Gan Ema, 'Roza" mah langkung caket kana basa Persia "Reza" atawa
"Riza". Anapon kecap "Riza" atawa "Rizo" ieu basa Arab-na nya  "Ridlo"
tea atawa "Rido" tea basa Sunda-na mah. Salah sahiji katuruna
Rosululloh saw anu dipercaya ku umumna urang Persia salaku imam anu
ka-7, gelarna "Ar Ridlo" atawa "Ar Riza" dina basa Persia, nami
lengkepna: Ali Ar Ridlo. Jadi....nya Alhamdulillah pinuh ku karidoan
da aran teh do'a tea. Amin.

manAR



On Fri, Sep 26, 2008 at 6:12 PM, eminx <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> upami ningal kana jenengan Roza
> abdi yakin aya katurunan ti Arab
> margi biasana pami ngaos teh pan dal da Ro Za sin sstrsna
> Roza teh caket kana Rozaq : hartosna seueur rezekina
> muhun kitu ?
> he he he
>
> salam,
>
>
> On Fri, Sep 26, 2008 at 4:23 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> weeeleh2 kg Ndud, hampura uin, can mareng uin diaku kitu patut...
>> nuhun, sami2 nuhun kana kaTerangna...
>> dongeng ka Tunggalan teh , leres kitu pisan....
>> leres ogen, angka tungtung di  salapan,...
>> mung tungtung nguwung, panjang ngawang2na mah...
>> dekok deui kg Ndud...
>> salapan ka sapuluh Nunggal tea, apanan?
>>
>> ...............................................................................................................
>> Aeh, ngaran uin kuduna Mintadiredja kutan?
>> Eta ngaran Uyut, ka Aki, ka Bapa tuluy ka uin...
>> aneh yeuh aya nu mairan kitu nya?
>> cik naon tah hartosna eta teh mun ditambah make selapan kecap 'di'...???
>> wah, suttang setting alat naon, kg Ndud?
>>
>> ................................................................................................................
>> Eeeeeta suku Baduwi, ngagem sare'at Sunda???
>> Janten suku Baduwi teh, sa ageman???
>> ti iraaaaaha tah?
>> ini kejutan....kumaha yeuh baraya sadaya???
>> INI BARU
>> BERITA!!!...........................................................................................
>> INI BERITA BARU!!!
>> atawa uin weee anu kurang gaul?
>> he33x!
>> cag!
>> rampa salira...rampes nun!
>> ...oca tea...
>>
>>
>> --- On Thu, 9/25/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
>> Subject: Re: [kisunda] bade tumaros: Kang Oca
>> To: [email protected]
>> Date: Thursday, September 25, 2008, 7:42 PM
>>
>> Hatur nuhun ah, perangkat anu Kang Oca mah tos paripurna alias canggih...
>> mencrang, visual, 3dimensi, colorfull....
>>
>> kecap 'sunda' di arab bisa ngahartikeun kitu? Sunda = samiyuhun
>> samikhasanalloh firusulih wa miyakha khumulih wa aslamahul alamin
>> dahibanalloh. Dicandak tina babad suku Arab Baduwi, kacarioskeun dina eta
>> babad yen tatacara hirupna Suku Baduwi ngagem syariat Sunda. (Fresh from
>> oven via over the air, Jahanaka, 26-09-2008; jam 09:28 wita), anu tiasa
>> nerjemahkeun Insya Alloh Kang Agus Pakusarakan, mangga Kang Agus tong
>> dibunian bae! ieu mah kedah kerja team.
>>  bilih miskom, perkawis "kukungmanik rancamaya" anu dipimaksad ku abdi ge
>> "Kuring anu dina kurungan" : tunggal sami sareng hiji, maksadna anu hiji
>> dina deretan anu 1, 3, 5, 7,9 tutungkusan abdi, ngarujuk poin diluhurna dina
>> posting abdi kamari.
>> eta nami Kang Oca aya anu kirang palebah "Mintaredja" kedahna
>> "Mintadiredja" geura sok taroskeun ka sepuhna!
>> ke, upami tepang bade tataros kumaha cara setting alatna supados
>> mencrang..
>>
>> Wassalam.
>> dudi_ss
>>
>>
>> ----- Original Message -----
>> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja
>> To: [email protected]
>> Sent: Friday, September 26, 2008 1:31 AM
>> Subject: Re: [kisunda] bade tumaros: Kang Oca
>>
>> ah....kg Ndud...
>> *uin mah ngan saukur papantunan beeee....
>> uin mah bujeng2 masaaagi...
>> penjol ogen hanteu...
>> *he33x! (bade ditambihan ciga kg Eminx saeeee...
>> he76x sesa he34x..).manggaaaa teh teuin...
>> bebas lah...
>> *anu uin hemeng, naha kecap 'sunda' di arab
>> bisa ngahartikeun kitu? (duka arab anu mana tah?)
>> *wangsit siliwangi eta kaluar dina mangsa Pajajaran rek runtag, 1578..
>> siliwangi nu mana? tiasa ditaros ka Amboe anu pasna...
>> da Siliwangi teh dugi ka belasanana.. .
>> da eta mah, dinasti jeung sistem anu lumaku di Sunda...
>> ajaran ka Siliwangian teh...
>> *dulur opat kalima pancer, pasti ti sunda heula...
>> da sami  srg Jawa oge...turunan ti Galuh, saguru...
>> *pasualan legok tapak gentengkadek. ..keur sadirieun mah...
>> asa jauh keneh ka Pajajaran, kooomo ka Pakuan/Pakwan mah...
>> ti Galuh Pakuan laju ka Pakuan Pajajaran... !!!
>> kudu jadi Paku/Paseuk diri...
>> *kungkungmanik rancamaya? nya si Aing tea...
>> Ndudna Ndud, Ocana Oca...
>> anu pasti geus sakuduna, wawuh ka Gustina...
>> sun daha, daha ning isun/ingsun. ..sunda tea...
>> *bade ngagambar si Jaluna Kg Ndud? he33x!
>> *Rancamaya/ bener geus leungit dangiangna.. ?.
>> kari carita,
>> tapi Rancamaya urg nu aya, sa-DIRIeun.. .
>> kitu meureun eta gen...uin mah sa-ukur babaledogan. .
>> hayu urg panggihan tah Sang JATIDIRI teh...
>> da rupa2 pisan metoda pendekatanana. ..
>> kudu ngukur sakujur...teu bisa ceuk batur...
>> matakna ceuk istilah PHH Mustapa di-ibaratkeun. ..
>> diteangan ka Kulon?, manggih Wetan...
>> diteangan ka Kidul? manggih Kaler...
>> nya dimana atuh si Aing teh...Ki Sunda teh
>> sasar ari neang kaluar mah...
>> eta arah Kulon, Kaler, Kidul jg Wetan ti palebah mana?
>> iwal ti DIRI urg...Pancerna tea...
>> sumbu salib, atw X(faktor X), atw lam alip...
>> atw Cakra, ...dimana Puseurna?
>> iwal ti DIRI...
>> eta anu bulak balik dekok teh...
>> sugan...ieu ogen
>> he33x!
>> cag!
>> rampa salira... rampes nun!
>> ...oca tea...
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>> --- On Thu, 9/25/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>>
>> From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com>
>> Subject: Re: [kisunda] bade tumaros: Kang Oca
>> To: [EMAIL PROTECTED] .com
>> Date: Thursday, September 25, 2008, 8:55 AM
>>
>> Wah tetela Kang Oca mah tos masagi, legok tapak genteng kadek....
>>
>>
>> Sunda teh "tempat pangbalikan jeung tempat anu pinuh ku gunung" > paingan
>> atuh Kang, tatarsunda dilingkung gunung jadi heurin ku tangtung da seueur
>> urban tea nya... hi.. hi.. bari cicirihilan. ..
>> Budak angon tina wangsit anu ti Kang Manar tea tapi siliwangi anu mana anu
>> ngawangsit teh, naha wangsitna kitu, ari siliwangi teh aya sabaraha, naha
>> makamna aya dimana-mana?
>> Bedul? isin ah ngabahas ieu mah, keun bae da parawargi oge tos pada terang
>> Badigul ayana dina diri urang > da anu di Rancamaya mah tos lengit
>> dangiang tos camal
>> Badigul jeung Bedugul, sami? upama sareng bedegul... he 33X (naha kedah 33
>> kali, kumaha upami ka langkungan)
>> Anu bulak balik dekok mah "sair" perkakas paranti ngala lauk ari keur
>> marak di walungan.
>> papat lima pancer, sedulur papat lima pancer, eta mah ti Jawa diurang mah
>> Dulur Opat Lima Pancer (DOLP), eta pangalaman pertama uin' basa manggihan
>> sunda nepi ka stess ampir saminggu teu ka pagawean, asana mah taun 2001-an,
>> lamun dilacak mah aya geura dina arsip milis kisunda, komo dina arsip milis
>> urangsunda mah aya attachementna gambar tapak uin. Oge tahun 2005 kungsi
>> diposting deui dina jejer A4 (alam alit alam ageung). Ti mimiti anu 1(Kuring
>> dina Kurungan, anu 3 (Perkakas Hirup), 5 (DOLP tea), 7(Hambalan Hirup) jeung
>> anu 9 (PR urang).
>> Kungkungmanik Rancamaya, istilah anyar keur uin'  (Kungkung = kurung,
>> manik = sari/inti/esensi/ poko, ranca = rawa, biasana lega jiga lapangan
>> ngan baseuh pokona anu ngampar (hamparan) sapadan jeung istilah sagara, alam
>> dll, maya = samar), jadi Hiji Dzat anu poko kakurung disagara anu sarwa
>> samar, boa boa anu tunggal tea ieu mah, anu boga lalakon.
>> Kang Oca guguru ka Cirebon nya?  tah buktosna "sun daha ingsun... daha lan
>> kadiri..."
>> Panjalu... dudi panjalu, iya betul saya mah pan jalu... lamun wenang mah
>> rek digambar keur ngabuktikeunana. ..
>>
>> Wassalam,
>> dudi_ss
>>
>> .
>>
>
>
>
> --
> Eminx
>
> http://www.saatchi-gallery.co.uk/yourgallery/artist_profile//95268.html
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke