Kanggo info, sajarah aksara Sunda tos dilebetkeun kana wikipedia Sunda ku kang
Kandar (Kumincir) sareng kang Dian taun 2006 kapengker sapertos kieu:
Aksara Sunda
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
(http://su.wikipedia.org/wiki/Aksara_Sunda)
Topik Basa Sunda
* Sajarah
* Éjahan
* Tata Basa:
* Kalimah * Klausa * Frasa
* Kecap *Sora
* Pakeman Basa:
* Paribasa * Babasan
* Uga * Cacandran * Caturangga
* Rakitan lantip
* Gaya Basa
* Tatakrama
* Aksara Sunda
* Kongrés
Kotak ieu: tempo • sawala • édit
Prasasti Astana Gedé Kawali ti jaman Sunda-Kawali abad ka-15, tulisanana maké
aksara Sunda Kuna.
Aksara Sunda pikeun nuliskeun ngaran bangunan di salah sahiji paguron luhur di
Bandung.
Aksara Sunda nujul ka hiji sistim ortografi hasil karya masarakat Sunda nu
ngawengku aksara jeung sistim kaaksaraan pikeun nuliskeun basa Sunda. Aksara
Sunda ngarujuk ka aksara Sunda Kuna nu kungsi dipaké sahanteuna ti abad ka-14
nepi ka abad ka-18.
Sajarah
Salian ti aksara Sunda Kuna, kaadaban Sunda ogé kungsi wanoh jeung sababaraha
sistim aksara lianna, di antarana
* aksara Pallawa atawa aksara Pra-Nagari anu dipaké pikeun nuliskeun
basa Sangsakerta, dipaké nepi ka abad ka-7,
* aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
* aksara Cacarakan atawa aksara Jawa, sacara umum marengan asupna Islam
jeung kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),
* aksara Pegon, utamana di lingkungan pasantrén, ku asupna ajaran Islam
ti tatar Arab,
* aksara Latin, mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah
Walanda.
Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong
aksara Sunda pikeun pakéeun sapopoé. [1]
Komputerisasi
Komputerisasi aksara Sunda nalika medarna publikasi resmi ngeunaan aksara Sunda
ti Pamaréntah Jawa Kulon. Conto mimiti nyaéta "Aksara Pakuan" dina wanda OTF[2].
Salian ti éta, dina bulan Januari 2006, proposal pikeun ngodekeun Aksara Sunda
dina format Unicode geus dikirimkeun ka konsorsium Unicode [3]. Prosés ieu
bakal jalan dua taun lilana. Diharepkeun dina taun 2008, aksara Sunda geus asup
kana susunan Unicode versi 5.0.
Susunan Aksara Sunda
Aksara Sunda diwangun ku sababaraha komponén, diantarana:
* aksara ngalagena
* vokal mandiri
* aksara swara
* tanda baca
* angka
Aksara Ngalagena
Aksara Vokal Mandiri
Aksara Swara (Vokalisasi)
Angka
Conto makéna
Asmarandana
Éling éling masing éling,
rumingkang di bumi alam,
darma wawayangan baé,
raga taya pangawasa,
lamun kasasar lampah,
napsu nu matak kaduhung,
badan anu katempuhan.
Ladrang
Aya hiji rupa sato leutik,
Éngkang-éngkang, éngkang-éngkang,
Sok luluncatan di cai,
Ari bangun arék sarupa jeung lancah.
Référénsi
1. ↑ Dangiang Aksara Sunda, teuleuman filsafat Abah Surya ngeunaan
aksara Sunda di Sundanét.com
2. ↑ http://jamparing.sytes.net/aksara/
3. ↑ http://std.dkuug.dk/jtc1/sc2/wg2/docs/n3022.pdf
----- Original Message ----
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, September 22, 2008 2:32:07 PM
Subject: Re: [kisunda] Aksara Sunda ... nu mana ...!?
kaganga, aksara sunda anyar tea, sunda perda?
ah, kagangarti deui, mun nu eta amah'
....oca tea...
--- On Sun, 9/21/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [kisunda] Aksara Sunda ... nu mana ...!?
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Cc: "urangsunda" <[EMAIL PROTECTED] ups.com>, "baraya_sunda" <Baraya_Sunda@
yahoogroups. com>, [EMAIL PROTECTED] com
Date: Sunday, September 21, 2008, 11:30 PM
Ganles oge sadayana,
Aksara Sunda anu resmina nyaeta anu disebut Aksara Kaganga. Memang
dina aksara Hanacara aya kontribusi modifikasi ti masyarakat Sunda,
tapi ngan saeutik, ngan kl 10% - an. Anapon aksara Kaganga mah meh
sagemblengna karya masyarakat Sunda sakumaha kapendak dina
bukti-buktina mangrupa prasasti, jeung naskah kuno (dina kertas,
logam, jsb).
"Kaganga" sorangan sabenerna ngaran generik, ngaran anu dipake ku
aksara-aksara tradisi sejenna di Nusantara ieu, malah di Asia Tenggara
oge. Kukituna, tiheula pangersa Abah Surya usul sangkan ngaran (sejen)
eta aksara Sunda teh nyaeta "Aksara Ratu Pakuan" (nujul kana naskah
Sunda karya Bujanggamanik) .
Ngaran sejenna, sok aya oge anu nyebut aksara Ngalagena. Ngan,
ngalagena mah satemenna lain ngaran, tapi kelompok aksara, nyaeta
aksara konsonan anu aslina (memeh aya vokal, rarangken jeung tanda
baca) sadayana "calawak" tea (sadayana ku "a": ta, da, na,
ma, jst).
Ngeunaan padungdengan ieu kungsi mucunghul di milist sababaraha waktu
ka tukang.
Resmina ti pamarentah (Pemda Jabar) nya sakumaha dina Peraturan Daerah
(Perda) No.5 Tahun 2003 tentang Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara
Daerah. Nyarengan kana eta Perda, nya Dinas Pendidikan Prov. Jabar
medalkeun buku Aksara Sunda (Ngalagena). Anu nyeratna diantawisna Kang
Undang A. Darsa tea. Dumasar ieu buku, kang Dian Nugraha ngadamel
software Aksara Sunda. Insya Alloh, sakedap deui rupina baris
kaluar/diresmikeun standar aksara Sunda pikeun rupi-rupi kaperyogian,
diantawisna pikeun Unicode Aksara Sunda.
Rupina sakitu heula.
manAR
On Mon, Sep 22, 2008 at 1:05 PM, Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> kuring waktu S1 di tasik kelas genep kantos nampi pelajaran aksara
> hanacaraka (1983)
> saatos Gn Galunggung bitu...teu kantos apal dugi ka ayeuna ge lebeng
> upami aya seratan hanacaraka sok nyuhungkeun tarjamahan ka budak kuring nu
> cikal,
> margi upami hanacaraka mah di sunda - jawa sami eta-eta keneh
> bentena teh dina panalang , paneleng , paneuleungna
>
> eta gening tos tiasa ngadamel sign dihandap ngangge aksara cacarakan
> hartosna NT lebih tahu dari ane, he he !
>
> Gan Les teh bade naroskeun bade ngawartosan ?
> heu heu sudah tahu nanya...
>
> tapi numutkeun katerangan ti Abah Oman milis tatanggi
> aksara kaganga memang langkung kolot...
> ari anu ahli kana huruf Kaganga ieu kakasihna teh Kang Teddy Permadi Ti
UPI
> Bandung
> Gan Les peryogi alamatna atanapi no HP-na Kang Teddy ?
>
> pami peryogi tiasa dipaluruh
>
> upami Sujalma mah kana Kaganga teh Kagak Ngeuh, he he he,
>
> baktos,
>
>
>
>
> On Mon, Sep 22, 2008 at 11:52 AM, Ganles MGM <[EMAIL PROTECTED] com>
wrote:
>>
>> Haturan baraya sadayana .........
>>
>> Cingan tulungan yeuh ........ kanggo ki dulurs anu langkung ngartos
>> saperkawis babadan aksara sunda .......
>> Sim kuring mah meni asa janten pabaliut ...... peupeujeuheun baheula
teh
>> basa sakola S3 (heu-euh SD - SMP - SMA) teu ngalaman pisan diajar
>> (kaajarkeun) Aksara Sunda teh ... Rada ngartos soteh ayeuna kulantaran
nimu
>> buku HANACARAKA .....
>>
>> HANARAKA SUNDA teh geuningan teu tebih sareng Bali Simbar (aksara
Bali,
>> namina oge sami hanacaraka). Tapi salian HANARACARAKA teh - Aksara
Sunda nu
>> lianna aya deui nya eta KAGANGA ...........
>>
>> Janten anu saleresna diangge di wewengkon Pasundan teh saleresna anu
mana
>> ....... HANACARAKA .... atanapi KAGANGA ... !? Atanapi dua-dua na
.....!?
>>
>> Pami aya anu kagungan referensi-na cingan atuh punten pangbaledogkeun
>> ....... kumargi data anu di sim kuring mah asana mah teu acan akurat
>> .........
>>
>> mangga nyanggakeun, hatur nuhun.
>>
>>
>> ____________ _________ _________ __
>>
>> patani makmur ..... taneuh subur ......
>>
>>
>
>
> --
> Ema Sujalma
>
>
------------ --------- --------- ------
Yahoo! Groups Links