Beu ... Kang eta mah nganggo aksara Bali tea ... muhun eta Bali Simbar tea .... 
da teu tebih sareng hanacaraka sihoreng ...... mana heula bae ayeuna mah anu 
langkung yakin dilakonan heula ... kitu tah .... bonganna atuh da aksara sunda 
mah ti kapungkur teh ngan wacana jeung wacana bae ....... meni teu aya anu 
mirucaan ....... Sugan wae ayeuna mah  pada tertarik .... raresepeun ...... sok 
atuh hanca.......  medalkeun anu saleresna .. .anu saestuna ... ambeh urang 
jadi teu poekkeun ...... bisa meureun tah ngamumule salah sahiji kabudayaan 
urang tea ........


He... he... he.... cingan atuh geura baruktikeun ........



Tah saperkawis kaganga lan hanaraka ... si kuring mah ngan saukur terang 
wungkul ... teu apal dugi katebihna mah ... naha aya huruf panyambung ..... aya 
titik .. aya koma ... nya samodel prancakanna bali simbar wae ...... kituw tah 
..... Kumargi kitu cingan anu kagungan referensi ..... mangga baledokeun .... 
da pasti disanggap ku kuring mah ......



Punten ach ...... nuhun,




--------------------------------------------------------------------------------

patani makmur ..... taneuh subur ......



  ----- Original Message ----- 
  From: Ema Sujalma 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, September 22, 2008 2:05 PM
  Subject: Re: [kisunda] Aksara Sunda ... nu mana ...!?



  kuring waktu S1 di tasik kelas genep kantos nampi pelajaran aksara hanacaraka 
(1983)
  saatos Gn Galunggung bitu...teu kantos apal dugi ka ayeuna ge lebeng
  upami aya seratan hanacaraka sok nyuhungkeun tarjamahan ka budak kuring nu 
cikal,
  margi upami hanacaraka mah di sunda - jawa sami eta-eta keneh
  bentena teh dina panalang , paneleng , paneuleungna

  eta gening tos tiasa ngadamel sign dihandap ngangge aksara cacarakan
  hartosna NT lebih tahu dari ane, he he !

  Gan Les teh bade naroskeun bade ngawartosan ?
  heu heu sudah tahu nanya...

  tapi numutkeun katerangan ti Abah Oman milis tatanggi 
  aksara kaganga memang langkung kolot...
  ari anu ahli kana huruf Kaganga  ieu kakasihna teh Kang Teddy Permadi Ti UPI 
Bandung
  Gan Les peryogi alamatna atanapi no HP-na Kang Teddy ?

  pami peryogi tiasa dipaluruh

  upami Sujalma mah kana Kaganga teh Kagak Ngeuh, he he he,

  baktos, 





  On Mon, Sep 22, 2008 at 11:52 AM, Ganles MGM <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


    Haturan baraya sadayana .........

    Cingan tulungan yeuh ........ kanggo ki dulurs anu langkung ngartos 
saperkawis babadan aksara sunda .......
    Sim kuring mah meni asa janten pabaliut ...... peupeujeuheun baheula teh 
basa sakola S3 (heu-euh SD - SMP - SMA) teu ngalaman pisan diajar (kaajarkeun) 
Aksara Sunda teh ... Rada ngartos soteh ayeuna kulantaran nimu buku HANACARAKA 
..... 

    HANARAKA SUNDA teh geuningan teu tebih sareng Bali Simbar (aksara Bali, 
namina oge sami hanacaraka). Tapi salian HANARACARAKA teh - Aksara Sunda nu 
lianna aya deui nya eta KAGANGA ...........

    Janten anu saleresna diangge di wewengkon Pasundan teh saleresna anu mana 
....... HANACARAKA .... atanapi KAGANGA ... !? Atanapi dua-dua na ....!?

    Pami aya anu kagungan referensi-na cingan atuh punten pangbaledogkeun 
....... kumargi data anu di sim kuring mah asana mah teu acan akurat .........




    mangga nyanggakeun, hatur nuhun.

    -- 
    Ema Sujalma


  .

<<tulisan.gif>>

Kirim email ke