Kang Oca, oge baraya sadaya.

  a.. Perkawis nami, dibunikeun manawi ku sepuhna.... wios baelah janten 
misteri, sok sanaos jaman ayeuna sok disebat 'era keterbukaan dan transparansi' 
tapi sanes hartosna kedah bulucun.. hi.. hi... hi. 
  b.. Perkawis 'berita baru'  abdi ge tadi teh mani ngaleketey hate dibarung ku 
rasa sedih, geuning suku baduwi teh dulur urang anu migrasi ka arab keur mapang 
datangna jaman anyar. Hal ieu kanggo abdi ge nembe terang tadi padah aya 
patarosan ti Kang Oca tea, teras abdi minangsaraya ka Kang Jahanaka supados 
ngunduh file entry sunda dina basa arab hasilna nya kitu. Wah, upami kitu mah 
aya anu salah kaprah sareng urang sadaya anu ngangkeun "Urang Sunda" margi 
kedahna nyebat teh Urang Baduy atanapi Baduwi (arab), sami sareng urang 
Kanekes. Anu ka rampa ku abdi teh, etnis urang katelahna kapungkur mah (etnis) 
Baduy anu ngagem syari'at Sunda.  Ku margi peradaban sareng budayana tos 
majeng, nya seueur anu ngumbara nyebarkeun ageman sareng turunan, diantawisna 
ka palih kulon mapay-mapay basisir samudra india ayeuna, tapakna aya di India 
sareng di Arab. Naha ceunah ayeuna urang jadi salah kaprah, gampangna mah ku 
conto bae lah, ayeuna urang sering nguping "Urang Islam, Urang Kristen jrrd" 
didieu saleresna Islam atawa Kristen henteu ngarujuk kana etnis tapi kana 
agemanana, timana urang tiasa nyebat "eta Urang Islam" si anu "Urang Kristen" 
nyaeta tina prilakuna/kabiasaanana. Aya anu arada pas mah meureun ka Urang 
Israel,  urang sok nyebat Urang Israel sami jeung Urang Yahudi pada can tangtu. 
Jadi kuduna nyebut teh Urang Baduy anu Islam, Urang Baduy anu Kristen, Urang 
Baduy anu Sunda khusus keur urang tangtu jeung panamping. Tapi urang tangtu 
jeung urang panamping tos ngamaklum kana kondisi urang anu kaluar tina syare'at 
sunda tapi tetep ngaku sunda, kukituna muncul weh anu disebat Sunda Wiwitan 
(sunda asli gitu loh..), upami aya Sunda Wiwitan tangtu aya Sunda..? 
  c.. cag ah.
Wassalam
dudi_ss

  ----- Original Message ----- 
  From: Roza Rahmadjasa Mintaredja 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, September 26, 2008 5:23 PM
  Subject: Re: [kisunda] bade tumaros: Kang Oca


        weeeleh2 kg Ndud, hampura uin, can mareng uin diaku kitu patut...
        nuhun, sami2 nuhun kana kaTerangna...
        dongeng ka Tunggalan teh , leres kitu pisan....
        leres ogen, angka tungtung di  salapan,...
        mung tungtung nguwung, panjang ngawang2na mah...
        dekok deui kg Ndud...
        salapan ka sapuluh Nunggal tea, apanan?
        
.................................................................................................................
        Aeh, ngaran uin kuduna Mintadiredja kutan?
        Eta ngaran Uyut, ka Aki, ka Bapa tuluy ka uin...
        aneh yeuh aya nu mairan kitu nya?
        cik naon tah hartosna eta teh mun ditambah make selapan kecap 'di'...???
        wah, suttang setting alat naon, kg Ndud?
        
..................................................................................................................
        Eeeeeta suku Baduwi, ngagem sare'at Sunda???
        Janten suku Baduwi teh, sa ageman???
        ti iraaaaaha tah?
        ini kejutan....kumaha yeuh baraya sadaya???
        INI BARU 
BERITA!!!............................................................................................
        INI BERITA BARU!!!
        atawa uin weee anu kurang gaul?
        he33x!
        cag! 
        rampa salira...rampes nun!
        ...oca tea...


        --- On Thu, 9/25/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

          From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
          Subject: Re: [kisunda] bade tumaros: Kang Oca
          To: [email protected]
          Date: Thursday, September 25, 2008, 7:42 PM


          Hatur nuhun ah, perangkat anu Kang Oca mah tos paripurna alias 
canggih... mencrang, visual, 3dimensi, colorfull....  
            a.. kecap 'sunda' di arab bisa ngahartikeun kitu? Sunda = samiyuhun 
samikhasanalloh firusulih wa miyakha khumulih wa aslamahul alamin dahibanalloh. 
Dicandak tina babad suku Arab Baduwi, kacarioskeun dina eta babad yen tatacara 
hirupna Suku Baduwi ngagem syariat Sunda. (Fresh from oven via over the air, 
Jahanaka, 26-09-2008; jam 09:28 wita), anu tiasa nerjemahkeun Insya Alloh Kang 
Agus Pakusarakan, mangga Kang Agus tong dibunian bae! ieu mah kedah kerja team. 
            b..  bilih miskom, perkawis "kukungmanik rancamaya" anu dipimaksad 
ku abdi ge "Kuring anu dina kurungan" : tunggal sami sareng hiji, maksadna anu 
hiji dina deretan anu 1, 3, 5, 7,9 tutungkusan abdi, ngarujuk poin diluhurna 
dina posting abdi kamari. 
            c.. eta nami Kang Oca aya anu kirang palebah "Mintaredja" kedahna 
"Mintadiredja" geura sok taroskeun ka sepuhna! 
            d.. ke, upami tepang bade tataros kumaha cara setting alatna 
supados mencrang.. 
          Wassalam.
          dudi_ss



       


  . 
   

Kirim email ke