enya Gan Ema, ....rozaq naahum yum fiiikun.... eta arabna...ari sundana? jadi rosa... rosa jasa... carita jadi ngaran eta ? ide ti pun biang emut ka dokterna, ngaran Roza, kaseeep teh dokterna cenah... jaba wanci borojol teh, poe Salasa malem Rebo... wah, enggeus maen weton tah? wah, aya2 wae kreatifitas pun biang teh... naaaa ari nenehna jadi ngaran penyanyi awewe,.. Ocha-Rosa tea, asal Sumedang... pabaliut ah... he33x! ....ocatea...
--- On Fri, 9/26/08, eminx <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: eminx <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] bade tumaros: Kang Oca To: [email protected] Date: Friday, September 26, 2008, 4:12 AM upami ningal kana jenengan Roza abdi yakin aya katurunan ti Arab margi biasana pami ngaos teh pan dal da Ro Za sin sstrsna Roza teh caket kana Rozaq : hartosna seueur rezekina muhun kitu ? he he he salam, On Fri, Sep 26, 2008 at 4:23 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: weeeleh2 kg Ndud, hampura uin, can mareng uin diaku kitu patut... nuhun, sami2 nuhun kana kaTerangna... dongeng ka Tunggalan teh , leres kitu pisan.... leres ogen, angka tungtung di salapan,... mung tungtung nguwung, panjang ngawang2na mah... dekok deui kg Ndud... salapan ka sapuluh Nunggal tea, apanan? ................................................................................................................. Aeh, ngaran uin kuduna Mintadiredja kutan? Eta ngaran Uyut, ka Aki, ka Bapa tuluy ka uin... aneh yeuh aya nu mairan kitu nya? cik naon tah hartosna eta teh mun ditambah make selapan kecap 'di'...??? wah, suttang setting alat naon, kg Ndud? .................................................................................................................. Eeeeeta suku Baduwi, ngagem sare'at Sunda??? Janten suku Baduwi teh, sa ageman??? ti iraaaaaha tah? ini kejutan....kumaha yeuh baraya sadaya??? INI BARU BERITA!!!............................................................................................ INI BERITA BARU!!! atawa uin weee anu kurang gaul? he33x! cag! rampa salira...rampes nun! ....oca tea... --- On Thu, 9/25/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] bade tumaros: Kang Oca To: [email protected] Date: Thursday, September 25, 2008, 7:42 PM Hatur nuhun ah, perangkat anu Kang Oca mah tos paripurna alias canggih... mencrang, visual, 3dimensi, colorfull.... kecap 'sunda' di arab bisa ngahartikeun kitu? Sunda = samiyuhun samikhasanalloh firusulih wa miyakha khumulih wa aslamahul alamin dahibanalloh. Dicandak tina babad suku Arab Baduwi, kacarioskeun dina eta babad yen tatacara hirupna Suku Baduwi ngagem syariat Sunda. (Fresh from oven via over the air, Jahanaka, 26-09-2008; jam 09:28 wita), anu tiasa nerjemahkeun Insya Alloh Kang Agus Pakusarakan, mangga Kang Agus tong dibunian bae! ieu mah kedah kerja team. bilih miskom, perkawis "kukungmanik rancamaya" anu dipimaksad ku abdi ge "Kuring anu dina kurungan" : tunggal sami sareng hiji, maksadna anu hiji dina deretan anu 1, 3, 5, 7,9 tutungkusan abdi, ngarujuk poin diluhurna dina posting abdi kamari. eta nami Kang Oca aya anu kirang palebah "Mintaredja" kedahna "Mintadiredja" geura sok taroskeun ka sepuhna! ke, upami tepang bade tataros kumaha cara setting alatna supados mencrang.. Wassalam. dudi_ss ----- Original Message ----- From: Roza Rahmadjasa Mintaredja To: [email protected] Sent: Friday, September 26, 2008 1:31 AM Subject: Re: [kisunda] bade tumaros: Kang Oca ah....kg Ndud... *uin mah ngan saukur papantunan beeee.... uin mah bujeng2 masaaagi... penjol ogen hanteu... *he33x! (bade ditambihan ciga kg Eminx saeeee... he76x sesa he34x..).manggaaaa teh teuin... bebas lah... *anu uin hemeng, naha kecap 'sunda' di arab bisa ngahartikeun kitu? (duka arab anu mana tah?) *wangsit siliwangi eta kaluar dina mangsa Pajajaran rek runtag, 1578.. siliwangi nu mana? tiasa ditaros ka Amboe anu pasna... da Siliwangi teh dugi ka belasanana.. . da eta mah, dinasti jeung sistem anu lumaku di Sunda... ajaran ka Siliwangian teh... *dulur opat kalima pancer, pasti ti sunda heula... da sami srg Jawa oge...turunan ti Galuh, saguru... *pasualan legok tapak gentengkadek. ..keur sadirieun mah... asa jauh keneh ka Pajajaran, kooomo ka Pakuan/Pakwan mah... ti Galuh Pakuan laju ka Pakuan Pajajaran... !!! kudu jadi Paku/Paseuk diri... *kungkungmanik rancamaya? nya si Aing tea... Ndudna Ndud, Ocana Oca... anu pasti geus sakuduna, wawuh ka Gustina... sun daha, daha ning isun/ingsun. ..sunda tea... *bade ngagambar si Jaluna Kg Ndud? he33x! *Rancamaya/ bener geus leungit dangiangna.. ?. kari carita, tapi Rancamaya urg nu aya, sa-DIRIeun.. . kitu meureun eta gen...uin mah sa-ukur babaledogan. . hayu urg panggihan tah Sang JATIDIRI teh... da rupa2 pisan metoda pendekatanana. .. kudu ngukur sakujur...teu bisa ceuk batur... matakna ceuk istilah PHH Mustapa di-ibaratkeun. .. diteangan ka Kulon?, manggih Wetan... diteangan ka Kidul? manggih Kaler... nya dimana atuh si Aing teh...Ki Sunda teh sasar ari neang kaluar mah... eta arah Kulon, Kaler, Kidul jg Wetan ti palebah mana? iwal ti DIRI urg...Pancerna tea... sumbu salib, atw X(faktor X), atw lam alip... atw Cakra, ...dimana Puseurna? iwal ti DIRI... eta anu bulak balik dekok teh... sugan...ieu ogen he33x! cag! rampa salira... rampes nun! ....oca tea... --- On Thu, 9/25/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com> Subject: Re: [kisunda] bade tumaros: Kang Oca To: [EMAIL PROTECTED] .com Date: Thursday, September 25, 2008, 8:55 AM Wah tetela Kang Oca mah tos masagi, legok tapak genteng kadek.... Sunda teh "tempat pangbalikan jeung tempat anu pinuh ku gunung" > paingan atuh Kang, tatarsunda dilingkung gunung jadi heurin ku tangtung da seueur urban tea nya... hi.. hi.. bari cicirihilan. .. Budak angon tina wangsit anu ti Kang Manar tea tapi siliwangi anu mana anu ngawangsit teh, naha wangsitna kitu, ari siliwangi teh aya sabaraha, naha makamna aya dimana-mana? Bedul? isin ah ngabahas ieu mah, keun bae da parawargi oge tos pada terang Badigul ayana dina diri urang > da anu di Rancamaya mah tos lengit dangiang tos camal Badigul jeung Bedugul, sami? upama sareng bedegul... he 33X (naha kedah 33 kali, kumaha upami ka langkungan) Anu bulak balik dekok mah "sair" perkakas paranti ngala lauk ari keur marak di walungan. papat lima pancer, sedulur papat lima pancer, eta mah ti Jawa diurang mah Dulur Opat Lima Pancer (DOLP), eta pangalaman pertama uin' basa manggihan sunda nepi ka stess ampir saminggu teu ka pagawean, asana mah taun 2001-an, lamun dilacak mah aya geura dina arsip milis kisunda, komo dina arsip milis urangsunda mah aya attachementna gambar tapak uin. Oge tahun 2005 kungsi diposting deui dina jejer A4 (alam alit alam ageung). Ti mimiti anu 1(Kuring dina Kurungan, anu 3 (Perkakas Hirup), 5 (DOLP tea), 7(Hambalan Hirup) jeung anu 9 (PR urang). Kungkungmanik Rancamaya, istilah anyar keur uin' (Kungkung = kurung, manik = sari/inti/esensi/ poko, ranca = rawa, biasana lega jiga lapangan ngan baseuh pokona anu ngampar (hamparan) sapadan jeung istilah sagara, alam dll, maya = samar), jadi Hiji Dzat anu poko kakurung disagara anu sarwa samar, boa boa anu tunggal tea ieu mah, anu boga lalakon. Kang Oca guguru ka Cirebon nya? tah buktosna "sun daha ingsun... daha lan kadiri..." Panjalu... dudi panjalu, iya betul saya mah pan jalu... lamun wenang mah rek digambar keur ngabuktikeunana. .. Wassalam, dudi_ss . -- Eminx http://www.saatchi-gallery.co.uk/yourgallery/artist_profile//95268.html
