Gan,

Ieu walonan ti si kuring anu lain founding fahter, oge lain owner
milist kisunda. Ngan, memang miluan milist kisunda ti mimiti eta
milist karek mimingguan dilahirkeun, ti mimiti anggotana masih bisa
diitung ku ramo. Walonan abdi palih handap masing-masing patarosan:

On Wed, Sep 24, 2008 at 11:20 AM, eminx <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> a. Kunaon sareng ti ngawitan iraha milis kisunda ngadeg , saha anu janten
> founding fatherna?

===> Ku kersana wae. Ti ngawitan taun 2000. Founding father na
anjeunna anu nelah Kang Cahyana tea. Abah Surya (HR Hidayat Suryalaga)
oge kalebet founding father jalaran anjeunna kalebet anu ngabidanan
milist kisunda.

> b. Pangaruh naon anu ditimbulkeun ku ayana milist kisunda boh kana bidang
> politiik, sosial,
>     ekonomi, sareng masyarakat Sunda utamina dina kamajengan kasundaan

==> Duka tah, asa teu acan aya panalungtikan ngeunaan hal eta. Ngan,
Abah Surya kungsi ngagunakeun websitena (www.sundanet.com) pikeun
ngajar jeung media diajarna basa Sunda ka/para mahasiswana di Unpas.
Mungkin wae can aya pangaruh nanaon anu penting (signifikan).

> c. Carita, elmu atanapi artikel ilmiah populer naon anu pang dipikaresepna
> dina milist kisunda ?

===> Carita ngeunaan sajarah jeung budaya sigana mah, oge kapercayaan
tradisi. Upama di website na kapungkur, rohangan "ngadu bako" asana
cukup populer. Hanjakal websitena ayeuna keur diropea keneh, can
tuntas pisan.

> d. Upami aya kagiatan / langkah gerak di darat anu tos dilaksanakeun ,
> mangrupi naon ?

===> Abah Surya utamana mah, pamadegan, pamandangan sareng
kreativitas2na seueur dianggo ku Pamarentah Provinsi katut
rengrenganana. Diantarana: Perlindungan DAS Citarum Hulu pendekatan
Budaya (ngahirupkeun deui pakumbuhan/puragabaya di lingkungan sirah
cai/revitalisasi kabuyutan keur nyalindungan sirah cai; konsep
pembangunan makro Jawa Barat bidang kebudayaan ti taun 2003 dugi ka
ayeuna masih disuhunkeun pamadeganana.

> e. Kumaha program ka hareupna, atanapi by geuleuyeung wae ?

===> Rupina ngaleuyeung wae heula. Disebut aya program da teuaya,
disebut teu aya, da milist-milistna wae mah aya, oge sok aya wae dina
forum-forum anu nyabit-nyabit nami websitena. Antara aya jeung teu
aya....siga rek reup sare nya? Heuheu. Cag heula.

>
> hatur nuhun,
>
> --
> Eminx
> http://www.saatchi-gallery.co.uk/yourgallery/artist_profile//95268.html

===> Sami-sami hatur nuhun. Rahayu.

manAR


> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke