Hatur nuhun Ambu ngaguarkeun konsepna nu ngajelaskeun tujuan, cara - kumahana 
puasa sunda jati. Sakantenan atuh Ambu ari sunda jati biasa oge ngangge konsep 
ngalong (dahar bubuahan hungkul) atanapi ngrowot (dahar umbi2an). Pami leres 
kumaha tah konsepna.

Hatur nuhun Ambu nu nembe jebul tos diburudul patarosan.
baktos,
tirta
 ~ experientia docet sapientiam ~ 



----- Original Message ----
From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, September 3, 2008 18:04:38
Subject: [kisunda] PUASA KARUHUN "URANG SUNDA"


Sunda mah puasa na ku mutih- teu kabitaan tara heroy ku sagalarupi nu katingal 
hareupeun waruga panon (nu sok ukur ngarti jilidna hungkul). Ari MUTIH tea, 
apan eta teh nahan diri - niiskeun bayah deung sukma-  dilakokanan iraha bae 
dina mangsa2 gaduh pa-NIAT-an ku TEKAD, ngalarapkeun "kendali" 
Bayu-Sabda-Hedap. Upamina 
- mitembeyan ngahuma
- mitembeyan ngaseuk
- atanapi ngagaduhan paniatan diri
janten waktosna teu DIPATOK, teu DITANGTOSKEUN, saestu hudang tina diri 
sorangan ku tekad sorangan, jolna tina diri urang sorangan

ari MUTIH tea > komunikasi sareng nu KAWASA, nu gasuh alam...sasadhu langsung 
bathin urang ka anjeuna mulangkeun kanu boga rasa, kanu boga hedap, kanu boga 
bayu, kanu boga sabda. Ciciren mutih teh saestu simbol manusa ngarumasakeun 
maneh ku TEU WASA tea...

Kitu geuning SUNDA JATI mah...sadar KARUMASA jadi manusa nu saukur NGANJANG na 
BUANA bae

Tabe Pun
Ambu Wirumananggay

  



----- Original Message ----
From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Thursday, August 28, 2008 9:35:02 AM
Subject: [kisunda] Puasa - Sunda Buhun


Keur umat Islam geus dibejaan  yen puasa teh geus dilakukeun ku umat-umat nu 
samemeh Islam datang. Tah baheula karuhun Sunda kuna memeh hindu, budha datang 
aya kitu puasa? Pami aya naon atanapi kumaha modelna?

baktos,
tirta

Tangkodan: Kang Oman kumaha ngebleng na tos rengse?
 ~ experientia docet sapientiam ~ 

________________________________
New Email addresses available on Yahoo! 
Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
Hurry before someone else does! 
 


      Get your new Email address!
Grab the Email name you&#39;ve always wanted before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke