Haturan baraya sadayana .........

Cingan tulungan yeuh ........ kanggo ki dulurs anu langkung ngartos saperkawis 
babadan aksara sunda .......
Sim kuring mah meni asa janten pabaliut ...... peupeujeuheun baheula teh basa 
sakola S3 (heu-euh SD - SMP - SMA) teu ngalaman pisan diajar (kaajarkeun) 
Aksara Sunda teh ... Rada ngartos soteh ayeuna kulantaran nimu buku HANACARAKA 
..... 

HANARAKA SUNDA teh geuningan teu tebih sareng Bali Simbar (aksara Bali, namina 
oge sami hanacaraka). Tapi salian HANARACARAKA teh - Aksara Sunda nu lianna aya 
deui nya eta KAGANGA ...........

Janten anu saleresna diangge di wewengkon Pasundan teh saleresna anu mana 
....... HANACARAKA .... atanapi KAGANGA ... !? Atanapi dua-dua na ....!?

Pami aya anu kagungan referensi-na cingan atuh punten pangbaledogkeun ....... 
kumargi data anu di sim kuring mah asana mah teu acan akurat .........


mangga nyanggakeun, hatur nuhun.




--------------------------------------------------------------------------------

patani makmur ..... taneuh subur ......


<<aksara.gif>>

<<kg.gif>>

Kirim email ke