Kanggo asbabun nuzul mangga teh teuing, ngan eta infona teu acan lengkep sareng teu acan dilengkepan ku sumber tertulisna. Nganggo catetan sawatara wae atuh alias perlu konfirmasi deui, sabab dasarna abdi tina ingetan naon anu kakuping nalika pangajian anu geus lawas pisan kaliwat.
Ngeunaan tarjamaha anu paling deukeut sapuk mayunkeun "kuda"-na tinimbang psaukanana sakumaha pamendak kang Tirta, kajaba upama aya pendapat anu leuwih kuat. manAR 2008/9/3 Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>: > Asbabun nujul nu dipedar ku kang Oman bade dilebetkeun kana wiki. > > Kanggo tarjamahanana, henteu acan dirobih, mangga atuh diantos mana nu > paling caket. > > Salam, > Asep > > > > --- On Wed, 9/3/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> > Subject: Re: Comments Re: [kisunda] TQBS - Al Adiyat (Nu lumpat tarik) > To: [email protected] > Date: Wednesday, September 3, 2008, 3:50 AM > > Catetan: > > Kedah naros heula ka nu ahli Kang Aschev, naha anu leuwih penting di > dinya teh "rombongan kuda perang" atawa "pasukan kuda-perangna" . > Sabab, upama dipertimbangkeun, moal bisa oge eta kuda-kuda lumpat > tarik ngabelesat lamun teu aya anu numpakanana (anu ngadalikeunana) > alias pasukan perang anu tarumpak kuda. > > Asbabun nujul ieu surah satemenna tos mashur. Pasukan anu dipimpin ku > Syaidina Ali kw ngayakeun "serangan fajar" ka pasukan musuh. > Ngandelkeun ingetan wae anu katampi ti guru ngaji ti heula, yen > Syaidina Ali kw jeung rombongan miang wanci janari nepi ka dina waktu > subuh teh pas nyerang ngabelesat ka tengah-tengah pasukan musuh. Eta > kuda lalumpat tarik kacida nepi ka kaluar seuneu tina talapok sukuna > (biasana suku kuda, komo kuda perang, make talapok atawa sapatu anu > dijieunna tina beusi). Eta misi anu ditugaskeun ka Syaidina Ali kw teh > sukses, dugi ka eta kajadian teh diabadikeun dina eta surah. > > Nambihan sakedik: Ayat anu bener-bener kecapna kudu dihartikeun > "...ka tengah-tengah pasukan musuh" satemenna ayat ka 5, sabab dina > bahasa Arab (Al Qur'an) na oge "fawasathna" (tina kecap dasar > "wasatho", hartina "tengah-tengah" atawa "ka tengah-tengah" . Anapon > kalimah "...ka tengah-tengah musuh" dina ayat ka 3 eta mah tambihan > wae tina harti anu surti (aslina: "anu narajang dina wanci subuh", > harti kasurtina: "moal kamana deui narajang teh nya pasti ka > tengah-tengah pasukan musuh", kumargi kitu, dina sababaraha tarjamahan > nya ditambihan siga anu dikutip ku kang Aschev. > > Sakitu heula. > > baktosna, > manAR > 2008/9/3 Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>: >> Kecap "faa" di dieu tiasa dihartoskeun "mangka" atanapi "terus" ("tuluy") >> . >> Kecap "faa" dina ayat ka-2, 3, 4, 5 nujul kana ayat ka-1. Ku margi kitu, >> kumaha upami frase (demi kuda perang) teu kedah dipindo dina ayat 2 sareng >> 3 >> ogé frase (éta kuda perang téh) teu kedah dipindo dina ayat 4 sareng 5? >> >> Sahingga tarjamahanana janten: >> >> 1. Demi kuda perang anu lalumpat tarik ngaharégag; >> 2. anu terus ngaluarkeun seuneu patingburinyay tina talapok-talapok >> sukuna; >> 3. anu terus narajang ka tengah pasukan musuh dina wanci subuh; >> 4. anu terus ngaburisatkeun kebul taneuh (liliwatanana) ; >> 5. anu terus narajang ka tengah-tengah pasukan musuh. >> Salam, >> Asep >> >> >> --- On Tue, 9/2/08, Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: >> >> From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED] com> >> Subject: Re: Comments Re: [kisunda] TQBS - Al Adiyat (Nu lumpat tarik) >> To: [EMAIL PROTECTED] .com >> Date: Tuesday, September 2, 2008, 10:50 PM >> >> raoseun yeuh... >> >> 2008/9/3 Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> >>> >>> Kinten2a janten kieu???? >>> >>> >>> >>> Ayat ka >> >> Tulisan Arab >> >> Tarjamah basa Sunda >> >> 1. >> >> وَٱلۡعَـٰدِيَـٰتِ ضَبۡحً۬ا >> >> Demi kuda perang anu lalumpat tarik ngaharégag >> 2. >> >> فَٱلۡمُورِيَـٰتِ قَدۡحً۬ا >> >> (demi kuda perang) anu ngaluarkeun seuneu patingburinyay tina >> talapok-talapok sukuna >> 3. >> >> فَٱلۡمُغِيرَٲتِ صُبۡحً۬ا >> >> (demi kuda perang) anu terus narajang ka tengah pasukan musuh dina wanci >> subuh. >> 4. >> >> فَأَثَرۡنَ بِهِۦ نَقۡعً۬ا >> >> mangka harita (éta kuda perang téh) ngaburisatkeun kebul taneuh >> (liliwatanana) . >> 5. >> >> فَوَسَطۡنَ بِهِۦ جَمۡعًا >> >> mangka harita (eta kuda perang téh) terus narajang ka tengah-tengah >> pasukan >> musuh. >> 6. >> >> إِنَّ ٱلۡإِنسَـٰنَ لِرَبِّهِۦ لَكَنُودٌ۬ >> >> Saéstuna manusa téh bedegong ka Gusti Alloh. >> 7. >> >> وَإِنَّهُ ۥ عَلَىٰ ذَٲلِكَ لَشَہِيدٌ۬ >> >> Jeung saéstuna maranéhna nyakséni kana kabedegonganana. >> 8. >> >> وَإِنَّهُ ۥ لِحُبِّ ٱلۡخَيۡرِ لَشَدِيدٌ >> >> Jeung saéstuna maranéhna téh kacida mikacintana kana harta kakayaan. >> 9. >> >> أَفَلَا يَعۡلَمُ إِذَا بُعۡثِرَ مَا فِى ٱلۡقُبُورِ >> >> Mangka, naha maranéhna teu nyaho kumaha engké nalika poéan dibudalkeunna >> saniskara anu aya dina jero kubur? >> 10. >> >> وَحُصِّلَ مَا فِى ٱلصُّدُورِ >> >> Jeung nalika poéan diébréhkeunna saniskara anu aya dina jero dada? >> 11. >> >> إِنَّ رَبَّہُم بِہِمۡ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ لَّخَبِيرُۢ >> >> Saéstuna Gusti Alloh maranéhna Maha Waspada kana kaayaan maranéhna dina >> poé >> éta. >> >> >> ~ experientia docet sapientiam ~ >> >> ----- Original Message ---- >> From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> >> To: [EMAIL PROTECTED] .com >> Sent: Tuesday, September 2, 2008 18:37:57 >> Subject: Comments Re: [kisunda] TQBS - Al Adiyat (Nu lumpat tarik) >> >> Sampurasun baraya ieu Comments: >> 1. Nu lumpat tarik langkung pas batan lumpat gancang, negeskeun bedana >> tarik >> jeung gancang (asosiasi kana buru2); >> 2. Kecap "Pasukan Kuda" kirang pas sabab subjek didieu nyaeta sakumpulan >> kuda/kuda-kuda perang. Tapi mun pasukan kuda mah subjekna pasukan nu make >> kuda nyaeta kavaleri. Janten tarjamah nu langkung pas mah Kuda >> perang/kuda- >> kuda perang. >> 3. Masalah disebutkeun, dijentrekeun kuda perang atanapi disumputkeun, teu >> disebutkeun eta mah teu langkung. Namung tarjaman nu umum oge tarjamah >> Ibnu >> Katsier mah dijentrekeun, janten disebutkeun " Demi kuda perang....." >> 4. Al Aadiyaat langkung pas batan Al Adiyat sakumaha tos diposting. >> 5. Istilah Pangeran memang umum dipake, tapi aya oge nu umum dipake nyaeta >> Gusti Allah. Supaya teu pati ngaasosiasi ka istilah nu sok dipake urang >> wetan nu diterapkeun ka jelema saena gentos ku Gusti Allah, atanapi >> langsung >> we basa qur'an nu umum dipake nyaeta Allah SWT. >> >> Sakieu heula panginten, >> salam >> tirta >> >> >> ~ experientia docet sapientiam ~ >> >> ----- Original Message ---- >> From: Aschev Schuraschev <aschevetea@ yahoo. com> >> To: [EMAIL PROTECTED] .com >> Sent: Tuesday, September 2, 2008 18:16:41 >> Subject: Re: [kisunda] TQBS - Al Adiyat (Nu lumpat tarik) >> >> Punten, aya sakedik robahan redaksional, mangga ditoong di >> http://su.wikipedia .org/wiki/ Al_Adiyat . >> >> Salam, >> Asep >> >> >> >> --- On Tue, 9/2/08, Aschev Schuraschev <aschevetea@ yahoo. com> wrote: >> >> From: Aschev Schuraschev <aschevetea@ yahoo. com> >> Subject: [kisunda] TQBS - Al Adiyat (Nu lumpat tarik) >> To: [EMAIL PROTECTED] .com >> Date: Tuesday, September 2, 2008, 9:03 PM >> >> Kahatur kang oman sareng mang h ogé baraya sanésna, >> >> Luyu sareng asupan (input) ti kang Oman sareng mh, tarjamahan Al Adiyat >> tos >> dirobih di wikipedia basa Sunda janten sapertos kieu: >> >> >> Al Adiyat >> >> Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda >> >> Luncat ka: pituduh, sungsi >> Al Adiyat >> العاديات >> Informasi >> HartiKuda Perang Anu Lumpat Gancang >> GolonganMakkiyah >> Surah ka100 >> Statistik >> Jumlah ruku'1 ruku' >> Jumlah ayat11 ayat >> Surah Al Adiyat diwangun ku 11 ayat sarta kagolongkeun kana surat >> makkiyah, >> surat ieu diturunkeun sanggeus surat Al Asr. Ngaran Al Adiyat dicokot tina >> kecap Al 'Aadiyaat anu hartina lumpat gancang anu aya dina ayat kahiji >> surat >> ieu. >> Poko-poko eusina: Anceman Alloh ka manusa anu jalir sarta anu pohara >> mitresna harta banda yén maranéhanana baris meunang balesan anu satimpal >> dina mangsa maranéhanana dibangkitkeun tina kubur sarta dina mangsa eusi >> harigu maranéhanana ditempokeun. >> >> Eusi jeung Tarjamah >> >> Ayat kaTulisan ArabTarjamah basa Sunda >> 1. >> وَٱلۡعَـٰدِيَـٰتِ ضَبۡحً۬ا >> Demi anu lalumpat tarik ngaharégak (pasukan kuda perang anu tararik >> lumpatna). >> 2. >> فَٱلۡمُورِيَـٰتِ قَدۡحً۬ا >> (demi) anu ngaluarkeun seuneu patingburinyay (talapok-talapok >> suku kuda dina pasukan kuda anu lumpat tararik). >> 3. >> فَٱلۡمُغِيرَٲتِ صُبۡحً۬ا >> (demi pasukan kuda) anu terus narajang ka tengah pasukan musuh dina wanci >> subuh >> 4. >> فَأَثَرۡنَ بِهِۦ نَقۡعً۬ا >> mangka (éta pasukan kuda téh) harita ngaburisatkeun kebul taneuh >> (liliwatanana) . >> 5. >> فَوَسَطۡنَ بِهِۦ جَمۡعًا >> mangka (éta pasukan kuda téh) harita terus narajang ka tengah-tengah >> pasukan >> musuh. >> 6. >> إِنَّ ٱلۡإِنسَـٰنَ لِرَبِّهِۦ لَكَنُودٌ۬ >> Saéstuna manusa téh éstuning bedegong ka Pangéranna. >> 7. >> وَإِنَّهُ ۥ عَلَىٰ ذَٲلِكَ لَشَہِيدٌ۬ >> Jeung saéstuna manéhna (manusa) nyakséni kana kalakuan kitu (bedegong) na >> téh. >> 8. >> وَإِنَّهُ ۥ لِحُبِّ ٱلۡخَيۡرِ لَشَدِيدٌ >> Jeung saéstuna manéhna (manusa) téh kacida mikacintana kana harta. >> 9. >> أَفَلَا يَعۡلَمُ إِذَا بُعۡثِرَ مَا فِى ٱلۡقُبُورِ >> Mangka, naha manéhna teu nyaho kumaha engké nalika poéan dibudalkeunna >> saniskara anu aya dina jero kubur? >> 10. >> وَحُصِّلَ مَا فِى ٱلصُّدُورِ >> Jeung nalika poéan diébréhkeunna saniskara anu aya dina jero dada? >> 11. >> إِنَّ رَبَّہُم بِہِمۡ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ لَّخَبِيرُۢ >> Saéstuna Pangeran maranéhna Maha Waspada kana kaayaan maranéhna dina poé >> éta. >> >> Tumbu kaluar >> >> Al-Adiyat at Sacred Texts >> Al-Adiyat at Altafsir.com >> >> Rujukan >> >> Al-Amin Al-Quran Tarjamah Sunda ku K.H. Qamaruddin Shaleh, C.V. Penerbit >> Diponegoro, Bandung, 2003. >> Al Quran dan Terjemahnya, Departemen agama, C.V. Toha Putra, Semarang, >> 1971 >> >> Surat sateuacanna: >> Surah Az ZalzalahSurat 100Surat saparantosna: >> Surat Al Qori'ah >> Al Qur'an >> 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 >> 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 >> 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 >> 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 >> 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 >> Kotak ieu: tempo • sawala • édit >> Kategori: Surat dina Al Qur'an >> >> >> Bilih waé aya anu anu kedah diédit deui, mangga waé saurkeun. >> >> Salam, >> Asep >> >> >> >> --- On Tue, 9/2/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: >> >> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> >> Subject: Re: [kisunda] Kuda perang anu lumpatna gancang >> To: [EMAIL PROTECTED] .com >> Date: Tuesday, September 2, 2008, 4:43 AM >> >> Dina prinsipna memang kudu sakumaha anu diusulkeun ku Mh. Satekah >> polah urang kudu narjamahkeun teh make struktur basa tarjamahan, sabab >> umat anu dipayunan ku urang eta sarua make struktur basa tarjamahan >> (dina lebah dieu nya struktur kalimah basa Sunda). >> >> Mangga, anu ti abdi oge dikoreksi wae bisi masih ngagunkakeun struktur >> basa Arab mah. >> >> manAR >> >> >> >> >> ____________ _________ _________ __ >> New Email addresses available on Yahoo! >> Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail. >> Hurry before someone else does! >> ____________ _________ _________ __ >> Get your new Email address! >> Grab the Email name you've always wanted before someone else does! >> >> >> -- >> Ema Sujalma >> >> > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
