Ambu, janten ieu nu biasa pami aya nu hese maot, sakarat lami teh sok 
dipilarian ngelmu naon supaya dipiceun malah sok diusap ku daun kelor. 
Kasimpulanan ieu mah puasa dunya-oriented atuh. Nya mangpaat keur nu 
ngeukeuyeuk kadunyaan....leres, buktosna duka tah.

baktos
tirta
 ~ experientia docet sapientiam ~ 



----- Original Message ----
From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, September 4, 2008 3:42:29
Subject: Re: [kisunda] PUASA KARUHUN "URANG SUNDA"


eta mah kanggo kabeutian kadigjayaan, ADANG! pamipupus kdah dipiceun eta mah 
kanggo nanahaon atuh... 



----- Original Message ----
From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Thursday, September 4, 2008 2:25:54 PM
Subject: Re: [kisunda] PUASA KARUHUN "URANG SUNDA"


 
Aya puasa 40 poe ngarah biasa ngajomantara, aya deui puasa (jiga riset) 3 bulan 
ngan saukur ngadahar bungbuahan, 3 bulan deui ngan saukur ngadahar dangdaunan, 
3 bulan deui beubeutian duka puasa naon tah anu eta mah. Tapi aya oge anu kudu 
di puasaan saumur-umur, ngan moal dibejakeun ah, bisi kabita.... 
 
wassalam,
dudi_ss

----- Original Message ----- 
From: Tirta widjaja 
To: [EMAIL PROTECTED] .com 
Sent: Thursday, September 04, 2008 2:51 PM
Subject: Re: [kisunda] PUASA KARUHUN "URANG SUNDA"

Hatur nuhun Ambu ngaguarkeun konsepna nu ngajelaskeun tujuan, cara - kumahana 
puasa sunda jati. Sakantenan atuh Ambu ari sunda jati biasa oge ngangge konsep 
ngalong (dahar bubuahan hungkul) atanapi ngrowot (dahar umbi2an). Pami leres 
kumaha tah konsepna.

Hatur nuhun Ambu nu nembe jebul tos diburudul patarosan.
baktos,
tirta
 ~ experientia docet sapientiam ~ 



----- Original Message ----
From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Wednesday, September 3, 2008 18:04:38
Subject: [kisunda] PUASA KARUHUN "URANG SUNDA"


Sunda mah puasa na ku mutih- teu kabitaan tara heroy ku sagalarupi nu katingal 
hareupeun waruga panon (nu sok ukur ngarti jilidna hungkul). Ari MUTIH tea, 
apan eta teh nahan diri - niiskeun bayah deung sukma-  dilakokanan iraha bae 
dina mangsa2 gaduh pa-NIAT-an ku TEKAD, ngalarapkeun "kendali" 
Bayu-Sabda-Hedap. Upamina 
- mitembeyan ngahuma
- mitembeyan ngaseuk
- atanapi ngagaduhan paniatan diri
janten waktosna teu DIPATOK, teu DITANGTOSKEUN, saestu hudang tina diri 
sorangan ku tekad sorangan, jolna tina diri urang sorangan

ari MUTIH tea > komunikasi sareng nu KAWASA, nu gasuh alam...sasadhu langsung 
bathin urang ka anjeuna mulangkeun kanu boga rasa, kanu boga hedap, kanu boga 
bayu, kanu boga sabda. Ciciren mutih teh saestu simbol manusa ngarumasakeun 
maneh ku TEU WASA tea...

Kitu geuning SUNDA JATI mah...sadar KARUMASA jadi manusa nu saukur NGANJANG na 
BUANA bae

Tabe Pun
Ambu Wirumananggay

  
. 

 


      New Email addresses available on Yahoo!
Get the Email name you&#39;ve always wanted on the new @ymail and @rocketmail. 
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke