَ بِٱلۡحُسۡنَىٰ
jeung ingkar kana ayana pahala pangdéna (sawarga),


10.

فَسَنُيَسِّرُهُ ۥ لِلۡعُسۡرَىٰ
nya ku Kami baris digampangkeun kana jalan hésé-béléké.


11.

وَمَا يُغۡنِى عَنۡهُ مَالُهُ ۥۤ إِذَا تَرَدَّىٰٓ
Jeung harta-bandana moal bisa nulungan upama manéhna binasa.


12.

إِنَّ عَلَيۡنَا لَلۡهُدَىٰ
Saenyana kawajiban Kami méré pituduh.


13.

وَإِنَّ لَنَا لَلۡأَخِرَةَ وَٱلۡأُولَىٰ
Jeung saenyana boga Kami ahérat jeung dunya.


14.

فَأَنذَرۡتُكُمۡ نَارً۬ا تَلَظَّىٰ
Ku kituna, Kami ngawawadian maranéh ku seuneu nu ngéntab-ngéntab.


15.

لَا يَصۡلَٮٰهَآ إِلَّا ٱلۡأَشۡقَى
Moal dipanggang didinya kajaba jalma nu pangcilakana.


16.

ٱلَّذِى كَذَّبَ وَتَوَلَّىٰ
Anu ingkar (tina bebeneran) turta ngabalieur (tina iman).


17.

وَسَيُجَنَّبُہَا ٱلۡأَتۡقَى
Jeung bakal dijauhkeun éta naraka téh ti jalma anu pangtakwana.


18.

ٱلَّذِى يُؤۡتِى مَالَهُ ۥ يَتَزَكَّىٰ
Anu ngadarmakeun harta-bandana lantaran hayang nyucikeunana.


19.

وَمَا لِأَحَدٍ عِندَهُ ۥ مِن نِّعۡمَةٍ۬ تُجۡزَىٰٓ
Padahal euwueh saurang ogé anu méré nikmat ka manéhna nu kudu dibales budina.


20.

إِلَّا ٱبۡتِغَآءَ وَجۡهِ رَبِّهِ ٱلۡأَعۡلَىٰ
Tapi karana miharep karido Pangéranna Nu Maha Luhung.


21.

وَلَسَوۡفَ يَرۡضَىٰ
Mangke éngké manéhna éstu bakal pinanggih jeung kapuasan.


Hubungan surat Al Lail jeung surat Adh Dhuha
Dina surat Al Lail diterangkan yén jelema anu takwa baris digampangkeun ku 
Alloh ngalampahkeun gawé takwana sahingga meunang kabagjaan. Sedengkeun dina 
surat Ad Dhuha diterangkan yén kauntungan di ahérat leuwih alus batan 
kauntungan di dunya

Tumbu ka luar



Wikisource mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca 
Al-qur'an/Al-Layl



Surat sateuacanna:
Asy Syams
Surat 92
Surat saparantosna:
Adh Dhuha

Al Qur'an


1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 
30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 
56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 
82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 
106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: tempo • sawala • édit
 

Kategori: Surat dina Al Qur'an
 
 
Bilih masih aya asupan (input), mangga diantos.
 
Salam,
Asep




--- On Tue, 9/2/08, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] TQBS - Al Lail (Peuting)
To: [email protected]
Date: Tuesday, September 2, 2008, 9:13 PM






okeh, mangga dilajeng.

salam,
mh

2008/9/3 Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>:
> Sim kuring mah sapuk, alesanana aspek Nutup dina ayat kahiji jeung
> diBrehkeun dina ayat kadua tos katangkep dina tarjamah ieu. Catetan kangge
> MH, tah aspek Nutupan ieu nu penting sabab beda karasana lamun sadar aya
> fenomena alam poek teh lain ngaguluyur asal jeung jadi poek tapi ieu teh aya
> sabab, ditutup. Aya subjek nu ngawasa nutup aya objek nu ditutupan.
>
> salam,
> tirta
>
> ~ experientia docet sapientiam ~
>
> ----- Original Message ----
> From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Tuesday, September 2, 2008 17:50:10
> Subject: [kisunda] TQBS - Al Lail (Peuting)
>
> Diringkes ku abdi sadaya pamendak, ayat 1 sareng 2 dirobih janten:
>
> 1. Demi peuting nalika poék (nutupan cahaya beurang).
> 2. jeung beurang nalika caang padang narawangan,
>
> Kaol ieu ogé luyu sareng tarjamah dina www.quranexplorer. com boh nu basa
> Indonésia boh nu basa Inggris:
>
> 1. Demi malam apabila menutupi [cahaya siang]
> 2. dan siang apabila terang benderang,
>
> 1. By the Night as it conceals (the light)
> 2. By the Day as it appears in glory;
> Kumaha tah, akang-akang?
>
> Salam,
> Asep
>
>
> --- On Tue, 9/2/08, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>
> From: mh <[EMAIL PROTECTED] com>
> Subject: Re: Ayat 1 & 2 Re: [kisunda] Peutin
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Date: Tuesday, September 2, 2008, 6:33 PM
>
> Asa genaheun kieu asana:
> 1. Demi poek mongklengna peuting,
> 2. Jeung caangna beurang.
>
> salam,
> mh
>
> 2008/9/3 Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>:
>> Asupan ti sim kuring ayat 1 & 2
>>
>> Konstruksi 1: Ti Kang Asep
>>
>>
>>
>> 1.
>>
>> وَٱلَّيۡلِ إِذَا يَغۡشَىٰ
>>
>> Perhatikeun peuting nalika reup poék
>>
>> 2.
>>
>> وَٱلنَّہَارِ إِذَا تَجَلَّىٰ
>>
>> Jeung beurang nalika caang.
>>
>>
>>
>> Umumna tarjamahan ngeunaan cahaya, katutupan, kabuka (caang)
>>
>>
>>
>> Numutkeun Yassarnal Qur'an dua ayat ieu negeskeun pentingna merhatikeun
>> proses jeung kaayaan peuting jeung beurang. Jadi terjemahanana:
>>
>>
>>
>> Konstruksi 2:
>>
>> Ayat 1: Demi peuting nu mopoek sarangenge
>>
>> Ayat 2 : Jeung beurang mun geus kaciri
>>
>>
>>
>> Lamun Ibnu Katsir mah maksudna ayat kahiji teh peuting nu nutupan sakabeh
>> makhluk Allah SWT. Nu kadua kaayaan cararaang.
>>
>>
>>
>> Konstruksi 3:
>>
>> Ayat 1: Demi peuting nu nutupan
>>
>> Ayat 2 : Jeung beurang nu cararaang
>>
>>
>>
>> Usulan/Konstruksi 4:
>>
>> Ayat 1: Demi peuting nu nutupan/mopoek
>>
>> Ayat 2 : Jeung beurang nu cararaang
>>
>>
>>
>>
>>
>> Salam
>>
>> tirta

 
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) 
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch format to 
Traditional 
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe 



Recent Activity


 3
New Members

 5
New PhotosVisit Your Group 


Y! Messenger
Want a quick chat?
Chat over IM with
group members.

Ads on Yahoo!
Learn more now.
Reach customers
searching for you.

Discover Tips
on healthy living
and healthy eating
on Yahoo! Groups.
. 
 














      

Kirim email ke