teu rasa, teu uyah-teu asin, teu gula- teu amis, teu haseum, teu lada istuning tiis atis tina rasa...teu kenging cai tapi cai tina buah tapi nu teu aya rasana..bonteng biasana nu diangge landong hanaang. Aya oge nu langkung beurat nyaeta puasa sa-NAPTU urang ieu mah kangge nu gaduh niat wal maksad khususson kana diri... ces pleng weh... wilujeng ngalakonan
Tabe pun AMBU ----- Original Message ---- From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, September 4, 2008 1:51:05 PM Subject: Re: [kisunda] PUASA KARUHUN "URANG SUNDA" Hatur nuhun Ambu ngaguarkeun konsepna nu ngajelaskeun tujuan, cara - kumahana puasa sunda jati. Sakantenan atuh Ambu ari sunda jati biasa oge ngangge konsep ngalong (dahar bubuahan hungkul) atanapi ngrowot (dahar umbi2an). Pami leres kumaha tah konsepna. Hatur nuhun Ambu nu nembe jebul tos diburudul patarosan. baktos, tirta ~ experientia docet sapientiam ~ ----- Original Message ---- From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Wednesday, September 3, 2008 18:04:38 Subject: [kisunda] PUASA KARUHUN "URANG SUNDA" Sunda mah puasa na ku mutih- teu kabitaan tara heroy ku sagalarupi nu katingal hareupeun waruga panon (nu sok ukur ngarti jilidna hungkul). Ari MUTIH tea, apan eta teh nahan diri - niiskeun bayah deung sukma- dilakokanan iraha bae dina mangsa2 gaduh pa-NIAT-an ku TEKAD, ngalarapkeun "kendali" Bayu-Sabda-Hedap. Upamina - mitembeyan ngahuma - mitembeyan ngaseuk - atanapi ngagaduhan paniatan diri janten waktosna teu DIPATOK, teu DITANGTOSKEUN, saestu hudang tina diri sorangan ku tekad sorangan, jolna tina diri urang sorangan ari MUTIH tea > komunikasi sareng nu KAWASA, nu gasuh alam...sasadhu langsung bathin urang ka anjeuna mulangkeun kanu boga rasa, kanu boga hedap, kanu boga bayu, kanu boga sabda. Ciciren mutih teh saestu simbol manusa ngarumasakeun maneh ku TEU WASA tea... Kitu geuning SUNDA JATI mah...sadar KARUMASA jadi manusa nu saukur NGANJANG na BUANA bae Tabe Pun Ambu Wirumananggay ----- Original Message ---- From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Thursday, August 28, 2008 9:35:02 AM Subject: [kisunda] Puasa - Sunda Buhun Keur umat Islam geus dibejaan yen puasa teh geus dilakukeun ku umat-umat nu samemeh Islam datang. Tah baheula karuhun Sunda kuna memeh hindu, budha datang aya kitu puasa? Pami aya naon atanapi kumaha modelna? baktos, tirta Tangkodan: Kang Oman kumaha ngebleng na tos rengse? ~ experientia docet sapientiam ~ ________________________________ New Email addresses available on Yahoo! Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail. Hurry before someone else does! ________________________________ Get your new Email address! Grab the Email name you've always wanted before someone else does!
