tah mun tos kieu mah bade sare oge tenang
teu jiga kamari-kamari
saha ari abah Surya teh ?
Saha ari CA teh ?

hatur nuhun
katampi pisan
baktosna,


On Wed, Sep 24, 2008 at 11:54 PM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>wrote:

>   Gan,
>
> Ieu walonan ti si kuring anu lain founding fahter, oge lain owner
> milist kisunda. Ngan, memang miluan milist kisunda ti mimiti eta
> milist karek mimingguan dilahirkeun, ti mimiti anggotana masih bisa
> diitung ku ramo. Walonan abdi palih handap masing-masing patarosan:
>
>
> On Wed, Sep 24, 2008 at 11:20 AM, eminx <[EMAIL 
> PROTECTED]<sujalma%40gmail.com>>
> wrote:
> > a. Kunaon sareng ti ngawitan iraha milis kisunda ngadeg , saha anu janten
> > founding fatherna?
>
> ===> Ku kersana wae. Ti ngawitan taun 2000. Founding father na
> anjeunna anu nelah Kang Cahyana tea. Abah Surya (HR Hidayat Suryalaga)
> oge kalebet founding father jalaran anjeunna kalebet anu ngabidanan
> milist kisunda.
>
> > b. Pangaruh naon anu ditimbulkeun ku ayana milist kisunda boh kana bidang
> > politiik, sosial,
> > ekonomi, sareng masyarakat Sunda utamina dina kamajengan kasundaan
>
> ==> Duka tah, asa teu acan aya panalungtikan ngeunaan hal eta. Ngan,
> Abah Surya kungsi ngagunakeun websitena (www.sundanet.com) pikeun
> ngajar jeung media diajarna basa Sunda ka/para mahasiswana di Unpas.
> Mungkin wae can aya pangaruh nanaon anu penting (signifikan).
>
> > c. Carita, elmu atanapi artikel ilmiah populer naon anu pang
> dipikaresepna
> > dina milist kisunda ?
>
> ===> Carita ngeunaan sajarah jeung budaya sigana mah, oge kapercayaan
> tradisi. Upama di website na kapungkur, rohangan "ngadu bako" asana
> cukup populer. Hanjakal websitena ayeuna keur diropea keneh, can
> tuntas pisan.
>
> > d. Upami aya kagiatan / langkah gerak di darat anu tos dilaksanakeun ,
> > mangrupi naon ?
>
> ===> Abah Surya utamana mah, pamadegan, pamandangan sareng
> kreativitas2na seueur dianggo ku Pamarentah Provinsi katut
> rengrenganana. Diantarana: Perlindungan DAS Citarum Hulu pendekatan
> Budaya (ngahirupkeun deui pakumbuhan/puragabaya di lingkungan sirah
> cai/revitalisasi kabuyutan keur nyalindungan sirah cai; konsep
> pembangunan makro Jawa Barat bidang kebudayaan ti taun 2003 dugi ka
> ayeuna masih disuhunkeun pamadeganana.
>
> > e. Kumaha program ka hareupna, atanapi by geuleuyeung wae ?
>
> ===> Rupina ngaleuyeung wae heula. Disebut aya program da teuaya,
> disebut teu aya, da milist-milistna wae mah aya, oge sok aya wae dina
> forum-forum anu nyabit-nyabit nami websitena. Antara aya jeung teu
> aya....siga rek reup sare nya? Heuheu. Cag heula.
>
> >
> > hatur nuhun,
> >
> > --
> > Eminx
> > http://www.saatchi-gallery.co.uk/yourgallery/artist_profile//95268.html
>
> ===> Sami-sami hatur nuhun. Rahayu.
>
> manAR
>
> >
>  
>



-- 
Eminx

http://www.saatchi-gallery.co.uk/yourgallery/artist_profile//95268.html

Kirim email ke