Sampurasun baraya ieu Comments: 1. Nu lumpat tarik langkung pas batan lumpat gancang, negeskeun bedana tarik jeung gancang (asosiasi kana buru2); 2. Kecap "Pasukan Kuda" kirang pas sabab subjek didieu nyaeta sakumpulan kuda/kuda-kuda perang. Tapi mun pasukan kuda mah subjekna pasukan nu make kuda nyaeta kavaleri. Janten tarjamah nu langkung pas mah Kuda perang/kuda-kuda perang. 3. Masalah disebutkeun, dijentrekeun kuda perang atanapi disumputkeun, teu disebutkeun eta mah teu langkung. Namung tarjaman nu umum oge tarjamah Ibnu Katsier mah dijentrekeun, janten disebutkeun " Demi kuda perang....." 4. Al Aadiyaat langkung pas batan Al Adiyat sakumaha tos diposting. 5. Istilah Pangeran memang umum dipake, tapi aya oge nu umum dipake nyaeta Gusti Allah. Supaya teu pati ngaasosiasi ka istilah nu sok dipake urang wetan nu diterapkeun ka jelema saena gentos ku Gusti Allah, atanapi langsung we basa qur'an nu umum dipake nyaeta Allah SWT. Sakieu heula panginten, salam tirta
~ experientia docet sapientiam ~ ----- Original Message ---- From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Tuesday, September 2, 2008 18:16:41 Subject: Re: [kisunda] TQBS - Al Adiyat (Nu lumpat tarik) Punten, aya sakedik robahan redaksional, mangga ditoong di http://su.wikipedia .org/wiki/ Al_Adiyat . Salam, Asep --- On Tue, 9/2/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> Subject: [kisunda] TQBS - Al Adiyat (Nu lumpat tarik) To: [EMAIL PROTECTED] .com Date: Tuesday, September 2, 2008, 9:03 PM Kahatur kang oman sareng mang h ogé baraya sanésna, Luyu sareng asupan (input) ti kang Oman sareng mh, tarjamahan Al Adiyat tos dirobih di wikipedia basa Sunda janten sapertos kieu: Al Adiyat Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda Luncat ka: pituduh, sungsi Al Adiyat العاديات Informasi Harti Kuda Perang Anu Lumpat Gancang Golongan Makkiyah Surah ka 100 Statistik Jumlah ruku' 1 ruku' Jumlah ayat 11 ayat Surah Al Adiyat diwangun ku 11 ayat sarta kagolongkeun kana surat makkiyah, surat ieu diturunkeun sanggeus surat Al Asr. Ngaran Al Adiyat dicokot tina kecap Al 'Aadiyaat anu hartina lumpat gancang anu aya dina ayat kahiji surat ieu. Poko-poko eusina: Anceman Alloh ka manusa anu jalir sarta anu pohara mitresna harta banda yén maranéhanana baris meunang balesan anu satimpal dina mangsa maranéhanana dibangkitkeun tina kubur sarta dina mangsa eusi harigu maranéhanana ditempokeun. Eusi jeung Tarjamah Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda 1. وَٱلۡعَـٰدِيَـٰتِ ضَبۡحً۬ا Demi anu lalumpat tarik ngaharégak (pasukan kuda perang anu tararik lumpatna). 2. فَٱلۡمُورِيَـٰتِ قَدۡحً۬ا (demi) anu ngaluarkeun seuneu patingburinyay (talapok-talapok suku kuda dina pasukan kuda anu lumpat tararik). 3. فَٱلۡمُغِيرَٲتِ صُبۡحً۬ا (demi pasukan kuda) anu terus narajang ka tengah pasukan musuh dina wanci subuh 4. فَأَثَرۡنَ بِهِۦ نَقۡعً۬ا mangka (éta pasukan kuda téh) harita ngaburisatkeun kebul taneuh (liliwatanana) . 5. فَوَسَطۡنَ بِهِۦ جَمۡعًا mangka (éta pasukan kuda téh) harita terus narajang ka tengah-tengah pasukan musuh. 6. إِنَّ ٱلۡإِنسَـٰنَ لِرَبِّهِۦ لَكَنُودٌ۬ Saéstuna manusa téh éstuning bedegong ka Pangéranna. 7. وَإِنَّهُ ۥ عَلَىٰ ذَٲلِكَ لَشَہِيدٌ۬ Jeung saéstuna manéhna (manusa) nyakséni kana kalakuan kitu (bedegong) na téh. 8. وَإِنَّهُ ۥ لِحُبِّ ٱلۡخَيۡرِ لَشَدِيدٌ Jeung saéstuna manéhna (manusa) téh kacida mikacintana kana harta. 9. أَفَلَا يَعۡلَمُ إِذَا بُعۡثِرَ مَا فِى ٱلۡقُبُورِ Mangka, naha manéhna teu nyaho kumaha engké nalika poéan dibudalkeunna saniskara anu aya dina jero kubur? 10. وَحُصِّلَ مَا فِى ٱلصُّدُورِ Jeung nalika poéan diébréhkeunna saniskara anu aya dina jero dada? 11. إِنَّ رَبَّہُم بِہِمۡ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ لَّخَبِيرُۢ Saéstuna Pangeran maranéhna Maha Waspada kana kaayaan maranéhna dina poé éta. Tumbu kaluar * Al-Adiyat at Sacred Texts * Al-Adiyat at Altafsir.com Rujukan 1. Al-Amin Al-Quran Tarjamah Sunda ku K.H. Qamaruddin Shaleh, C.V. Penerbit Diponegoro, Bandung, 2003. 2. Al Quran dan Terjemahnya, Departemen agama, C.V. Toha Putra, Semarang, 1971 Surat sateuacanna: Surah Az Zalzalah Surat 100 Surat saparantosna: Surat Al Qori'ah Al Qur'an 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 Kotak ieu: tempo • sawala • édit Kategori: Surat dina Al Qur'an Bilih waé aya anu anu kedah diédit deui, mangga waé saurkeun. Salam, Asep --- On Tue, 9/2/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> Subject: Re: [kisunda] Kuda perang anu lumpatna gancang To: [EMAIL PROTECTED] .com Date: Tuesday, September 2, 2008, 4:43 AM Dina prinsipna memang kudu sakumaha anu diusulkeun ku Mh. Satekah polah urang kudu narjamahkeun teh make struktur basa tarjamahan, sabab umat anu dipayunan ku urang eta sarua make struktur basa tarjamahan (dina lebah dieu nya struktur kalimah basa Sunda). Mangga, anu ti abdi oge dikoreksi wae bisi masih ngagunkakeun struktur basa Arab mah. manAR New Email addresses available on Yahoo! Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail. Hurry before someone else does! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
