elmu kenging ti mana eta teh kang
ngawaler sanes sakadar ngawaler eta mah
aya eusian sanes sakadar eusi...
resep anu palebah panungtung
nyembah pusaka nu jelas lain sembaheun. (kudu dikepret nu nyembah pusaka
mah)

baktosna,


On Mon, Sep 8, 2008 at 9:56 PM, ilen kardani <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    At 05:39 PM 9/8/2008, Nong Gerak wrote:
>
> Si Janggot
>
> Aya lima urang nu bakal ngadatangan, (si turundul, keur baturna si
> janggot)
>
> tempat-tempat nu sok dijieun sesembahan, (masjid, gereja, kuil, kelenteng,
> jsb?)
>
> wayahna ku maranehna eta tempat bakal diberesihan, (hade pisan niat teh,
> beberesih di tempat ibadah)
>
> maranehna ku kuring geus dibekelan jang maehan siluman. (ulah diparaehan
> karunya, matak didamel ku Gusti oge pasti aya tujuanana)
>
>
>
> Si Janggot bakal dititah kukurilingan, (tos teu jaman 'perbudakan' ayeuna
> mah, karunya si janggot dititah kukurilingan)
>
> miceunan eusi disakabeh pusaka nu cenah aya karamatan, (Naon eusina atuh
> tina pusaka teh?, kuring boga pusaka jam citizen, geus puluhan taun matih
> keneh karamatna )
>
> ku sausap dampal oge karamatna bakal laleungitan, (tes heula di museum
> pusaka, di taman mini)
>
> si Janggot moal gimir najan disingsieunan. (pasti sieuneun ari rek dicukur
> mah)
>
>
>
> Mun aya nu teu percaya ka kuring, (loba sigana mah)
>
> geura asongkeun pusaka naon wae ka kuring, (enya moal atuh)
>
> bakal dikosongkeun eusinan ku kuring, (lebar, anggur tambahan eusina
> ngalah leuwih mahal hargana)
>
> ngarah nu percaya geura bisa areling. (nu percaya mah pasti geus eling)
>
>
>
> Siliwangi nepi ka menta pusakana disumputkeun, (lain ge pusaka ari
> dimurah-mareh mah)
>
> Siliwangi menta pusakana dikumpulkeun, (Da teu riweuh nyimpen pusaka mah,
> diteundeun di alam gaib)
>
> supaya teu loba rahayat nu kasasarkeun, (pasti sasar ari nu teu ngelmu
> mah)
>
> nyembah pusaka nu jelas lain sembaheun. (kudu dikepret nu nyembah pusaka
> mah)
>
>
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke