Mangga Kang Asep sugan siang mah tos harudang, ngabuburit  he...he....
 ~ experientia docet sapientiam ~ 



----- Original Message ----
From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, September 2, 2008 18:53:04
Subject: Re: Comments Re: [kisunda] TQBS - Al Adiyat (Nu lumpat tarik)


Nyuhunkeun dihapunten abdi ayeuna bade amit heula nya. Mangga, engke siang 
(tabuh 2-an) urang lajengkeun kolaborasi jarak jauh dina narjamahkeun ieu serat 
Al Adiyat nya.

Salam,
Asep



--- On Tue, 9/2/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Comments Re: [kisunda] TQBS - Al Adiyat (Nu lumpat tarik)
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Tuesday, September 2, 2008, 9:37 PM


Sampurasun baraya ieu Comments:
1. Nu lumpat tarik langkung pas batan lumpat gancang, negeskeun bedana tarik 
jeung gancang (asosiasi kana buru2);
2. Kecap "Pasukan Kuda" kirang pas sabab subjek didieu nyaeta sakumpulan 
kuda/kuda-kuda perang. Tapi mun pasukan kuda mah subjekna pasukan nu make kuda 
nyaeta kavaleri. Janten tarjamah nu langkung pas mah Kuda perang/kuda- kuda 
perang.
3. Masalah disebutkeun, dijentrekeun kuda perang atanapi disumputkeun, teu 
disebutkeun eta mah teu langkung. Namung tarjaman nu umum oge tarjamah Ibnu 
Katsier mah dijentrekeun, janten disebutkeun " Demi kuda perang....."
4. Al Aadiyaat langkung pas batan Al Adiyat sakumaha tos diposting.
5. Istilah Pangeran memang umum dipake, tapi aya oge nu umum dipake nyaeta 
Gusti Allah. Supaya teu pati ngaasosiasi ka istilah nu sok dipake urang wetan 
nu diterapkeun ka jelema saena gentos ku Gusti Allah, atanapi langsung we basa 
qur'an nu umum dipake nyaeta Allah SWT.

Sakieu heula panginten,
salam
tirta


 ~ experientia docet sapientiam ~ 



----- Original Message ----
From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Tuesday, September 2, 2008 18:16:41
Subject: Re: [kisunda] TQBS - Al Adiyat (Nu lumpat tarik)


Punten, aya sakedik robahan redaksional, mangga ditoong di http://su.wikipedia 
.org/wiki/ Al_Adiyat .

Salam,
Asep



--- On Tue, 9/2/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: [kisunda] TQBS - Al Adiyat (Nu lumpat tarik)
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Tuesday, September 2, 2008, 9:03 PM


Kahatur kang oman sareng mang h ogé baraya sanésna,
 
Luyu sareng asupan (input) ti kang Oman sareng mh, tarjamahan Al Adiyat tos 
dirobih di wikipedia basa Sunda janten sapertos kieu:

Al Adiyat
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
 
Al Adiyat
العاديات 
Informasi
Harti Kuda Perang Anu Lumpat Gancang 
Golongan Makkiyah 
Surah ka 100 
Statistik
Jumlah ruku' 1 ruku' 
Jumlah ayat 11 ayat 
Surah Al Adiyat diwangun ku 11 ayat sarta kagolongkeun kana surat makkiyah, 
surat ieu diturunkeun sanggeus surat Al Asr. Ngaran Al Adiyat dicokot tina 
kecap Al 'Aadiyaat anu hartina lumpat gancang anu aya dina ayat kahiji surat 
ieu.
Poko-poko eusina: Anceman Alloh ka manusa anu jalir sarta anu pohara mitresna 
harta banda yén maranéhanana baris meunang balesan anu satimpal dina mangsa 
maranéhanana dibangkitkeun tina kubur sarta dina mangsa eusi harigu 
maranéhanana ditempokeun.
Eusi jeung Tarjamah
Ayat ka
Tulisan Arab
Tarjamah basa Sunda
1. وَٱلۡعَـٰدِيَـٰتِ ضَبۡحً۬ا Demi anu lalumpat tarik ngaharégak (pasukan kuda 
perang anu tararik lumpatna).
 
2. فَٱلۡمُورِيَـٰتِ قَدۡحً۬ا (demi) anu ngaluarkeun seuneu patingburinyay 
(talapok-talapok 
suku kuda dina pasukan kuda anu lumpat tararik).
 
3. فَٱلۡمُغِيرَٲتِ صُبۡحً۬ا (demi pasukan kuda) anu terus narajang ka tengah 
pasukan musuh dina wanci subuh
 
4. فَأَثَرۡنَ بِهِۦ نَقۡعً۬ا mangka (éta pasukan kuda téh) harita 
ngaburisatkeun kebul taneuh (liliwatanana) .
 
5. فَوَسَطۡنَ بِهِۦ جَمۡعًا mangka (éta pasukan kuda téh) harita terus narajang 
ka tengah-tengah pasukan musuh.
 
6. إِنَّ ٱلۡإِنسَـٰنَ لِرَبِّهِۦ لَكَنُودٌ۬ Saéstuna manusa téh éstuning 
bedegong ka Pangéranna.
 
7. وَإِنَّهُ ۥ عَلَىٰ ذَٲلِكَ لَشَہِيدٌ۬ Jeung saéstuna manéhna (manusa) 
nyakséni kana kalakuan kitu (bedegong) na téh.
 
8. وَإِنَّهُ ۥ لِحُبِّ ٱلۡخَيۡرِ لَشَدِيدٌ Jeung saéstuna manéhna (manusa) téh 
kacida mikacintana kana harta.
 
9. أَفَلَا يَعۡلَمُ إِذَا بُعۡثِرَ مَا فِى ٱلۡقُبُورِ Mangka, naha manéhna teu 
nyaho kumaha engké nalika poéan dibudalkeunna saniskara anu aya dina jero kubur?
 
10. وَحُصِّلَ مَا فِى ٱلصُّدُورِ Jeung nalika poéan diébréhkeunna saniskara anu 
aya dina jero dada?
 
11. إِنَّ رَبَّہُم بِہِمۡ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ لَّخَبِيرُۢ Saéstuna Pangeran maranéhna 
Maha Waspada kana kaayaan maranéhna dina poé éta.
 
Tumbu kaluar
        * Al-Adiyat at Sacred Texts 
        * Al-Adiyat at Altafsir.com 
Rujukan
        1. Al-Amin Al-Quran Tarjamah Sunda ku K.H. Qamaruddin Shaleh, C.V. 
Penerbit Diponegoro, Bandung, 2003. 
        2. Al Quran dan Terjemahnya, Departemen agama, C.V. Toha Putra, 
Semarang, 1971 

Surat sateuacanna:
Surah Az Zalzalah Surat 100 Surat saparantosna:
Surat Al Qori'ah 
Al Qur'an 
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 
30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 
56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 
82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 
106 107 108 109 110 111 112 113 114
Kotak ieu: tempo • sawala • édit 
Kategori: Surat dina Al Qur'an


Bilih waé aya anu anu kedah diédit deui, mangga waé saurkeun.
 
Salam,
Asep



--- On Tue, 9/2/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [kisunda] Kuda perang anu lumpatna gancang
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Tuesday, September 2, 2008, 4:43 AM


Dina prinsipna memang kudu sakumaha anu diusulkeun ku Mh. Satekah
polah urang kudu narjamahkeun teh make struktur basa tarjamahan, sabab
umat anu dipayunan ku urang eta sarua make struktur basa tarjamahan
(dina lebah dieu nya struktur kalimah basa Sunda).

Mangga, anu ti abdi oge dikoreksi wae bisi masih ngagunkakeun struktur
basa Arab mah.

manAR

 
 

________________________________
New Email addresses available on Yahoo! 
Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
Hurry before someone else does!  
 


      New Email addresses available on Yahoo!
Get the Email name you&#39;ve always wanted on the new @ymail and @rocketmail. 
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke