At 05:39 PM 9/8/2008, Nong Gerak wrote:
Si Janggot
Aya lima urang nu bakal ngadatangan, (si turundul, keur baturna si janggot)
tempat-tempat nu sok dijieun sesembahan, (masjid, gereja, kuil,
kelenteng, jsb?)
wayahna ku maranehna eta tempat bakal diberesihan, (hade pisan niat
teh, beberesih di tempat ibadah)
maranehna ku kuring geus dibekelan jang maehan siluman. (ulah
diparaehan karunya, matak didamel ku Gusti oge pasti aya tujuanana)
Si Janggot bakal dititah kukurilingan, (tos teu jaman 'perbudakan'
ayeuna mah, karunya si janggot dititah kukurilingan)
miceunan eusi disakabeh pusaka nu cenah aya karamatan, (Naon eusina
atuh tina pusaka teh?, kuring boga pusaka jam citizen, geus puluhan
taun matih keneh karamatna )
ku sausap dampal oge karamatna bakal laleungitan, (tes heula di
museum pusaka, di taman mini)
si Janggot moal gimir najan disingsieunan. (pasti sieuneun ari rek
dicukur mah)
Mun aya nu teu percaya ka kuring, (loba sigana mah)
geura asongkeun pusaka naon wae ka kuring, (enya moal atuh)
bakal dikosongkeun eusinan ku kuring, (lebar, anggur tambahan eusina
ngalah leuwih mahal hargana)
ngarah nu percaya geura bisa areling. (nu percaya mah pasti geus eling)
Siliwangi nepi ka menta pusakana disumputkeun, (lain ge pusaka ari
dimurah-mareh mah)
Siliwangi menta pusakana dikumpulkeun, (Da teu riweuh nyimpen pusaka
mah, diteundeun di alam gaib)
supaya teu loba rahayat nu kasasarkeun, (pasti sasar ari nu teu ngelmu mah)
nyembah pusaka nu jelas lain sembaheun. (kudu dikepret nu nyembah pusaka mah)