Abah Surya teh HR Hidayat Suryalaga, alumni fak sastra Sunda Unpad,
budayawan, pangarang Sunda utamana dina widang sandiwara, gending
karesmen jeung drama; buku-buku pangajaran basa Sunda; ngawulang di
Unpad, Unpas jeun nu sanesna; karya anu tiasa disebut masterpiece na
nya Nurhidayahan tea (tarjamahan al Qur'an kana basa Sunda dina wangun
pupuh sekar ageung) sareng Nurulhikmah (tarjamahan Al Qur'an kana basa
Sunda dina wangun nadoman); karya sanesna: buku "Kasundaan Rawayan
Jati".

Kang CA : Cahyana Ahmadjayadi, mantan direktur telkom, pos dan giro
(dephub), pengembangan daerah (depdagri).

manAR

On Thu, Sep 25, 2008 at 12:06 AM, eminx <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> tah mun tos kieu mah bade sare oge tenang
> teu jiga kamari-kamari
> saha ari abah Surya teh ?
> Saha ari CA teh ?
>
> hatur nuhun
> katampi pisan
> baktosna,
>
>
> On Wed, Sep 24, 2008 at 11:54 PM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
>>
>> Gan,
>>
>> Ieu walonan ti si kuring anu lain founding fahter, oge lain owner
>> milist kisunda. Ngan, memang miluan milist kisunda ti mimiti eta
>> milist karek mimingguan dilahirkeun, ti mimiti anggotana masih bisa
>> diitung ku ramo. Walonan abdi palih handap masing-masing patarosan:
>>
>> On Wed, Sep 24, 2008 at 11:20 AM, eminx <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> > a. Kunaon sareng ti ngawitan iraha milis kisunda ngadeg , saha anu
>> > janten
>> > founding fatherna?
>>
>> ===> Ku kersana wae. Ti ngawitan taun 2000. Founding father na
>> anjeunna anu nelah Kang Cahyana tea. Abah Surya (HR Hidayat Suryalaga)
>> oge kalebet founding father jalaran anjeunna kalebet anu ngabidanan
>> milist kisunda.
>>
>> > b. Pangaruh naon anu ditimbulkeun ku ayana milist kisunda boh kana
>> > bidang
>> > politiik, sosial,
>> > ekonomi, sareng masyarakat Sunda utamina dina kamajengan kasundaan
>>
>> ==> Duka tah, asa teu acan aya panalungtikan ngeunaan hal eta. Ngan,
>> Abah Surya kungsi ngagunakeun websitena (www.sundanet.com) pikeun
>> ngajar jeung media diajarna basa Sunda ka/para mahasiswana di Unpas.
>> Mungkin wae can aya pangaruh nanaon anu penting (signifikan).
>>
>> > c. Carita, elmu atanapi artikel ilmiah populer naon anu pang
>> > dipikaresepna
>> > dina milist kisunda ?
>>
>> ===> Carita ngeunaan sajarah jeung budaya sigana mah, oge kapercayaan
>> tradisi. Upama di website na kapungkur, rohangan "ngadu bako" asana
>> cukup populer. Hanjakal websitena ayeuna keur diropea keneh, can
>> tuntas pisan.
>>
>> > d. Upami aya kagiatan / langkah gerak di darat anu tos dilaksanakeun ,
>> > mangrupi naon ?
>>
>> ===> Abah Surya utamana mah, pamadegan, pamandangan sareng
>> kreativitas2na seueur dianggo ku Pamarentah Provinsi katut
>> rengrenganana. Diantarana: Perlindungan DAS Citarum Hulu pendekatan
>> Budaya (ngahirupkeun deui pakumbuhan/puragabaya di lingkungan sirah
>> cai/revitalisasi kabuyutan keur nyalindungan sirah cai; konsep
>> pembangunan makro Jawa Barat bidang kebudayaan ti taun 2003 dugi ka
>> ayeuna masih disuhunkeun pamadeganana.
>>
>> > e. Kumaha program ka hareupna, atanapi by geuleuyeung wae ?
>>
>> ===> Rupina ngaleuyeung wae heula. Disebut aya program da teuaya,
>> disebut teu aya, da milist-milistna wae mah aya, oge sok aya wae dina
>> forum-forum anu nyabit-nyabit nami websitena. Antara aya jeung teu
>> aya....siga rek reup sare nya? Heuheu. Cag heula.
>>
>> >
>> > hatur nuhun,
>> >
>> > --
>> > Eminx
>> > http://www.saatchi-gallery.co.uk/yourgallery/artist_profile//95268.html
>>
>> ===> Sami-sami hatur nuhun. Rahayu.
>>
>> manAR
>>
>> >
>
>
>
> --
> Eminx
>
> http://www.saatchi-gallery.co.uk/yourgallery/artist_profile//95268.html
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke